Naha abdi teh teu panuju kana kapitalis teh ku lantaran abdi anti Barat kitu?
Wah tong lepat da kritik kana kapitalis pangheulana disorakeun ku urang Barat
keneh. Malah seuseueurna mah urang barat nu ngritik kapitalisme teh. Janten
abdi justru nu bingung kunaon Abah nyamikeun kapitalisme vs Islam sareng Barat
vs Wetan ku nyanyandak conto urang Arab, bin Laden sagala? Pan ti kamari tos
jelas sanes yen jelma sarakah mah bade Arab, Pakistan, atanapi Sunda sami wae.
Nu dilawan teh ide jeung konsepna, sanes jelmana. Ku alesan ieu, numutkeun
abdi mah patarosan nagara mana nu kapitalistik tos teu relevan deui.
Mung kaleresan kapitalisme teh lahirna tur disebarkeunna ku urang kulon.
Janten we imperialisme budaya (kulon) nu dipake ku sawatara jelma pikeun
tujuan ekonomi teh kedah kasabit2. Istilah cultural imperialisme nyalira
sanes ti nu ngewa ka barat tapi tos janten teori nu mapan dina ilmu sosial.
Mangga di-google, salasawiosna di dieu.
Kaduana, logika padungdeng urang teh logika normatif atanapi positif? Urang
teh nuju madungdengkeun kapitalisme dina tataran konsepna atanapi dina
prakna? Upami bade nyebatkeun yen kapitalisme teh teu ngadoliman padamel teras
nyandak conto aya saratus-sajuta-tilu juta jalmi, atuh candak we sadaya warga
Eropa tur Amerika janten conto? Tapi ulah hilap abdi oge tiasa nyebatkeun
kasus sabalikna: Kumaha Marsinah? Kumaha ayeuna UMR urang? Teras tong hilap 3
milyar jalmi di dunia ayeuna aya di handapeun garis karugian (numutkeun
definisi World Bank, hirup ku artos kirang ti 2$ sadinten); Balik deui ka
conto klasik abdi naha enya Irak diserbu lain ku lantaran ayana sawatara jelma
(baca kapitalis) nu hayang ngawasaan faktor produksi (minyak)? Eta teh fakta
sanes? Tina fakta ieu wae tos seueur kritik kana kapitalisme.
Patarosan abdi, bade di palih mana ieu teh diskusi urang teh? Ari abdi mah
ti kamari ge tos jelas, kritik kapitalisme nu dipaparkeun teh aya dina
tataran normatif nyaeta kritik kana desainna: rasionalistik teuing tur
mukakeun teuing peluang eksploitasi jelma. Upami misalna bade di tataran
positif/praktis alias paseueueur conto mending ulah dipanjangkeun deui diskusi
urang teh da simpulan abdi tos jelas atuh: kapitalisme nya sae pikeun nu
disenangkeun ku kapitalis, goreng pikeun ka nu teu disangsarakeun ku
kapitalis. Peun, kitu sanes?
Katilu, perkawis fatalistik. Sanes teu kenging leuwih, tapi mikirna
ditambihan, ulah ngan hayang leuwih wungkul. Kahiji, leuwih teh teu
dihartikeun dunya wungkul da sanajan nyieun amal sosial ge dianggap "dagang
jeung Pangeran nu moal rugi". Kadua, ulah hayang leuwih wungkul tapi carana
neangan leuwih oge kudu diperhatikeun. Katilu ulah hayang leuwih wungkul tapi
ngabeakkeunna kumaha. (Mun dibalikkeun: "Yeuh ayeuna mah kaayaan teh siga
kieu, tingali urang kulon pan malakmur. Jadi geus we we lah urang tarima cara
hirupna, teu kudu neangan nu leuwih hade. Ieu fatalistik henteu nya? :D)
Pribadi2 siga di luhur nu perjuangkeun di awal periode Islam. Sabada geus
loba, tur disaluyukeun jeung perluna institusi struktural pikeun ngajaga
supaya jelma2 siga kieu (tur mun bisa leuwih loba), jleg we nagara teh dijieun
taun 622 Masehi. Nagara pangheulana dina sajarah manusa nu didirikeun ku
kontrak sosial (konstitusi) nu namina Madina Charter. Naha ieu teh nagara
Islam? Mangga baca naskah lengkepna di dieu.
Baktos
Yudi
NB: Ulah ngambek atuh Bah (moal motong-motong deui seratan kang Yudi
....)>> His, teu kedah pundung atuh Bah, motong mah teu nanaon, asal pass
motongna hehehe
--- In [email protected], "waluya56" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Kuring rada teu ngartos kana seratan Kang Yudi ieu : " Upami nagara
> tos ngadamel aturan nu ngatur atuh henteu nagara kapitalis deui eta
> mah sanes?". Janten upami kitu mah nagara-nagara Eropa Barat sareng
> Amerika oge sanes nagara Kapitalis? . Di Amerika aya undang-undang
> Anti-trust (anti monopoli). Lamun teu salah eta undang-undang geus
> lami, kuring terang kulantaran maca artikel dina Kompas karangan
> Cristianto Wibisono, nu ngritik monopoli konglomerat di urang. Eta
> artikel teh di taun 1980'an. Lamun teu salah nagara urang nembe
> nurutan aya aturan ieu di akhir taun 1990'an. Komo deui di Eropa
> Barat, sigana leuwih heuras, kana praktek "monopoli" teh, sabab
> sabagaian nu kawasa ti partey-partey nu boga faham sosialismeu
> (sanes Komunismeu) atawa Partey Buruh. Janten nu dimaksad nagara
> Kapitalis ku kang Yudi teh, nagara mana?
>
> Kang Yudi, sababaraha kali nyerat perkawis dholim kapitalismeu dina
> ngaeksploitasi jalmi (pekerja/buruh). Sakali deui ieu pamandegan teh
> pamandegan baheula, pamandegan kaum Komunis dina nyalah-nyalahkeun
> kapitalismeu liberal di abad ka 19. Ayeuna? ....hehehe ieu contona:
> sababraha baraya urang di Kusnet didaramelna di industri-industri
> milik kaum kapitalis, aya nu di pausahaan minyak di mancanagara, aya
> nu di industri kapitalis Jepang. Rarasaan mah, ari papendak teh,
> mani garagah, relatif malakmur dibanding kuring mah. Galumbira,
> tingali we obrolanana di Kusnet atawa di gankleboy. Mana kitu ge
> meureun aranjeunna sarugema, teu ngarasa dieksploitasi
> ku "juragan"nana nu duka dimana ayana. Barudak nu kakara lulus ti
> Perguruan tinggi paheula-heula ngalamar teh biasana pausahaan-
> pausahaan ieu, sabab gajih jeung jaminana jauh langkung ageung
> tinimbang didamel di pausahaan-pausahaan lokal atawa ....komo jadi
> PNS mah. Janten, .....jigana pamadegan kapitalis mengeksploitasi
> pekerja teh ....ah kedah dikoreksi supados saluyu jeung fakta sarta
> jaman.
>
> Kumargi diskusi urang teh, asalna tina "Kapitalismeu vs Islam?",
> Kuring boga bukti yen urang Islam (individu) oge aya nu kapitalis.
> Urang Arab Saudi nu balaleunghar nyarimpen artosna di Amerika, nu
> digolangkeun ku para profesional di pasar dunya. Kulawarga Laden
> (kulawargana Osama bin laden), sabenerna mah "kapitalis" nu neundeun
> artos di perusahaan2 minyak dunya (Ceuk selentingan beja nu teu
> puguh mah, malah kongsi jeung George Bush nu oge "raja minyak").
> Kamari aya wartos leutik dina Kompas, ....aya kajadian lucu di Arab
> Saudi, guru-guru loba nu bolos tina ngajar, kulanataran ...ngiluan
> maen saham. Abong nu beunghar, heureuy oge saham, tepi ka poho
> ngajar. Sultan Brunei oge, kaasup urang Islam "Kapitalis". Di urang
> aya hotel mewah ngajegir di Bali, gagaduhan sang Sultan ieu. Tah,
> kumaha ceuk kang Yudi, urang Islam model kieu?
>
> Kuring satuju kana "pembinaan pribadi". Ngan sanes "pembinaan
> pribadi" anu ngarah kana fatalismeu (bener kitu eta istilah teh,
> maksudna jelema teh akhirna boga sikep narima we,jiga "ah cekap
> sakieu we, teu hayang nu leuwih"). Sabab jadi patulang-tonggong
> jeung slogan urang Kusnet : "Halik Ku Aing". Jeung deuih kuring
> inget kana papatah Jenderal Cina, cenah mah, lamun rek ngelehkeun
> musuh, kudu ngiluan jalan mikir musuh. Kitu deui lamun urang teu
> resep kapitalismeu nu dibawa urang kulon, cara ngalawanna urang ge
> kudu .... ngiluan jadi kapitalis ...hehehe atawa paling henteu
> pikiranana. Eta papatah Jendral Cina teh jigana mah dipraktekkeun ku
> urang Cina jeung bangsa-bangsa nu kapangaruhan ku kultur Cina, siga
> Jepang jeung Korea. Tingali we dina lapangan maen bal dimana-mana,
> disakuliah dunya, reuteum ku iklan produksi "kapitalis" Jepang atawa
> Korea.
>
> Perkawis Kangjeng Nabi, teu dipiwarang ngadamel nagara waktos awal-
> awalna ( ari akhirna dipiwarang ngadamel nagara kitu?)....ah kuring
> mah teu terang, sanes akhlina, mangga we nyanggakeun kanu terang ...
>
>
> Baktos
>
> WALUYA
>
> (moal motong-motong deui seratan kang Yudi ....)
>
>
>
> --- In [email protected], "Yudi Irmawan" <adesae@> wrote:
> >
> > Bahasan urang ngeunaan Bang Uki teh dina level manusa sosorangan
> > (individu nyaeta kumaha urang salaku individu nyikepan isme2 nu
> murudul
> > ka uteuk urang). Dupi seratan di handapa mah tos ngajleng ka tatar
> nu
> > sanes: nagara alias hubungan antar individu alias ceuk jelema
> pinter mah
> > level makro. (janten as putar-puter ieu teh hehe)
> >
> > Upami nitenan seratan Abah: "Manawi, kumargi sifat dasarna jelema
> teh
> > "sarakah", kedah aya nu ngatur, nyaeta nagara, agama jeung etika
> > (moral)..." dibandingkeun seratan Abdi kamari ngeunaan pairan
> kangge
> > seratan ti Media Indonesia asana mah henteu benten? Logikana urang
> > kapitalis nungtut yen pasar dibuka sabebas-bebasna, bebas ku
> aturan nu
> > dongkapna ti nagara. Upami nagara tos ngadamel aturan nu ngatur
> atuh
> > henteu nagara kapitalis deui eta mah sanes?
> >
> > Seratan ngeunaan Bang Uki teh pamendak abdi kumaha ngalawan akibat
> > 'sarakah' dina tataran individu. "Pembinaan pribadi" ieu penting ku
> > lantaran ayeuna zaman demokrasi tur konsekuensi tina konsep bebas
> vs
> > pahala/dosa (upami urang percaya ka ayana Pangeran). Logikana: mun
> > rahayatna parinunjul, pamingpin nu dipilih oge pinunjul, pamingpin
> > pamingpin pinunjul insya Allah nagara makmur. Tapi, sapertos
> seratan2
> > kamari, 'jihad' struktural oge peryogi. Urang kedah gabung janten
> grup
> > nu neken pamarentah supaya cueut ka balarea, ulah ka nu gaduh
> modal tur
> > nu ageung-ageung wungkul. Dua 'jihad' ieu - ngajak jelema supaya
> jadi
> > jelema pinunjul tur secara 'terorganisasi' merangan kadoliman
> > kapitalisme- kedah aya dua-duana, janten kawajiban urang tur kedah
> > saling lengkepan.
> >
> > Janten abdi mah teu percanten mun disebatkeun yen "Ulah ngarepkeun
> > individu jelemana, sabab sakali deui eta mah ukur utopia, atawa
> > "menunggu Godot" nu teu datang-datang...". Patarosan abdi simpel,
> di
> > awal-awal lungsurna wahyu naha Nabi Muhammad di diparentah ngadamel
> > nagara?
> >
> > Baktos,
> > Y
>
--
>> yudi irmawan <<
[EMAIL PROTECTED]; [EMAIL PROTECTED]; [EMAIL PROTECTED]
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com
[Non-text portions of this message have been removed]
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/