Ngiring bingah.... :)  kang Oman, mugia tiasa ngemban amanah...amien
 
 
----- Original Message -----
Sent: Thursday, January 26, 2006 1:17 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] kang Oman tos Diistrenkeun janten Kabid Lingkungan

Wilujeng kanggo ka mama ManAr (Oman Abdurrahman)....
mugia dina korsi enggal sing raos tumaninah, kalayan langkung seueur kasempetan dina enggoning ngariksa sareng ngaraksa sarakan.
Sakali deui, wilujeng...!!!
 
Pihatur,
ssw
biasa upami lebet ka intitusi/bidang/bagian enggal sok seueur tataeun, seueur garapeun seueur bereskeuneun, mugi-mugi bae ka babakan henteu kaluli-luli..

MRachmat Rawyani [EMAIL PROTECTED]
Nguping wartos sonten kamari, Kang Oman nembe
diistrenkeun janten Kabid anu aya pakaitna sareng
Lingkungan di Direktorat Geologi. Ieu teh institusi
enggal di lingkungan kantor Kang Oman mah. (punten
Kang Oman nami lengkapna kuring kirang paos).
Jigana Kang Oman dina tugas anu enggal ieu teh
sapertos, "bedog asup ka sarangkana". Ari saur pun
bojo mah, Kang Oman kantos damel di Kementrian
Lingkungan Hidup.
Mangga geura guar rarancang anu bade dipidamel di Jawa
barat.

baktos,
mrachmatrawyani






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke