Kuring rada teu ngartos kana seratan Kang Yudi ieu : " Upami nagara 
tos ngadamel aturan nu ngatur atuh henteu nagara kapitalis deui eta 
mah sanes?". Janten upami kitu mah nagara-nagara Eropa Barat sareng 
Amerika oge sanes nagara Kapitalis? . Di Amerika aya undang-undang 
Anti-trust (anti monopoli). Lamun teu salah eta undang-undang geus 
lami, kuring terang kulantaran maca artikel dina Kompas karangan 
Cristianto Wibisono, nu ngritik monopoli konglomerat di urang. Eta 
artikel teh di taun 1980'an. Lamun teu salah nagara urang nembe 
nurutan aya aturan ieu di akhir taun 1990'an. Komo deui di Eropa 
Barat, sigana leuwih heuras, kana praktek "monopoli" teh, sabab 
sabagaian nu kawasa ti partey-partey nu boga faham sosialismeu 
(sanes Komunismeu) atawa Partey Buruh. Janten nu dimaksad nagara 
Kapitalis ku kang Yudi teh, nagara mana?

Kang Yudi, sababaraha kali nyerat perkawis dholim kapitalismeu dina 
ngaeksploitasi jalmi (pekerja/buruh). Sakali deui ieu pamandegan teh 
pamandegan baheula, pamandegan kaum Komunis dina nyalah-nyalahkeun 
kapitalismeu liberal di abad ka 19. Ayeuna? ....hehehe ieu contona: 
sababraha baraya urang di Kusnet didaramelna di industri-industri 
milik kaum kapitalis, aya nu di pausahaan minyak di mancanagara, aya 
nu di industri kapitalis Jepang. Rarasaan mah, ari papendak teh, 
mani garagah, relatif malakmur dibanding kuring mah. Galumbira, 
tingali we obrolanana di Kusnet atawa di gankleboy. Mana kitu ge 
meureun aranjeunna sarugema, teu ngarasa dieksploitasi 
ku "juragan"nana nu duka dimana ayana. Barudak nu kakara lulus ti 
Perguruan tinggi paheula-heula ngalamar teh biasana pausahaan-
pausahaan ieu, sabab gajih jeung jaminana jauh langkung ageung 
tinimbang didamel di pausahaan-pausahaan lokal atawa ....komo jadi 
PNS mah. Janten, .....jigana pamadegan kapitalis mengeksploitasi 
pekerja teh ....ah kedah dikoreksi supados saluyu jeung fakta sarta 
jaman.

Kumargi diskusi urang teh, asalna tina "Kapitalismeu vs Islam?", 
Kuring boga bukti yen urang Islam (individu) oge aya nu kapitalis. 
Urang Arab Saudi nu balaleunghar nyarimpen artosna di Amerika, nu 
digolangkeun ku para profesional di pasar dunya. Kulawarga Laden 
(kulawargana Osama bin laden), sabenerna mah "kapitalis" nu neundeun 
artos di perusahaan2 minyak dunya (Ceuk selentingan beja nu teu 
puguh mah, malah kongsi jeung George Bush nu oge "raja minyak"). 
Kamari aya wartos leutik dina Kompas, ....aya kajadian lucu di Arab 
Saudi, guru-guru loba nu bolos tina ngajar, kulanataran ...ngiluan 
maen saham. Abong nu beunghar, heureuy oge saham, tepi ka poho 
ngajar. Sultan Brunei oge, kaasup urang Islam "Kapitalis". Di urang 
aya hotel mewah ngajegir di Bali, gagaduhan sang Sultan ieu. Tah, 
kumaha ceuk kang Yudi, urang Islam model kieu? 

Kuring satuju kana "pembinaan pribadi". Ngan sanes "pembinaan 
pribadi" anu ngarah kana fatalismeu (bener kitu eta istilah teh, 
maksudna jelema teh akhirna boga sikep narima we,jiga "ah cekap 
sakieu we, teu hayang nu leuwih"). Sabab jadi patulang-tonggong 
jeung slogan urang Kusnet : "Halik Ku Aing". Jeung deuih kuring 
inget kana papatah Jenderal Cina, cenah mah, lamun rek ngelehkeun 
musuh, kudu ngiluan jalan mikir musuh. Kitu deui lamun urang teu 
resep kapitalismeu nu dibawa urang kulon, cara ngalawanna urang ge 
kudu .... ngiluan jadi kapitalis ...hehehe atawa paling henteu 
pikiranana. Eta papatah Jendral Cina teh jigana mah dipraktekkeun ku 
urang Cina jeung bangsa-bangsa nu kapangaruhan ku kultur Cina, siga 
Jepang jeung Korea. Tingali we dina lapangan maen bal dimana-mana, 
disakuliah dunya, reuteum ku iklan produksi "kapitalis" Jepang atawa 
Korea.

Perkawis Kangjeng Nabi, teu dipiwarang ngadamel nagara waktos awal-
awalna ( ari akhirna dipiwarang ngadamel nagara kitu?)....ah kuring 
mah teu terang, sanes akhlina, mangga we nyanggakeun kanu terang ...


Baktos

WALUYA

(moal motong-motong deui seratan kang Yudi ....)



--- In urangsunda@yahoogroups.com, "Yudi Irmawan" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Bahasan urang ngeunaan Bang Uki teh dina level manusa sosorangan
> (individu nyaeta kumaha urang salaku individu nyikepan isme2 nu 
murudul
> ka uteuk urang). Dupi seratan di handapa mah tos ngajleng ka tatar 
nu
> sanes: nagara alias hubungan antar individu alias ceuk jelema 
pinter mah
> level makro. (janten as putar-puter ieu teh hehe)
> 
> Upami nitenan seratan Abah: "Manawi, kumargi sifat dasarna jelema 
teh
> "sarakah", kedah aya nu ngatur, nyaeta nagara, agama jeung etika
> (moral)..." dibandingkeun seratan Abdi kamari ngeunaan pairan 
kangge
> seratan ti Media Indonesia asana mah henteu benten? Logikana urang
> kapitalis nungtut yen pasar dibuka sabebas-bebasna, bebas ku 
aturan nu
> dongkapna ti nagara. Upami nagara tos ngadamel aturan nu ngatur 
atuh
> henteu nagara kapitalis deui eta mah sanes?
> 
> Seratan ngeunaan Bang Uki teh pamendak abdi kumaha ngalawan akibat
> 'sarakah' dina tataran individu. "Pembinaan pribadi" ieu penting ku
> lantaran ayeuna zaman demokrasi tur konsekuensi tina konsep bebas 
vs
> pahala/dosa (upami urang percaya ka ayana Pangeran). Logikana: mun
> rahayatna parinunjul, pamingpin nu dipilih oge pinunjul, pamingpin
> pamingpin pinunjul insya Allah nagara makmur. Tapi, sapertos 
seratan2
> kamari, 'jihad' struktural oge peryogi. Urang kedah gabung janten 
grup
> nu neken pamarentah supaya cueut ka balarea, ulah ka nu gaduh 
modal tur
> nu ageung-ageung wungkul. Dua 'jihad' ieu - ngajak jelema supaya 
jadi
> jelema pinunjul tur secara 'terorganisasi' merangan kadoliman
> kapitalisme- kedah aya dua-duana, janten kawajiban urang tur kedah
> saling lengkepan.
> 
> Janten abdi mah teu percanten mun disebatkeun yen "Ulah ngarepkeun
> individu jelemana, sabab sakali deui eta mah ukur utopia, atawa
> "menunggu Godot" nu teu datang-datang...". Patarosan abdi simpel, 
di
> awal-awal lungsurna wahyu naha Nabi Muhammad di diparentah ngadamel
> nagara?
> 
> Baktos,
> Y







Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke