Assalamualaikum Warohmatullohi Wabarokatuh.. Baraya Kusnet sadaya, Acara Kopdar rutin Kusnet anu diayakeun dina dinten Minggu, ping 5 Februari ti tabuh 10.00 enjing dugi ka tabuh 14.00 siang, di bumina Teh Imas, Alhamdulillah parantos kalaksana kalayan teu aya rintangan naon-naon.
Anu sumping dina ieu acara : ---------------------------------------------------- - Kang Tirta + putrana - Kang Irpan - Kang Kamal + Istrina + putrana - Teh Imas - Teh Mia - Teh Tatat + rencangna - Abdi, Ndoell tea Kagiatan / Acara : ------------------------------------------------------------ Ngabahas perkawis Panitia HBH Kusnet, oge garapan-garapan Kusnet kapayun anu hasilna diantawisna : - Panitia HBH 2005 resmi dibubarkeun - Rencana riungan sasih payun kanggo ngabentuk Panitia HBH 2006 - Sababaraha usulan anu sipatna mangrupikeun wacana keur persiapan HBH 2006 anu samentawis bade disawalakeun secara terbatas. - Bade icalan kaos deui keur ngeusian kencleng operasional Kusnet Hatur nuhun ka Teh Imas sakulwargi anu parantos hut-het nyayogikeun tempat anu sakitu merenahna, oge katuangan anu sakitu raosna. Hatur nuhun ka anu parantos ngersakeun sumping, hatur nuhun oge anu parantos nelpon, ngintun imel, sms, sareng ngintun salam merhatoskeun ieu acara; Hatur nuhun oge kanu teu sumping, mugi-mugi engke mah tiasa sumping dina acara sarupaning kokopdaran; Manawi sakitu pedarana kagiatan kempelan teh, kanggo salengkepna manawi tiasa ditambihan kunu sanes. Hatur nuhun kana sagala perhatosanana. Wassalamu'alaikum Warrohmatullohi wabarokatuh -Ndoell- tukang wawar Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/