tetela leres atuh.....
 
 
sae, ngawengku, luhung, jsb.................
 
mangga atuh urang kokoreh babarengan, eta "elmu" nu lengit teh...
 
mangga urang amalkeun wangsit ieu teh..
 


oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kang Deny, Kang Rudi oge baraya sadaya,
 
Asa aya anu kaliwat eusi wangsit teh, eta bagian anu mimiti pisan. Mangga geura toong di dieu anu kaliwatna, kungsi dimuat: http://www.urang-sunda.or.id/uga_siliwangi.htm  Bagean anu penting diantarana (pamuka): "Saur Prabu Siliwangi ka balad Padjadjaran anu milu mundur dina sateuacana ngahiang".  Ieu kalimah -lamun enya tea mah ieu wangsit bener - kacida pentingna. Sabab wangsit ieu nuduhkeun talatah anjeunna, lain ka putrana wae, tapi ka sakabeh balad pajajaran (anu milu mundur).
 
Saterusna seja milu mairan nyurahan, dibabaran wae handapeun penggelan anu kapilih (DS  Kang Deny --komentarna dina jero kurung); PS cutatan tina Wangsit Prabu Siliwangi; manAR: pamair ti si kuring :
 
 
PS:

Lalakon urang ngan nepi ka poe ieu. Najan dia kabehan ka ngaing pada
satia, tapi ngaing heunteu meunang mawa dia pipilueun, ngilu jadi
balangsak, ngilu rudin bari lapar.
 
manAR
Kaputusan "ngahiyang" anjeunna ngebrehkeun sikepna anu melaan rahayat leutik (anu rudin), ulah nepi ka milu balangsak alatan perang. Perang di dieu, anu kajadian harita, ceuk kuring lain perang keur agama, tapi perang keur kakawasaan. Ngahiyangna Prabu Siliwangi teh "preseden hade ti anjeunna, nyikepan pagedrugna sababaraha kakuatan anu "mengatasnamakan" agama. Singgetna: pluralisme, mun ayeuna mah, dina kaayaan masyarakat can engeuh kana naon sikep anu sakuduna diebrehkeun dina kaayaan kitu (pluralisme agama).
 
PS:
Dia mudu marilih, pikeun hirup kahareupna, supaya engke jagana
jembar senang mugih mukti, bisa ngadegkeun deui Padjadjaran.
Lain Padjadjaran nu kiwari, tapi Padjadjaran anu anyar, nu ngadegna
digeuingkeun ku obah jaman;
 
manAR:
Pajajaran anu rek ngadeg deui teh Pajajaran anu kageuing ku obahna jaman. Lamun can ngadeg (deui), lain jaman anu salah, tapi anu ngajamanana teu engeh, teu narima jaman anu datang salaku panggeuing. Pajajaran bisa diadegkeun deui lamun udaganana mere kasenangan jeung ka-sugihmukti-an ka rahayat/masyarakat sanusantara, jembarna saalam dunya.
 
PS:
Pilih: ngaing moal ngahalang-halang. Sabab pikeun ngaing, heunteu
pantes jadi raja amun somah sakabehna lapar bae jeung balangsak.
 
manAR:
Ieu sikep pamimpin anu sakuduna diturutan ku pamimpin Jabar/Tatar Sunda ayeuna. Nya ieu bagean anu penting lamun tea mah ieu wangsit rek dijadikeun cecekelan: Hiji pamimpin sakuduna ngawalatrakeun karaharjaan ka masyarakatna, jeung nyinglarkeun kalaparan jeung kabalangsakan ti masyarakatna..
 
PS:
Darengekeun:
Nu dek tetep ngilu jeung ngaing, geura misah ka beulah kidul;
 
manAR:
kidul di dieu, ceuk sakaol, Sancang tea. Anu di Sancang ayeuna cenah geus naritis ka US anu rek neruskeun cita-cita: ngaraharjakeun masyarakat.
 
PS:
Anu hayang balik deui ka dayeuh nu ditinggalkeun, geura misah ka
beulah kaler;
 
manAR:
anu ka kaler, baheulana eta golongan anu hayang balik deui ka urut karajaan.
 
PS:
Anu dek kumawula ka nu keur jaya, geura misah ka beulah wetan;
 
manAR:
anu ka beulah wetan anu rek kumawula ka pamimpin anu keur jaya harita.
 
PS:
Anu moal milih ka saha-saha, geura misah ka beulah kulon;
 
manAR:
ceuk cenah, nya golongan ieu anu ngagabung jeung Baduy atawa sabagean nya jadi cikal-bakal Baduy ayeuna.
 
PS:
Darengekeun:
Dia nu di beulah wetan, masing nyararaho : Kajayaan milu jeung dia;
nya turunan dia anu engke bakal marentah ka dulur jeung ka batur.
Tapi masing nyaraho, arinyana bakal kamalinaan. Engke bakal aya
balesna.
 
DS:
(Tah ieu teh maksudna ka urang Jawa meureun anu terus2an
jadi Raja di urang hehehe…)
 
manAR:
lain urang Jawa wae. Urang TS oge aya anu biluk ka pamerantahan, teu nanaon salila teu kamalinaan mah.
 
PS:
Jig geura narindak !
Dia nu di beulah kulon; papay ku dia lacak Ki Santang ! Sabab
engkena turunan dia jadi panggeuing ka dulur jeung ka batur. Ka
batur urut salembur, ka dulur anu nyorang saayunan, ka sakabeh nu
rancage di hatena.
Engke jaga mun tengah peuting, ti gunung Halimun kadenge sora
tutunggulan, tah eta tandana : saturunan dia disambat ku nu dek
kawin di Lebak Cawene. Ulah sina talangke. Sabab talaga bakal bedah;
 
DS:
(Tah ieu mah, anu datangna ti Kiblat alias Kulon nyaeta jelema2 anu
nyarepeng kana agama dina laku lampahna)
 
manAR:
papagon ti PS ieu nuduhkeun kajembaran manahna, demokratis sikepna.
 
PS:
Jig, geura narindak ! Tapi ulah ngalieuk ka tukang !
Dia nu marisah ka beulah kaler; darengekeun: !
Dayeuh ku dia moal kasampak, ngan ukur tegal baladaheun. Turunan
dia, lolobana bakal jadi somah. Mun aya nu jadi pangkat, bakal luhur
di pangkatna, tapi moal boga kakawasaan. Ariyana engke jaga, bakal
kaseundeuhan batur. Loba batur tinu anggang, tapi batur nu sarusah
jeung batur nu nyusahkeun. Sing waspada !
 
DS:
(Maksudna mah urang urang
luar jawa jigana mah, apanan can aya raja ti luar jaw amah salian
jadi wapres)
 
manAR:
Hirup ulah ngalieuk ka tukang (wae) ieu ceuk kuring mah bagean anu penting. "Ngalieuk ka tukang" basa sejen tina hirup anu teu boga visi. Kukituna, kalimah "ulah ngalieuk ka tukang" bisa ihartikeun yen hirup kudu boga visi. Pamimpin teh kudu visioner.
 
PS:
Sakabeh turunan dia ku ngaing bakal dilanglang. Tapi, ngan di waktu
nu perlu. Ngaing bakal datang deui, nulungan nu barutuh, mantuan anu
sarusah, tapi ngan anu hade laku lampahna. Mun ngaing datang moal
kadeuleu, mun ngaing nyarita moal kadenge.
Memang ngaing bakal datang. Tapi ngan ka nu geus rancage hatena,
kanu weruh disemu anu saestu, anu ngarti kana wangi nu sajati jeung
nu surti lanti pikirna, nu hade laku lampahna.
Mun ngaing datang : teu ngarupa teu nyawara, tapi mere ciri ku
wawangi. Ti mimiti poe ieu, Pajajaran leungit ti alam hirup. Leungit
dayeuhna, leungit ngarana. Pajajaran moal ninggalkeun tapak, jaba ti
ngaran pikeun nu mapay. Sabab bukti nu kari, bakal rea nu
marungkir !
 
manAR:
Tah ieu anu disebut kamampuh jelema anu geus nyangking darajat "ngahiyang". Bisa datang nganjang, nepungan ka saha wae, kumaha kahayangna, bari datangna teu mangrupa waruga.
"Anu rancage hate, weruh disemu, ngarti ka na wangi anu sajati" ieu tahapan jelama anu bisa kadatangan ku anjeunna. Rancage hate: jembar, gede hampura, hade paniatanana. Weruh disemu: teu sombong ku pangarti, weruh sadurung winarah, loba elmu, pinter, ma'rifat. Ngarti kana wawangi anu sajati: tauhid.
 
PS:
Tapi, engke jaga bakal aya nu nyoba-nyoba, supaya nu laleungit
kapanggih deui, nya bisa, ngan mapayna kudu make amparan. Tapi anu
marapayna loba nu arieu aing pangpinterna. Mudu aredan heula.
Engke bakal rea nu kapanggih, sabagian-sabagian. Sabab kaburu
dilarang ku nu disebut Raja Panyelang. Aya nu wani ngorehan terus,
teu ngahiding ka panglarang ; ngorehan bari ngalawan, ngalawan bari
seuri, Nya eta budak angon : imahna di birit leuwi, pantona batu
satangtung, kahieuman ku handeuleum, karimbunan ku hanjuang.
Ari ngangonna ?
 
manAR:
Ayeuna geus mimiti, anu laleungit ditareangan deui, digaluar deui, oge narembongan sorangan. Mapay make amparan = sagala rupa neangan teh kudu make alat. Nya ieu aktivitas aranjeunna anu kaasup budak angon teh (atawa sabalikna: anu kitu anu bisa disebut budak angon).
 
PS:
Lain kebo lain embe, lain meong lain banteng, tapi kalakay jeung
tutunggul. Iyana jongjon ngorehan, ngumpulkeun anu kapanggih.
Sabagian disumputkeun, sabab acan wayah ngalakonkeun. Engke mun
wayah jeung mangsana, baris loba anu kabuka jeung rareang marenta
dilalakonkeun. Tapi mudu ngalaman loba lalakon, anggeus nyorang :
undur jaman datang jaman, saban jaman mawa lalakon. Lilana saban
jaman, sarua jeung waktu nu nyukma, ngusumah eujeung nitis, laju
nitis dipinda sukma.
 
manAR:
kalakay = anu kumalayang, silib ti anu teu boga cecekelan, anu geus poho kana sajarahna, anu teu boga pamuntangan, anu geus kapiceun tina kahirupan, rahayat loba anu teu nyaho raratan. Tutunggul = sajarah, tintinggal, bukti-bukti anu nuduhkeun, pituduh, tetengger.
 
PS
Darengekeun !
Nu kiwari ngamusuhan urang, jaradi rajana ngan bakal nepi ka
mangsa : " tanah bugel sisi Cibantaeun dijieun kandang kebo
dongkol." Tah didinya, sanagara bakal jadi sampalan, sampalan kebo barule
 
manAR:
Ieu mimiti datangna pangjajah. Walanda mimitina mah.
 
DS:
(Walanda katut Ingris meureun nya?),
 
PS:
nu diangon ku jalma jangkung nu
tutunjuk d alun-alun. Ti harita, raja-raja dibelenggu.
Kebo bule nyekel bubuntut, turunan urang narik wuluku, ngan narikna
heunteu karasa sabab murah jaman jeung seubeuh hakan. Ti dinya,
wuluku ditumpakan kunyuk; laju turunan urang aya nu lilir. Tapi
lilirna cara nu kara hudang tina ngimpi.
 
manAR:
masih jaman Walanda. Ngebrehkeun kaayaan jaman Walanda, sanajan bangsa urang lir munding anu dipaksa kudu ngawuluku, tapi da teu sangsara-sangsara teuing perkara kadaharan mah. Katomeprnakeun jaman Walanda, sagolongan bangsa urang, nyaeta anu geus ngambeuan bangku sakola atawa anu pangartian sejenna mimiti saladar perluna kamerdekaan. 
 
PS:
Ti nu laleungit, tambah loba nu kapanggih, tambah loba nu manggihna.
Tapi loba nu pahili. Nya kabawa nu lain mudu diala. !
Turunan urang loba anu heunteu engeuh, yen jaman ganti lalakon !
Ti dinya gehger sanagara. Panto nutup di buburak ku nu ngalanteur
pamuka jalan ; tapi jalan nu kasingsal.
Nu tutunjuk nyumput jauh ; alun - alu jadi suwung, kebo bule
kalalabur : laju sampalan nu diranjah monyet !
 
DS:
(para koruptor.
Bangsat nagara anu marake dasi ngaku2 wakil rahayat meureunan
maksudna mah….)
 
manAR:
Ieu jaman Walanda (kebo bule) eleh ku jepang (monyet). Harita bangsa urang loba anu can apal lamun Walanda teh geus eleh ku Jepang.  
 
PS:
Turunan urang ngareunah seuri, tapi seuri heunteu anggeus, sabab
kaburu : warung beak ku monyet, leuit beak ku monyet, kebon beak ku
monyet, sawah beak ku monyet, huma di acak-acak ku monyet, cawene
rareuneuh ku monyet. Sagala-gala diranjah ku monyet. Turunan urang
sieun ku nu niru - niru monyet.
 
DS:
(salian ti para koruptor jigana mah
kaasup jelema2 anu baroga gelar jeung ijasah palsu!)
 
manAR:
Datangna Jepang teh mimitina mah mawa beja pikabungaheun (paminpin Asia Raya) nepi ka sagolongan bangs urang saruka seuri. Tapi, teu lila kitu nateh. Kabehdieunakeun kanyahoan talajak Jepang teu beda ti Walanda, malah tambah-tambah. Siga monyet ngajarah pakaya bangsa Urang, lain wae rajakaya, malah nepi ka cawene oge loba anu dijarah ku ieu monyet teh. 
Anu niru-niru monyet: bangsa urang anu ngamanfaatkeun kakawasaan Jepang.
 
PS:
"Panarat" dicekel ku monyet bari diuk dina bubuntut. Wulukuna
ditarik ku turunan urang keneh. Loba nu paraeh kalaparan.
Ti dinya, turunan urang ngarep-ngarep pelak jagong, sabari
nyanyahoanan maresek caturangga. Heunteu arengeuh, yen jaman geus
ganti deui lalakon.
 
manAR:
Jagong umurna 3 bulan, silib tina jangji Jepang anu cenah moal lila, bangsa urang baris raharja asal daek dipakieuh ku inyana. Tapi jaman geus ganti deui (Jepang eleh ku Sekutu).
 
PS:
Laju hawar-hawar, ti tungtung sagara kaler ngaguruh ngagulugur,
galudra megarkeun endog. Genjlong saamparan jagat !
 
manAR:
Sagara kaler = lautan Pasifik. Galudra megarkeun endog = kapal Sekutu anu ngaragragkeun bom atom. Dibomna Hiroshima jeung Nagasaki ngagenjlongkeun saamparan jagat.
 
PS:
Ari di urang ?
Rame ku nu mangpring. Prang - pring sabulu - bulu gading. Monyet
ngumpul ting rumpuyuk. Laju ngamuk turunan urang ; ngamukna teu
jeung aturan.
Loba nu paraeh teu boga dosa. Puguh musuh, dijieun batur ; puguh
batur, disebut musuh.
Ngadak-ngadak loba nu pangkat nu marentah cara nu edan. Nu bingung
tambah baringung ; barudak satepak jaradi Bapa. Nu ngaramuk tambah
rosa ; ngamukna teu ngilik bulu. Nu barodas di buburak, nu harideung
disieuh-sieuh. Mani saheng buana urang, sabab nu ngaramuk, heunteu
beda tina tawon, dipalengpeng keuna sayangna.
 
DS:
(Teu jauh tina
kanyataan di nagara urang ayeuna nya?)
 
manAR:
Lain, ceuk kuring mah ieu masih keneh jaman Jepang kaakhirnakeun. Padalisan di luhur ngagambarkeun bangsa jeung kaayaan Urang satutasna Jepang eleh ku Sekutu. Ceuk hiji sepuh: "barudak satepak jaradi bapa" nuduhkeun kaayaan jaman harita, ngora keneh atawa rumaja oge harita bisa jadi pamimpin pasukan perang keur ngabela nagara (revolusi, greliya). 
 
PS:
Sanusa dijieun jagal. Tapi, kaburu aya nu nyapih ; nu nyapihna urang
sabrang.
 
DS:
(maksudna mah, Aceh, Timor jeung Maluku meureunan)
 
manAR:
Sanusa dijieun jagal: bangsa Walanda anu diudag-udag ku Jepang, atawa nagara Indonesia anu karek lahir rek irebut deui ku Walanda (Agresei). Laju aya anu nyapih urang sabrang: PBB tea lain? atawa cikal bakal PBB (pasukan Sekutu) anu nyapih teh?
 
PS:
Laju ngajeug deui raja, asalna jalma biasa. Tapi memang titisan
raja. Titisan raja baheula jeung biangna hiji putri pulau dewata. Da
puguh titisan raja ; raja anyar hese apes ku rogahala !
 
DS:
(Soekarno
jeung Megawati panginten nya!)
 
manAR:
Sukarno di dieu mah. Tah ieu jaman Soekarno bener-bener mimiti kawasa di NKRI satutasna jaman revolusi/agresi.
 
PS:
Ti harita, ganti deui jaman. Ganti jaman ganti lalakon ;
Iraha ?
Heunteu lila, anggeus tembong bulan ti beurang, disusul kaliwatan ku
bentang caang ngagenclang.
 
manAR:
Gerakan mahasiswa taun 60-an. KAMI, KAPI jeung sabangsana, anu diluluguan ku mahasiswa Islam, diantarana (simbolna : bulan jeung bentang tea).
 
PS:
Di urut nagara urang, ngadeg deui karajaan. Karajaan di jeroeun
karajaan jeung rajana lain teureuh Pajajaran.
Laju aya deui raja, tapi raja, raja buta
 
DS: (Gus Dur ieu mah)
 
manAR:
lain, anu ieu mah jaman Suharto. Soeharto disebut nyieun karajaan di jero karajaan sabab sanajan enya urang teh NKRI tapi di jero na mah aya kakuatan/kakawasaan rfeal anu sejen: nyatana ABRI jeung Golkar harita.
 
PS:
nu ngadegkeun lawang teu meunang dibuka, nangtungkeun panto teu beunang
ditutup
 
DS:
(Gus Dur pan muka panto demokrasi anu ayeuna beuki
ngarieutkeun rahayat ku lobana pacengkadan),
 
manAR:
Ceuk kuring, ieu masih jaman Soeharto. Ciri HMS teh diantarana nguar-nguar demokrasi, tapi rahayat teu meunang bebas nyoara atawa beda pamadegan. Anu beda pamadegan ditewak atawa di kurangan kabebasanana, dituduh rek ngarewong stabilitas nagara.
 
PS:  
nyieun paneuran di tengah jalan. Miara heulang dina caringin
 
DS:
(Heulang jigana siloka kana
Amerika, caringin mah teu kedah di sebat pasti aruningalah).
 
manAR: 
"paneuran"? asana dina wangsit PS anu ti kuring mah kalimahna:"nyieun tampian di tengah jalan", hartina, kagiatan pangwangunan (proyek2 jaman HMS) estuning matak pikaeraeun, ngebrehkeun talajaka mak-mek korupsi tea. Padu jadi, asal tembong gebyar, tapi ari kualitasna pangwangunan mah enol atawa kurang pisan. Aya aturan jalan karek dijieun kamari, isukna geus amburadul. Nepi ka ayeuna pola pangwangunan "tampian di tengah jalan" (ngawiwirang sorangan) teh mahabu kenah. Mataholangna: lain profesionalisme anu dikahareupkeun, tapi abs tea.
 
"miara heulang dina caringin", sapuk, kakuatan luar nagreg Amrik mahabu kalawan nangkod dina Golkar tea.
 
PS:
Da raja buta ! Lain buta duruwiksa, tapi buta heunteu neuleu, buaya
eujeung ajag, ucing garong eujeung monyet ngorowotan somah nu susah.
Sakalina aya nu wani ngageuing : nu diporog mah lain satona, tapi
jelema anu ngelingan
Mingkin hareup mingkin hareup, loba buta nu baruta, naritah deui
nyembah berhala.
Laju bubuntut salah nu ngatur, panarat pabeulit dina cacadan ; da nu
ngawulukuna lain jalma tukang tani. Nya karuhan : tarate hepe
sawareh, kembang kapas hapa buahna ; buah pare loba nu asup kana
aseupan …..
Da bonganna, nu ngebonna tukang barohong ; nu tanina ngan wungkul
jangji ; nu palinteur loba teuing, ngan pinterna kabalinger.
 
DS:
(Beas karasa mahal pisan apanan kiwari, loba jelema jiga anu pinter tapi
bodo, leuheung ari bodo alewoh mah. Da ieu mah apanan bodo
katotoloyoh maksa hayang jadi pamingpin nagara)
 
manAR:
Ciri jaman HMS: loba jelema pinter tapi kabalinger, ngurus nagara lain ku ahlina, sagala modal anu dibebeskeun dina pangwangunan meh sakabehna hasilna: hepe (taya hasil), sabab lolobana modal teh asup ka dapur sorangan (haseupan) anu nguar-nguar dirina keur ngawangun bangsa. Anu ngageuing diporog: contona Bang Ali jeung Petisi 50-na. Pamarentahan HMS disilibkeun salaku pamarentahan anu teu neuleu.
 
PS:
Ti dinya datang budak janggotan. Datangna sajamang hideung, bari
nyoren kaneron butut, ngageuingkeun nu keur sasar, ngelingan ka nu
paroho. Tapi heunteu diwararo !
 
DS:
(Taya deui anu  jarangotan mah para
Kiai anu hirupna sederhana, sanes Kiai anu nitah hidup sederhana
tapi hirup manehna pinuh ku kamewahan)
 
manAR:
Budak janggotan = simbol mahasiswa (oge nyoren kaneron butut = tas kuliah). Apan taun 78-an kungsi aya mahasiswa anu ngageuingkeun HMS.
 
PS: 
Da pinterna kabalinger, harayang meunang sorangan. Arinyana teu
arengeuh, lagit anggeus semu beureum, hasep ngebul tina pirunan.
Boro-boro dek ngawaro, malah budak nu janggotan, ku ariyana di tewak
diasupkeun ka pengberokan.
 
(Dituduh teroris apanan hihihihi)
 
manAR:
Anu ngelingan HMS kalahka dibui (inget kajadian taun 78, oge 5 Agustus jaman Rudini) 
 
PS:
Laju ariyana ngawut-ngawut dapur batur, majarkeun neangan musuh; padahal
ariyana nyiar-nyiar pimusuheun. Sing waspada ! Sabab engke ariyana,
bakal nyaram Pajajaran di dongengkeun. Sabab sarieuneun kanyahoan,
saenyana ariyana anu jadi gara-gara sagala jadi dangdarat.
Buta-buta nu baruta; mingkin hareup mingkin bedegong, ngaleuwihan
kebo bule. Ariyana teu nyaraho, yen harita teh jaman geus asup kana
jaman : Jaman sato. Jaman manusa dikawasaan ku sato!
 
DS:
(Ari di urang tos kieu asana mah nya? Beurit, Bagong, Kancil, Monyet rabul
marentah ieu nagara.  Katingali satona teh, rahayat keur kalaparan
der menta naek gaji, studi banding buntut nalo ka Mesir jst)
 
manAR:
Tah ieu jaman HMS ngawut2 PDIP-Megawati. Jaman HMS ieu disebut jaman sato. PS ngelingan: HMS bakal nyarek Pajajaran didongengkeun, aya buktina? mangga wae uningaan sajarah.
 
PS:
Jayana buta - buta heunteu pati lila; tapi, bongan kacida teuing
nyangsara ka somah, loba somah anu pada ngarep - ngarep caringin
reuntas di alun-alu. Buta bakal jaradi wadal, wadal pamolahna
sorangan.
Iraha mangsana ?
Engke mun geus tembong budak angon !
Ti dinya loba nu ribut; mimiti ti jero dapur, ti dapur laju
salembur, ti lembur jadi sanagara !
Nu barodo jaradi gelo marantuan nu garelut, di kokolotan ku budak
buncireung !
Matakna garelut ?
 
DS:
(Ieu mah jiganan para provokator jeung preman anu
neangan untung tina enteng)
 
manAR:
Kusabab pamarentahan HMS teh teu nolih ka somah (rahayat cacah kuricah, rahayat sacara umum anu hirupna sahandapeun garis kamiskinan), nya lila-lila mah inyana jeung Golkar-na runtag. Laju bangs urang asup ka jaman garelut jeung sasama.
 
PS:
Marebutkeun warisan. Nu hawek hayang panglobana; nu teu hawek hayang
loba; nu boga hak marenta bagianana.
Ngan anu areling caricing. Ariyana mah ngalalajoan. Tapi kaborerang.
Nu garelut laju rareureuh. Laju kakara arengeuh kabeh ge taya nu
meunang bagian. Sabab warisan sakabeh beak, beakna ku nu nyarekel
gadean.
 
manAR:
Sanggeus HMS runtag, bangsa urang parebut rajakaya NKRI, ngan hanjakal, sakabehna geus aya dina leungeun anu boga gadean, nyaeta IMF tea. Kabuktian ayeuna, sagala kawijakan pamarentah loba atawa meh sakabehna anu parehnting kudu nyumponan kahayang IMF jeung balad2na. Nagara urang geus digadekeun ka bangsa sejen.
 
PS:
Buta - buta laju nyarusup, nu garelut jadi kareueung, sarieuneun
ditempuhkeun leungitna nagara. Laju nareangan budak angon, nu
saungna di birit leuwi nu pantona batu satangtung, nu dihateupan ku
handeuleum di tihangan ku hanjuang.
Nareangan budak tumbal, Tapi,
Sejana dek marenta tumbal. Tapi, budak angon enggeus euweuh, enggeus
narindak babarengan jeung budak anu janggotan; geus mariang pindah
ngababakan, parindah ka Lebak Cawene !!
Nu kasampak ngan kari gagak, keur ngelak dina tutunggul.
 
manAR:
Dina mangsa sakabeh bangsa ngarasa kateumbeuhan dosa anu ti heula, laju pada nareangan pamimpin anu sajati (saenyana rek dijadikeun tumbal ieu pamimpin teh salila anu baroga dosa can saladar mah). Ngan, anu diteangan teh milih nyamuni di lebak cawene (tatanan anyar anu can diebrehkeun, tapi keur disiapkeun).
 
"Anu kasampak ngan kari gagak, keur ngelak dina tutunggul": ieu kajadian anu kaalaman ku bangsa urang ti mimiti awal jaman SBY: bancangpakewuh (bencana), utamana bencana alam, anu puncakna tsunami tea. Gagak = manuk anu pakait jeung maot; Tutunggul = jahul. Teuing ketang lamun saenyana aya keneh "gagak ngelak na tutunggul" anu leuwih badag. Na'udzubillahi min dzaalik.
 
PS:
Darengekeun !!
Jaman bakal ganti deui. Tapi engke, amun gunung Gede anggeus bitu di
susul ku tujuh gunung. Genjlong deui sajajagat. Urang Sunda
disasambat, urang Sunda ngahampura. Hade deui sakabehanana. Banguna
ngahiji deui. Mangsa jaya, jaya deui; sabab Ratu anu anyar, Ratu
Adil sajati.
Tapi Ratu saha ? Ti mana asalna eta Ratu ?
Engke oge dia nyaraho. Ayeuna mah, siar ku dia eta budak angon !
Jig, geura narindak !
 
DS:
(Jigana siloka yen urang kudu balik jeung
deukeut jeung para kiai, kade lain kiai selebritis. Anu ngadon
nyingsieunan budak ku filem dina tivi anu dihubung-hubungkeung jeung
agama. Jadi weh, barudak teh sarieuneun ka cai…)
Tapi, ulah ngalieuk katukang !
 
manAR:
Cag heula. Keun engke deui sugan pareng urang guar bab "ratu adil" mah. Ayeuna mah urang tatan-tatan wae sangkan "gagak" teh henteu "ngelak luhur tutunggul" wae. Nyaah teuing manusa.
 
DS:
(Kang Rudi hatur nuhun!)
 
manAR:
Hatur nuhun ka Kang Idrus anu parantos ngadadarkeun eusi Wangsit PS anu sabagenana dipedar di luhur minangka mairan ka Kang Deny sareng Kang Rudi.
 
cag.
baktosna,
manAR
PS : ka milist-milist sanesn, punten ieu sim kuring posting ku reply kana salah sahiji posting di urangsunda@yahoogroups.com

--- In urangsunda@yahoogroups.com, dede mariana <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:
>
> Pamingpin nu sifatna 'jalmi' we
>
>   wass,
>   dmar
>
> MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>   Sigana krisis anu nuju kaalaman ku bangsa urang teh,
> nu pang pokona mah nya paktor utamana mah pamingpin.
> Margi sistim budaya urang mah masih nyoko ka
> paternalistik tea. Siga kamari, para pamuda sulawesi
> nyalonkeun Ilham Habibie sabage pupuhu ICMI.
> Kasangtukangna ceuk kuring mah kusabab putra pa
> Habibie. Conto anu jelas mah, nyaeta Ceu Megawati.
> rahayat pan "mengharap banyak" ka putrana proklamator
> ieu. tapi kanyataanana urang sadaya tos pada aruninga.
>
> Naha pamingpin teh kudu boga "kokocoran" teureuh
> pamingpin atawa bisa dijieun atawa disiapkeun?Enya
> siga sakola STPDN atawa PTIK atawa AKABRI, pan eta teh
> tempat ngagodog para pamingpin. Sok sanajan aya oge
> pamingpin anu lain ti jalur sakola eta. Tapi
> kacindekanana lamun rek jadi pamingpin perlu aya
> persiapan, perlu disiapkeun.
> Siga anu ku kuring ngadenge sorangan ,kumaha pa
> Habibie, bisa jadi siga ayeuna, nya gara-garana teh
> pedah keur waktu kuliah di ITB mirengkeun pidato Bung
> Karno. ti harita sumangetna ngagedur pikeun tolab ilmi
> jang kamaslahatan bangsa.
>
> Tah ayeuna urang sadaya, urang tos sabaraha taun
> ngumpul di milis KUSnet, tos katingali
> hasilna/prestasi jeung sumanget para anggotana kana
> Kasundaan. Tos teu diragukeun deui. Tah ayeuna urang
> kantun milarian pamingpin urang sunda,  anu tiasa
> mingpin 5 - 10 taun kapayun. Tah kumaha ceuk baraya
> sadaya? Pamingpin siga kumaha anu dipiharep?
>
> baktos,
>
> mrachmatrawyani
>
>
>
>
> __________________________________________________
> Do You Yahoo!?
> Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around
> http://mail.yahoo.com
>
>
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
>
>
>
>
> ---------------------------------
>   YAHOO! GROUPS LINKS
>
>
>     Visit your group "urangsunda" on the web.
>
>     To unsubscribe from this group, send an email to:
>  [EMAIL PROTECTED]
>
>     Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of
Service.
>
>
> ---------------------------------
>
>
>
>
>
> Send instant messages to your online friends
http://uk.messenger.yahoo.com
>






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
   http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
   [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
   http://docs.yahoo.com/info/terms/



 



Do you Yahoo!?
With a free 1 GB, there's more in store with Yahoo! Mail.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke