Aya sababna kunaon abdi tara mosting ku cara nyulap-nyelipkeun komentarhandapeun komentar nu sanes: ngarah bisa ngajaga alur pikiran kuring.Kaduana ngarah teu ngartikeun kalimah batur kaluar tina konteksna. Ieunu numutkeun abdi kajantenan dina tambihan Bah Willy siga di handap.

Sadaya pamendak abdi (nu dipotong2 ku Bah Willy) didasaran ku hijiideu: kritik kana dampak kapitalisme nu nyababkeun kakayaan numpuk disawatara jelma. Upami dipotong2 siga di handap memang janten kaluartina jejer tur alur pikir abdi.

WALUYA : Kang Yudi muka Lawangan gawe teh pan hartosna muka usaha sanes?

Rada benten, muka lapangan gawe jelma dihayeuhkeun jadi pagawe,lapangan usaha jelma dirangsang jadi pengusaha. Hasilna memang sami, lapangan gawe nambih.  Tapi jumlah pengusaha benten. Sadaya terang naon bentenna janten kuli sareng janten pengusaha. Teu acan deui pengaruhna kana mental usaha (enterpreunership) nu saur Abah diperyogikeun: wanter, daek nanggung risiko jst. Naha urang daek jadi bangsa kuli?

WALUYA : Naon lepatna matenkeun? lamun aya jalma ku kadaeknajeung  kapinteranana, manggihkeun hiji hal anu anyar atawa barangjieunan manehna dipikaresep ku balarea, terus ujug-ujug aya nunganggo/ngamanfaatkeun aran eta, saha nu ngalindungi jalma eta?. Panginten hukum nu direpresentasikeun ku hak paten. Komo soal nasi Udukmah, sabab sarerea oge tiasa ngadamel nasi uduk mah. Nu dipantenkeunsanes nyieun nasi Udukna, tapi aran "Bang Uki"na. Tukang nasi uduk nusanesna, ulah nganggo aran "Bang Uki", kitu wungkul. Jeung ceuk etikaoge henteu pantes sanes, jualan urang di merekan aran nu geus kasohor?

Bahasan abdi dina konteks dipakena hak paten pikeun alat monopoli kusawatara jelma pikeun eksploitasi pasar. Ieu teh sanes diskusi ngeunaan filosofi sareng peryogi atanapi henteuna paten sanes?

WALUYA : Saur saha nu sejen teu kabagian untung? contona KentuckyFC, sueur tukang goreng hayam nu nurutan cara ngagoreng hayam modelKentucky, dibungkus heula ku tarigu nembe digoreng. DIjualandidorong-dorong, aya oge nu wanian, di roda doronganana ditulisan "Kentaki Fred Ciken". Sacara teu langsung, KFC, ngadorong urang dieunurutan dina usaha ieu. Naha KFC bisa ngalarang jalma ngagoreng hayamjiga KFC? teu meunang soteh make merek dagangna.

Perilaku ieu teh timbul ku jelema nu kreatif ku lantaran nurutan,henteu didorong sacara struktural ku kapitalisme sanes? Kaduana, tiasadibandingkeun untung jelema nu dagang gorobag sareng nu gaduh sahamKFC? Masalahna proporsionalitas, ceuk Radhar: filantropime tea.

WALUYA : Hehehehe ....saperti nu ditulis dina posting si kuring nutiheula, aya kitu jalmana nu daekeun kitu, ngalatih batur terusdimodalan sina usaha. Eta mah kawajiban nagara, lain kawajiban Bang Uki!

Mun nagara tos turut campur mekanisme pasar nyampur tos teu jantenkapitalistik deui atuh. Kaduana, pan urang teh nuju diskusi tatarindividu sanes? Peran nagara ke heula sakedap rada benten tataranna.Sanes teu penting, tapi ngarah padungdeng urang rada fokus tur'organized'!

WALUYA : Korupsi masalah hukum jeung niley / etika sanes perkara"kasarakahan". Nu ngahalangan jelema teu korupsi, hukum nu teges jeungniley nu hirup di masyarakat, nu nganggap korupsi teh salah. Satungtunghukum teu teges jeung masyarakat masih ngagung- ngagungkeun kanubeunghar, bari teu nempo kasang tukangna kunaon manehna jadi beunghar,korupsi masih bakal nerekab! 

Kalimah Abah teh kontradiktif : "Korupsi masalah hukum jeung niley /etika sanes perkara "kasarakahan". Naha"kasarakahan" henteu kalebet sanes niley hirup? Posisi abdi jelas:kapitalisme didasaran ku tur ngajurungkeun manusa kana kasarakahan.Jelema sarakah nu taat hukum bakal neangan sagala cara nu legal pikeunngaeksploitasi jelma sejen. Jalma sarakah nu teu taat hukum? Korupsi,kolonialisasi, imperialisasi.

Baktos
Yudi

--- End forwarded message ---


--- In urangsunda@yahoogroups.com, "waluya56" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Tambihan ti si kuring :

Cutat :
>Pamendak abdi: sanes bae urang peryogi jelma nu tiasa muka
> lapangan gawe tapi urang oge peryogi jelma nu tiasa muka lapangan
> usaha,
> sangkan teu aya jelma nu gede sosorangannan nu biasana bakal kawasa
> atawa kumawasa. Ieu peryogi sifat jalmi siga Bang Uki- usaha pikeun
> minuhan kabutuh sanes kahayang alias hirup cekap.

WALUYA : Kang Yudi muka Lawangan gawe teh pan hartosna muka usaha
sanes?

Cutat:

> Salahsawios masalah pangageungna dina logika kapitalisme teh nyeta
> numpukna faktor produksi di hiji jelema. Mun sarakah janten dasar
> ekspansina Bang Uki, Bang Uki bakal matenkeun nasi udukna jadi mun
> aya
> nu rek nyaruaan kudu bayar. Bang Uki oge ngameunangkeun batur make
> ngaranna tapi kudu make fee tetep tiap bulan tur persentase tina
> penjualan. Bang Uki oge bakal nyimpen kauntunganna (duitna) di hiji
> tempat tur manehna menta dibere hasil tetep unggal bulanna, teu
> paduli
> siga kumaha kaayaan dunya (atawa sakalian Bang Uki nyieun usaha
> panyimpenan duit siga kieu?).

WALUYA : Naon lepatna matenkeun? lamun aya jalma ku kadaekna jeung
kapinteranana, manggihkeun hiji hal anu anyar atawa barang jieunan
manehna dipikaresep ku balarea, terus ujug-ujug aya nu
nganggo/ngamanfaatkeun aran eta, saha nu ngalindungi jalma eta?.
Panginten hukum nu direpresentasikeun ku hak paten. Komo soal nasi
Uduk mah, sabab sarerea oge tiasa ngadamel nasi uduk mah. Nu
dipantenkeun sanes nyieun nasi Udukna, tapi aran "Bang Uki"na. Tukang
nasi uduk nu sanesna, ulah nganggo aran "Bang Uki", kitu wungkul.
Jeung ceuk etika oge henteu pantes sanes, jualan urang di merekan
aran nu geus kasohor?

Cutat:

> Leres, ieu bakal muka seuer lowongan damel tapi kapayunna Bang Uki
> bakal
> janten hiji2na jalmi nu bakal ageung lantara Bang Uki wungkul nu
> bakal
> narima bagian tina pasar (kauntungan) nu sejenna ukur bakal narima
> gaji
> nu kudu dibage2 ku loba sabab pagawe mah lobaan (UMR ayeuna sabaraha
> nya?). Hanjakal, jalmi ageung biasana kawasa. Tong hilap ku lantaran
> dasarna Bang Uki janten ageung teh 'sarakah', tong ngaharepkeun
Bang Uki
> jadi jelema bageur (nu teu bageur mah sami nyangsarakeunnana, ek
urang
> Sunda, Batawi, Arab, boh Pakistan).

WALUYA : Saur saha nu sejen teu kabagian untung? contona Kentucky FC,
sueur tukang goreng hayam nu nurutan cara ngagoreng hayam model
Kentucky, dibungkus heula ku tarigu nembe digoreng. DIjualan didorong-
dorong, aya oge nu wanian, di roda doronganana ditulisan " Kentaki
Fred Ciken". Sacara teu langsung, KFC, ngadorong urang dieu nurutan
dina usaha ieu. Naha KFC bisa ngalarang jalma ngagoreng hayam jiga
KFC? teu meunang soteh make merek dagangna.

cutat :

> Naha aya nalar nu ngajarkeun lain? Aya! Bang Uki ngajak batur pikeun
> sarua jadi pengusaha nasi uduk, jadi pasar teu dikekewek ku
sorangan!
> Carana? Nasi udukna teu dipatenkeun, malah Bang Uki
nyieun "Pelatihan
> Pembuatan Nasi Uduk ala Bang Uki" gratis! Atawa Bang Uki nyieun
> franchise tapi teu make sistem fee tapi sistem bagi hasil murni!
Bang
> Uki oge nabung di hiji lembaga intermediary nu tugasna mere bantuan
> modal pikeun jelma loba bisa muka warung anyar (jadi pengusaha)
najan
> leutik. Ieu tempat oge make sistem bagi hasil murni. Antukna,
peluang
> pasar (kauntungan) teh dibabagi ku loba pangusaha. Ku lantaran teu
aya
> nu gede sosorangannan, moal aya nu asa aing kawasa (teu paduli urang
> Sunda, Batawi, Arab, boh Pakistan).
>

WALUYA : Hehehehe ....saperti nu ditulis dina posting si kuring nu
tiheula, aya kitu jalmana nu daekeun kitu, ngalatih batur terus
dimodalan sina usaha. Eta mah kawajiban nagara, lain kawajiban Bang
Uki!


cutat:

> Naon nu ngabentenkeun dua sistem di luhur? Nu kahiji Bang Ukina
sarakah,
> nu kadua Bang Ukina ngarasa cukup. Kaayaan ayeuna henteu nunjukkeun
> nalar nu kadua mustahil tur teu asup akal tapi malah nunjukkeun yen
> 'sarakah' teh masih jadi 'pangeran' urang atawa sabagian gede ti
urang.
> Di urang, lantaran teu bararisa usaha (tapi sarakah tetep aya)
> tungtungna neangan nu gampang: korupsi.

WALUYA : Korupsi masalah hukum jeung niley / etika sanes
perkara "kasarakahan". Nu ngahalangan jelema teu korupsi, hukum nu
teges jeung niley nu hirup di masyarakat, nu nganggap korupsi teh
salah. Satungtung hukum teu teges jeung masyarakat masih ngagung-
ngagungkeun kanu beunghar, bari teu nempo kasang tukangna kunaon
manehna jadi beunghar, korupsi masih bakal nerekab!

>
> Naha nu kadua pamohalan? Ah henteu da urang pan dipasihan kakawasaan
> pikeun milih hayang jiga kumaha urang hirup. Mung leres nu kadua teh
> sesah pisan da peryogi jalmi2 nu salian teu 'sarakah' tapi oge
berehan
> tur jujur! Tapi sanes di dieu intina urang hirup? Diuji ku harta
jeung
> kulawarga.
>
> Baktos
> Yudi


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke