mangga linggih di kampung babakan sirna galih alias kusnet thea...
 
abdi ge gaduh baraya putra pun paman/emang di bali, tapi duka dugi danget ayeuna masih keneh damel di daerah bali atanapi henteu,  atuda taya aya kabarna hehe...
 
ngenaan persib sim abdi maca di peer,  diberitakeun aya pemain asing asal Maroko... nyaa mdh2an tiasa nguatkeun maung bandung.. dupi nami pemain asal maroko abdi hilap deui. urang maroko umumna bangsa arab atawa kaseueran urang afrika ari dina maen bal mah tong dicaritakeun deui hehe... maranehanana mah nu aya ngeh kana bola, pastilah aya onjoyna-- tibatan urang urang asia atawa sunda urang babakan hehee...
 
sapertos si mido/ ahmad husam urang mesir kantos jadi pamaen -ujung tombak- Lion di liga perancis...
 
urang maroko ge seuer nu rada manggung dina bola hususna di banua eropa ngan abdi teu terang saha2na... da teu pati teuing resep kana bola teh.. resep ninggal wungkul sareng ngomentaran jang pribadi hehe...
 
ayeuna nuju piala afrika...kaleresan maroko nasibna nuju goreng hehe.. gedengeun keur azmah idariyah= nuju ramijud dina menejmen katut nu sanesna... kumaha weh persib ayeuna.. tapi mereun persib lewih parah haha....
 
maroko eleh tuda nu mingpin kleub ieu karek 20 poean....jadi weh kawon..
 
dina tv lokal maroko atwa tv parabola yen nu kuat teh nyaeta koat dipor- kmh nulisna nyaa../ pantai gading/ sahil aj-arabna,   inggris na teu apal... sundana loba gading teh nunjukkeun tara nyikat gigi da loba gading hahah hehe  heurey euy ...Drogba !! ulah kasinggung.... kuring kataji euy ku maneh da maenna alus..daria , teu kawas si diouf bentang sinegal nu rada olo2 teh.. gaya na kurang ngeh... epes meer, maenna loba...
 
 
teras nu kuat deui teh kamerun , nagara mas eto o nu keur "moyan" di barca

si mas eto ge alus teu belikkan maenna teh..  tara nunggu bola buleud komo deui ari aya bola teureuy buled harepeun gul mah... ulah ditanya...pasti bakal asup...
 
tras Tunis: dibentangan ku si dos santos, aslina mah burujul urang bdg tapi pindah ka brazil tuluy janten warga Tunisia.. bodi atwa cara lumpatna rada beda euy tapi menarik...yaah lumayan lah kleub ieu ge kaabus nu rada "weweug"....dibantu ku lini/ babaturanna nu arab...    kang dede nu di tunis kmh kabarna ki dalang yeuh hehehe..meni taya kabarna hehe..
 
tras mesir.. ieu kleub teh ayeuna keur jadi tuan rumah. nu kamari sigana mah rada deg2an nyangharepan maroko... si mesir kadang logay atawa rada epes meer, daya juangna teu kendat2 komo amun menang dua enol=2-0 jeung lawan...  waah enggeus pasti loba kalakuan/ budi nu garihal...
 
barudak indonesia nu mesir -kaabus paguyuban- jabar panginten ngabobotohan mesir  hehe...
 
 
aya deui nu maenna teh "kawas" persib nu rada lembut. nyaeta nigeria.. kleub ieu ge solid jeung weweug individuna....mangga wilujeung maen kalayan alus.. ke pami alus mah loba nu naksir ku kleub eropa  kadituna mah seuer artos..
 
.....
 
kuring jeung babaturan urang indonesia di maroko atawa mesir ceuk perbandinganna mah kieu: dina masalah maen bal--- bangsa urang nu umur 30- 21 taun lawanna urang maroko/ mesir 15-16-17-20 th.. etage geus kawalahan renghap cape hehe... komo deui amun dilawana nu umurna 20-28 th..  waaah  pasti kababayut...
 
dina bodi bangsa urang leutik teras gaya maenna "palaur" jsb..  ari urang maroko bari awak gede maen bola na alus, eta teh ampir rata2...
 
bangsa urang nu pemaen bola ge bakal bisa, tapi saratna kedah disiplin jsb... kawas si park jisung urang korea nu ayeuna di MU, setan beureum enyaan  hehe..
 
..
mugia pamaen asing asal maroko bisa mawa persib kana "jawara"...
 
dina hal mengbal ge atuh aya ritme jeung budaya bola nu ngenahkeun batur atawa pers.  sakopah kurowiyah atawa bisa diartikeun pami "bobotoh" kedah sopan ulah kawas holigan urang inggri tawa urang turki kitu?....
 
pallebah dieu bobotoh kedah aya nilai nu leuwihna: sopan, tartib, lantip, gede hate, dewasa, satria, jsb.. pan ari kitu mah jadi bahan nu narik oge kangge pers komo deui pami mendunia lantaran "bobotoh" pikangenaheun, sejuk...
 
palebah dieu oge ahlak sunda kudu dicumaentelkeun kana bobotoh, lain nanaon pan ari aya " ahlak" mah kabeh manusa bakal kataji, artina najan prestasi kurang ngamuaskeun tapi "musuh" geus mere simpati... palebah dieu hiji budaya bola bakal nanjeur jeung eksis....
 
abdi yakin nu  di bandung tos terangeun tinggal prakna ke aya prukna: buahna.
 
harti nu kadua pami dikaitkeun sareng pamaen, hartos sakopah kurowiyah teh nyaeta kaahlian nu ngelmu, pikangenaheun, menej, psikologis nu alus, anteub, jsb kaabus pelatih...
 
 
urang sunda pangpangna ulah eleh napas atawa eleh lumpat ku urang malaya atawa tailand, pan diurang ge loba lapang sapertos di cikajang-garut- latihan sing tekun... balik ngarit keur domba buru2 latihan, hudang isuk keneh, dahar sangu sacukupna.. insaalloh bakal tarik lumpatna....
 
 
dina budaya sunda mangga naon cing pangna alus kana awak..pikeun tarik lumpat jeung mawa bola..  hehe..
 
....
 
karasa euy ku urang bola atawa maen bal teh fisik utamana mah, mental ge teu katinggaleun...
 
....
urang bandung !! didieu oge aya babaturan maun bandung, namina usud atlas, maungna atlas, atlas teh hiji  pagunungan anu tuttumbuan ti beh kaler ka kidul, lebah luhurna mah beh kaler -aya saljuan.
 
HAPUNTEN BARAYA abdi ngacapruk.

Yosep Hania <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Ieu teeh sanes Taufik Hidayat pemaen badminton tea ?? hehehehe
Bagea kang taufik, tos lami di bali ?? insya Alloh ke liburan bade ka
Bali ahh...
Nepangkeun abdi yosep, kawit ti Tomo - Sumedang, ayeuna nuju ngagali
keusik di Oman...hehehe
Sok di lajengkeun, sing betah tumaninah di ieu babakan.....

Wassalam
Yosep


-----Original Message-----
From: urangsunda@yahoogroups.com [mailto:[EMAIL PROTECTED] On
Behalf Of Taufik Hidayat
Sent: Thursday, January 26, 2006 4:58 PM
To: urangsunda@yahoogroups.com
Subject: [Urang Sunda] Suda in Bali (Hidup Tahu,sekalipersib tetap
persib)

sampurasaun,punten ka sadaya memeber uragn sunda,
nepangkeun simkuring anggota enggal nu ngiring
ulubiung kana ieu forum, simkuring leinggih di Bali
mun lahir mah di sumedang,

kacida bungahna atuh nembean ngriung di milist anu
tujuanna kanggo nhgamumule budaya sunda, sakantenan
oge punten upamai bahasa sunda abdi rada garihal da
tos 10 tahun di bali rada kapangruhan ku buidaya dieu,

sakali tahu tetap tahu, tapi kanggo klub bola mah
HIDUP PERSIB



__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id

Yahoo! Groups Links









Do you Yahoo!?
With a free 1 GB, there's more in store with Yahoo! Mail.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Reply via email to