Hehehehehe ........apan ngarah "rame" Kang Yudi. Upami "duka" mah 
panginten jadi atosan padungdenganana. Pairan kuring diselipkeun 
dina seratan Kang Yudi.

Kang Yudi Nyerat :
 
> Duh Bah Waluya mah sok handap asor, nyebat duka soteh pedah abdi 
mah tos 
> yakin yen Abah tangtos langkung uninga perkawis teu cocogna Islam 
kana
> kapitalisme jenten teu kedah dipanjangkeun, isin abdina. Teras, 
abdi mah
> nyebatkeun Lenin teh sanes satuju sareng komunisme tapi kaleresan 
we
> sami dina hal kritik kana kapitalisme. Analogi abdi mah kieu, abdi 
moal
> ka wetan tapi bade ka kulon; Lenin oge moal ka wetan tapi bade ka 
kaler
> naha tiasa diartikeun kulon= kaler kumargi abdi sareng Lenin sami-
sami
> henteu ka wetan? :)
> 

WALUYA : Hih .....sanes kuring nyebatkeun Kang Yudi sapagodos sareng 
Komunismeu, ngan panginten cara ningali Kapitalismeu sami 
sareng "kacamata"na Tuan Lenin tapi dina waktos anu beda ampir 100 
taun. Lenin (+ Marx) hirup dijaman kapitalismue anu liberal pisan. 
Patarosanana, naha "kacamata" Tuan Lenin masih relevan dianggo 
kanggo nganalisis "kapitalismeu" jaman ayeuna?


Kang Yudi Nyerat:

> Perkawis seratan nu di forward ti Media Indonesia, pamendak abdi 
mah
> sanes argumen lengkep pikeun nyimpulkeun yen Islam teh pro 
kapitalis.
> Alesan kahiji, eta tulisan mung ngabahas hiji pilar dasar 
kapitalisme,
> nyaeta pasar bebas. Sapertos diposting kamari, kritik nu 
pangkuatna kana
> kapitalis teh sanes wungkul dina tataran teknis sapertos ieu, tapi
> langkung jero kana asumsi2 dasarna. Kaduana, nu dibahas dina 
seratan eta
> teh peran nagara dina ngamakmurkeun rahayatna (tataran makro), 
padahal
> nu dibahas ti kamari pan nembe dina tataran individu nayeta kumaha 
sikep
> urang nyinghareupan kapitalisme. Institusi nagara memang ti kamari 
oge
> teu acan kasabit2. Ku kituna seratan eta teh rada mayunan bahasan 
urang,
> janten asa rada luncat-luncat ieu teh diskusina.
> 

WALUYA : Maksad si kuring forward eta teh, pedah we eusina aya 
kapitalis2 kitu. Dina Artikel eta oge ditunjukkeun kumaha tokoh-
tokoh intelektual Islam di Idnonesia ti kapungkur dugi ka ayeuna 
langkung "caket" kana sosialismeu. Teu aneh saleresna mah, sabab di 
nagara-nagara Timur Tengah oge, faham sosialismeu ieu nu paling 
dipikaresep. Partai Baht, parteyna Saddam Husein, jeung ayeuna nu 
kawasa di Suriah, fahamna faham sosialismeu. Di jaman "perang 
dingin" nagara-nagara Arab langkung caket ka nagara sosialis 
tinimbang ka nagara Kapitalis, jiga ka Uni Soviet.

Tokoh intelektual acan tangtu sami kahayangna jeung balarea. 
Sosialismeu ekstrim jiga komunis malah jadi musuh urang Islam. 
Ajaran Marx "ngaharamkeun agama" salah sahiji alesanana, tapi aya 
oge sisi nu leuwih jero kunaon urang Islam Indonesia ngewaeun pisan 
ka Komunis. Ceuk kuring mah balik deui kana masalah ekonomi bin 
kahirupan. Saperti kantos disebutkeun, urang Islam tradisional 
(tokohna) umumna padagang/sodagar, beunghar, haji jeung taneuhna 
lalega pisan. Hal ieu geus tangtu teu cocog jeung komunis, nu 
nganggap "haram" dina numpuk harta teh. Urang Islam Tradisional 
dianggap "kapitalis" ku urang Komunis mah. Hal ieu nu akhirna 
nyababkeun "akar rumput" Islam Tradisional nu paling sumanget dina 
ngaganyang PKI pasca G30S/PKI.

Ceuk cenah, waktu memeh G30S/PKI, anggota BTI nu anggotana lolobana 
patani miskin atawa buruh tani, loba ngancam kanu baleunghar ieu: 
lamun PKI meunang, tanahna rek dibagikeun. Puguh we atuh 
ngambek,meunang usaha hese cape, malah rek sangeunahna dibagikeun.

Kang Yudi Nyerat:

> Tapi teu nanaon, kumargi tos disuat2 sadaya isme2na, sakantenan we
> atuhlah dirangkum waleranna. 

WALUYA : Ke pamendak si kuring mah dina subyek nu sanes, bilih 
panjang teuing nulisna ...hehehehe. 

Baktos,
WALUYA
  









Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke