Hanjakalna teh geuning nya da nu caket ka nu tiasa ngadamel regulasi
teh jalmi2 eta keneh ('kapitalis lokal', lain pangusaha wae tapi
politisi nu nganut ideu ieu). Ceuk Abah Petras (1981) mah jelma2 ieu
teh salahsaiji produk tina ide kakap tea. 'Tugas'-na teh nyiapkeun
jalan pikeun kapitalis ageung pikeun asup ka nagara eta, boh ku cara
lemes atawa rada lemes (Aya teu nya hubunganna jeung krisis 97 tur
sabada 1997 loba pausahaan urang nu ngadadak dibeuli ku batur?). 

Janten naha tiasa kitu nu di handap mah langsung ngalobi ka luhur?
Ngalobi mah moal sigana mah, tapi neken tiasa! Tapi kudu babarengan
alias ngahiji, tah di dieu panginten peryogi jelema nu hayeuh
cacarawakan ngabejaan batur, salasaijina ngeunaan gorengna sistem
kapit eta. Ieu teh memang peryogi waktos jeung kawantunan da
kadangkawis ku batur salembur oge sok disebut tukang kukulutus atawa
tukang kutuk gendeng! Padahal jalmi2 siga kieu teh peryogi, 'modal
ideologis'-lah keur nagleungitkeun kalimah: "saha nu bisa nolak?". Beh
dituna mah supaya urang bisa barang beuli bari beunta (make prinsip:
ramah lingkungan-lah; fair trade-lah); tur bisa ngabedakeun mana
kabutuhan mana konsumtifisme (sanes konsumerisme).

Sakedik ngalereskeun, Microsoft didenda lantaran IE sanes di Amrik
(497juta Euro) tapi di Eropah (salahsawios wartosna
http://www.cnn.com/2004/BUSINESS/03/24/microsoft.eu/). Meureun urang
Eropa oge mulai sadar manehna teh keur jadi korban globalisasina Mang
Sam!! hehe.

Baktos
YI

--- In urangsunda@yahoogroups.com, "Waluya" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Komentar sim kuring diselipkeun dina seratan Kang Yudi :
> 
> WALUYA : Leres pisan eta teh perushaan gede modal tiasa maehan
perusahaan  leutik. Tapi kang Yudi, sakali deui urang kudu NYONTO ka
urang kulon kumaha maranehna ngatur supaya ngirangan kajadian jiga
kieu. Di Amerika aya undang undang anti monopoli. Sing saha wae  nu
perusahaanana rek ngawasa pasar, pasti kudu dibeulah/dipecah. Tong
boro perusahaan nu jiga Coca Cola (lawanna anu ageung pepsi Cola),
perushaan nu urusanana keur publik wae jiga perusahan telepon jeung
listrik wae teu meunang dikeukeuweuk ku sorangan. 
> Bill Gate jeung Microsoftna, sabenerna kareueus Amerika, tapi urang
Amerika teu mikeun lamun Bill Gate ngeukeuweuk kauntungan
sosoranganan. Microsoft kantos didenda jutaan dollar gara-gara
Opertaing system  Window aya internet Explorerna da maehan perusahaan
software nu sejen nu nyieun software keur lalayayaran di internet nu
sarua jeung Internet Explorerna Microsoft.
> 
> Di urang? ...............rarasaan teh kabeh  perusahaan gede nu
bogana eta-eta keneh. Lamun teu si "eta" nya si "itu". Ti mimiti
pausahaan nu nyieun mie, sanajan merkna beda-beda tepi ka perusahaan
telekomunikasi. Janten dimana aya kapitalisme teh? rarasaan kuring mah
di dieu, di lembur urang, pangusaha numpuk modal, tepi ka usahana
ngaracabang kamana-kamana, maehan pausahaan leutik. Teu percanten?
mangga we taroskeun kanu usaha leuleutikan ........
> 
> Nolak kapitalisme sanes ku ukur kukulutus, ngabaikot nu teu puguh,
tapi ku regulasi pamarentah jeung taat hukum pangpangna mah. Ngalawan
"icon" wungkul, tungtungna jadi piseurieun. KFC, McD sabenerna mah
geus "dibaikot" ku model kuring mah nu geus umurna rek ngaleuwihan
satengah abad mah. "Image" KFC atawa McD keur kalangan nu geus aya
umuran mah, eta teh kadaharan keur budak leutik jeung ABG !
> 

> WALUYA : Ieu oge satuju. Tapi saha nu bisa nolak? contona tong
jauh-jauh kuring we. Baheula kuring teu pati butuh telepon,  tapi
ayeuna, lamun telepon di imah kuring ngadat, kuring gagancangan
"kukulutus" ka Telkom. Geus aya telepon imah, jebul telepon seluler.
Tadina mah kuring nahan diri, teu make. Tapi da lila-lila mah jadi
perlu, da unggal kawawuhan nanya nomer HPna sabaraha. Indung barudak
oge hayang, ngarah gampang "dihubungi" cenah, meuli deui. Budak nu
sakola, sakolana rada jauh, melang, ngarah gampang komunikasi, bisi
aya naon-naon, meuli deui. Nu babantu di imah, kabita, ngarenghik
hayang dipangmeulikeun HP, hayang gaya ari lebaran balik ka lemburna.
Jadi ..........di kulawarga kuring ayeuna aya alat komunikasi 5 siki!.
Kulantaran kuring perlu email, salian keur ngobrol di Kusnet, tapi 
oge ku pagawean, kuring langgananan internet ka ISP. Tah nu dilakukeun
ku kuring, pan sabenerna mah ngabeungharkeun kaum "kapitalis" sanes?
da sadayana oge eta produk teh kentel modal gede ti nagara maju!
> 
> Kuring oge sadar sasadar-sadarna, ieu teh dibentuk ku pola
konsumerisme, tapi terus terang kuring teu bisa nolak ku arus ieu,
paling-paling sabisa-bisa nahan diri, kitu oge lamun bisa. Manawi
sugan kang Yudi terang, kumaha tah carana nolak hal nu kararieu?
............nutup diri jiga Korea Utara wae kitu?





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke