Sapuk, sae pami nganggo BCA, ambeh gampil ditransferna nganggo klikbca.com

Wassalaam,
-dian-

On 28/01/06, dudi mulyadi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kang Oman, kang Rachmat, si kuring panuju upami  ngadamel wae no rekening khusus kangge anjeunna. Mangga atas nami sasahana mah nyanggakeun kumaha saena. Insya Allah si kuring bade ngiringan sapulukaneun mah.
Saena  rekening na dina Bank  Mandiri atanapi BCA, supados tiasa dikintun tina ATM timana wae.
Wassalam
 
Dudi Asgar


oman abdurahman < [EMAIL PROTECTED]> wrote:
Baraya, manusa Sunda saalam dunya,
 
Yen mang Ayat (Prof. Dr. Ayatrohaedi) teu damang tur nuju nganjrek dirawat di  RS Cikini (opname) urang sadaya seueur anu tos pada uninga. Anjeunna, guru besar widang kabudayaan, khususna kabudayaan Tatar Sunda, teu nyalahan deui, ngarupakeun salah saurang benteng anu pamiara budaya Sunda. Karya-karya anjeunna dina widangna tos kasaksian keu sadayan, geus teu kudu diguar deui.
 
Patali sareng kaayaan anjeunna danget ieu anu nuju nandangan musibah kasakit dugi ka kudu diopnamena, tos meh ampir sasasih anu parnana (kasakit anu ditatahan ku anjeunna mah tos rada lami), kacida hadena lamun aya kainget arurang ka anjeunna. Hayu urang ngiring ngantebkeun belasungkawa sakaligus ngabeberah ka anu nuju ngarandapan musibah katut ka kulawargana ku cara ngalayat kalayan disarengan ku kenclengan sapulukaneun. Keun engke anu ngadugikeunana mah urang ngawakilkeun ka Kang Rachmat anu caket pisan sacara fisik oge batin ka anjeunna.
 
Kukituna, ngalangkungan ieu posting, luyu jeung babadamian sareng Kang Rachmat via sms, si kuring umajak ka sadayana pikeun ngempelkeun kekencleng (sumbangan mangrupi artos) kanggo anjeunna. Mangga, teu kedah isin-isin pedah tiasana alit, sami saena, anu penting ikhlas, geura lalebetan ieu kencleng. Kanggo teknisna, mangga, kumaha saena. Usul si kuring: aya saena upami Kang Rachmat Rawyani ngadamel nomer rekening khusus kanggo ieu kencleng. Ssumangga diantos saran pamadeganana, anu jelas mugi ieu lengah ulah diengke-engke. 
 
Diantos ka sadayana icikibungna dina ieu kagiatan, etang-etang urang ngiring icikibung dina miara kabudayaan, khususna TS, ku cara maparinan perhatosan ka ahlina. Insya Alloh, kalayan hate anu ikhlas, ieu paniatan baris dugi kana tujuanana. Hatur nuhun kana perhatosanana.
 
baktos,
manAR 
PS : aya saena Kang Rachmat medar sacara singget riwayat hidup anjeunna, kanggo ngalengkepan ieu pangajak.
 


YAHOO! GROUPS LINKS







What are the most popular cars? Find out at Yahoo! Autos

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Reply via email to