Puguh nuju putus jeung neng Dian teh, gara garana
mah menta dipahugi teu digugu.
Pek lah ku kang Dani teraskeun, abdi rido ha ha.Ke
diwartoskeun hoyong dipahugi
naon tah neng Dian teh.
Hate teh asa manggih congcot ari nek wikenan teh,
komo aya harpitnas mah
asa kagunturan madu, kaurugan menyan bodas. Aya
bakat tuar tiir kitu.
Hoream di batawi wae, rieut ngadenge sora bajay asa
torek, jalan jadi heureut da
aya sakadang baswey katambah hujan teh mani
euweuh bosena, abong keur usum,
hujanna tilu jam banjirna sapopoe,
ngeuyeumbeu, ngahalangan nu lalar liwat
antukna macet, kabeurangan jadi langganan, naek
mobil umum iraha nepina,
naek motor calana kudu diselerekeun, diharudung jas
hujan, aya ku risi,
naek honda jazz, can kabedag meuli jes jesan,
paling paling cianjuran
atawa ketuk tilu jaipongan.
Hayu ah urang lunta nuturkeun indung suku, sugan we
batawi teh rada
ngajulaeut kaluhur, da pangeusina unggal wiken
barirat teuing kamana.
Ngan sok aneh, najan batawi rungseub, sakapeung sok
hareudang
banyeungyang, katambah loba reungit, katambah
pangeusina ge
beuki dieu teh beuki aregois wae, silih sebred
silih dupak, katoel
saeutik muneulik. Tetep we sok aya rasa kasono ka
batawi teh
hayang balik deui, teuing kunaon, disebut aneh da
asa henteu,
disebut henteu da enya rarasaan teh aneh. Nya ceuk
iklan roko mah
Tanya kenapah ?
Mangga ah bade ngalelep heula, mugia kapayun tiasa
mucunghul deui.
SR
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id YAHOO! GROUPS LINKS
|