Kang Yosep, nepangkeun abdi teh Ujang di
Indramayu.Abdi teh gaduh rerencangan urang Oman,aranjeuna damel di Sohar
Refinery (awal januari 06 nembe marulih ti Pertamina Balongan
Indramayu].Bade tumaros, dupi Sohar Refinery teh satu company sareng Oman
polypropylene atanapi henteu? Hatur nuhun sateacanna,salamsejahtera ka sadaya
urang lembur di pangumbaraan!!
Saha namina ? sanes pak Gunarto, baharudin, Hasbi....
Upami teu lepat mah Oman polypropylene di
daerah SOHAR, kirang langkung
2 jam ti Muscat. Upami abdi mah di Muscat na kang.
Di oman nuju usum tiris kaang, mani nyeleksek Kano
tulang yeuuh.hehehe
Segur abdi un kenal di dieu...komo anu di
perminyak lantungan
maah..malahan ke minggu payun, upami cios bade
ngayakeun MIB games
(M'sia, Ind'sia sareng Brunei, sabangsaning maen
bola, volley,
pingpong...jrrd
Hatur nuhun kana pidu'a na......mugiya urang tiasa
di tepangkeun
ke...Insya Alloh.
wassalam
-----Original Message-----
From: urangsunda@yahoogroups.com
[mailto:[EMAIL PROTECTED] On
Behalf Of kang Enduy
Sent: Thursday, January 26, 2006 6:15 PM
To: urangsunda@yahoogroups.com
Subject: RE: [Urang Sunda] ngenalkeun
Nyaeta didieu teh meni asa teu pararuguh, usum
naon nya ari ayeuna,
disebutkeun usum haji, da tos rengse nya? Da ari
usum korma mah engke
ninggang di hawa panas sakira sasih juli atanapi
agustus, geura urang
kolongan anu di abudhabi, siganamah moal geseh lah
ari to madungdengkeun
masalah korma mah. Ah nyaeta atuh kang, nu
puguhmah usum pabeulit weeehh
hehehehe....ari di Oman nuju usum naon ayeuna kang
Yosep?
Ke ke ke.....bade tumaros yeuh kang, teu acan lami
ieu rerencangan abdi
iang
ka Oman, duka di palih mana tah (kumargi naroskeun
oge hehehe). Anjeuna
(3-4
jalmi) damel di petrokimia, malihanmah aranjeuna
ayeuna nuju training di
Saudi, mung hanjakal sanes di Madinah (di
pausahaan dimana abdi ayeuna
nuju
kuli macul tea, sok padahal pabrikna teh sami
pisan antawis anu didieu
sareng anu di Oman)
Ieu mah mamanawian, boh bilih kang Yosep terang ka
ieu pausahaan, namina
Oman polypropylene, sok engke ku abdi diwanohkeun
ka aranjeunna, geuning
pami paamprok di pangumbaraan mah sok enggal
wanoh, seeur rencang, kitu
tah
kang Yosep, sakieu ti abdi...punten bilih babasaan
abdi rada teu
merenah...
Aeh enya, sok di du'a keun ku abdi kang Yosep,
sing tinekanan anu
dipimaksad
nyaeta tiasa ngungkulan paniatan bade
ngalaksanakeun rukun Islam anu ka
lima
tea taun payun, mugia Allah Tabarakan wa Ta'ala
maparinan kesempetan
sareng
kamudahan, amin Allahumma Amin.
Baktos,
Pun Enduy
-----Original Message-----
From: urangsunda@yahoogroups.com
[mailto:[EMAIL PROTECTED] On
Behalf Of Yosep Hania
Sent: 25 January 2006 14:39
To: urangsunda@yahoogroups.com
Subject: RE: [Urang Sunda] ngenalkeun
Bagea kang Enduy....usum naon di madinah??
Hehehehe
Tos lami di dinya kaang?
Tadina mah pas hajian kamari bade kadinya, mung
kaleresan teu dipasihan
cuti ku juragan, janten wae bolaaay deui....insya
Alloh taun payun.
Salam
___________________________________________________________
Yahoo! Messenger - NEW crystal clear PC to PC
calling worldwide with
voicemail http://uk.messenger.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links