Landak téh hartina mamalia cucukan leutik anggota subfamili
Erinaceinae jeung ordo Inséktivora. Aya 15 spésiés landak nu kabagi ka
opat genera, sumebar di Éropah, Asia, Afrika, jeung Selandia Baru. Di
Amérika jeung Australia mah aslina teu aya landak.
Dedegan
Landak gampang pisan dibédakeun ti sato séjén ku ayana cucuk, nu
sabenerna mah bulu ronggaan nu diheurasan ku keratin. Cucukna teu aya
racunan sarta teu gampang dicabut modél porcupine. Aya éta gé ganti
cucuk, nyaéta nalika cucuk "anak" diganti ku cucuk "sawawa" dina umur
sataunan. Ogé nalika setrés atawa gering, cucuk landak téh sok
murudul.
Landak paling deukeut ka gymnure jeung inséktivora lianna, kaasup
cucurut, beurit mondok, jeung solénodon.
Paripolah
Paripolah landak pikeun ngajaga diri ti pamangsa nyaéta ku ngaréngkol
sahingga sakabéh awak katutup ku cucukna. Tapi, matih henteuna mah
gumantung ka jumlah cucukna. Landak padang pasir, pikeun conto, awakna
hampang sarta leuwih ngaheulakeun kabur atawa miheulaan nyerang
pamangsana. Ngaréngkol jadi "bal cucuk" mah jadi jurus pamungkas.
Pamangsa landak gé rupa-rupa, gumantung wewengkonna: landak leuweung
pamangsa utamana bangsa manuk (bueuk) jeung ganggarangan, spésiés nu
leuwih leutik kawas Landak Panjangceuli dimangsa ku careuh, srigala,
jeung cerpelai.
Sakabéh landak sacara umum mah kasebut nokturnal, najan aya sababaraha
spésiés nu bisa kaluar pabeubeurang. Landak saré ampir sapanjang poé
di handapeun rungkun, jukut, kolong batu, atawa na liang dina taneuh.
Kadaharan
Najan kaasup kana kulawarga inséktivora, landak mah méh baé omnivora.
Kadaharanana nyaéta serangga, kéong, bangkong jeung bancét, oray,
endog manuk, bangké, suung, akar jukut, bérri, mélon, jeung samangka.
Baranahan
Gumantung spésiésna, mangsa keureuneuh landak téh 40-58 poé, rata-rata
ngaborojolkeun 3-4 anak (spésiés badag) atawa 5-6 (nu leutik). Spésiés
landak badag di alam hirupna 4-7 taun (cenah mah kungsi kacatet aya nu
nepi ka 16 taun), sedengkeun nu leutik ukur 2-4 taun (4-7 mun na
kandang).
Landak kukut
Spésiés landak nu pang ilaharna dikukut nyaéta hibrid landak
bodasbeuteung atawa landak kukuopat (Atelerix albiventris) jeung
landak Aljazair (A. algirus). Ukuranana leuwih leutik batan landak
Éropah, sahingga kadang sok disebut landak katé Aprika. Spésiés
séjénna nu sok dijadikeun ingon-ingon nyaéta landak panjangceuli Mesir
(Hemiechinus auritus auritus) jeung landak panjangceuli India (H.
collaris). Tilu spésiés ieu leuwih cocog di hawa haneut (luhureun
72°F/22°C) sarta teu ngalaman hibernasi.
Kontrol hama
Landak mangrupakeun salah sahiji bentuk kontrol hama, sapeutingna bisa
ngahakan nepi ka 200 gram serangga. Ku kituna, di Inggris mah geus
ilahar pager-pager buruan téh dibolongan saukuran landak, sahingga
landak bisa asup sarta ngahakanan hama serangga.
Masalahna, serangga kiwari mah loba nu geus ngaakumulasi inséktisida
jero awakna. Najan landak mah kawilang weduk tina rupa-rupa racun,
pestisida nu kakandung dina awak serangga mah bisa parna balukarna,
nepi ka paéhna
Di wewengkon nu ngadatangkeun sarta miara landak, kayaning di Selandia
Anyar jeung kapuloan Skotlandia, landak téh kalah jadi hama. Di
Selandia Anyar, landak téh ngancam populasi spésiés pituin, kayaning
serangga, kéong, sarta manuk nu nyayang na taneuh.
Genera jeung spésiés
Subfamili Erinaceinae (Landak)
* Genus Atelerix (Landak Afrika)
o Landak Opatramo (Atelerix albiventris)
o Landak Afrika Kalér (Atelerix algirus)
o Landak Afrika Kidul (Atelerix frontalis)
o Landak Somali (Atelerix sclateri)
* Genus Erinaceus (Woodland hedgehogs)
o Landak Amur (Erinaceus amurensis)
+ Landak Koréa (Erinaceus amurensis dealbatus)
o Landak Éropah Wétan (Erinaceus concolor)
o Landak Éropah Kulon (Erinaceus europaeus)
* Genus Hemiechinus (Landak Stépa, Landak Padang Pasir)
o Landak Padang Pasir (Hemiechinus aethiopicus)
o Landak Panjangceuli (Hemiechinus auritus)
+ Landak Afgan (Hemiechinus auritus megalotis)
o Landak Panjangceuli India (Hemiechinus collaris)
o Landak Brandt (Hemiechinus hypomelas)
o Landak India (Hemiechinus micropus)
o Landak beuteung botak (Hemiechinus nudiventris)
* Genus Mesechinus (Steppe hedgehogs)
o Landak Daurian (Mesechinus dauuricus)
o Landak Hugh (Mesechinus hughi)
Sumber rujukan
* Hedgehog, Wikipédia édisi basa Inggris per 26 Januari 2006.
Tumbu kaluar
* Landak DMOZ (Ingon-ingon)
* Landak DMOZ (Spésiés)
* Asosiasi Landak Finlandia
* Séntra Landak
* Rujukan ngeunaan landak ti Musium Zoologi Universitas Michigan
* Hedgehog Welfare Society
* Dunya Landak
* Hedgies.com
* Asosiasi Landak Internasional
* Régister Landak Internasional
* NLD Landak ti USENET
Disalin ti "http://su.wikipedia.org/wiki/Landak"
Kategori: Sasatoan
--
sikandar
kumincir.multiply.com
www.urang-sunda.or.id
su.wikipedia.org
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/