Aya patarosan sakedik, manawi aya bongbolonganana: Ari numutkeun iman Islam, nu 
tos ngantunkeun (maot) naha masih kaci keneh barang penta ka nu maha kawasa? 
Jiga manjatkeun do'a misalna. Sanes ari tos maot mah, kantun ngala hasilna, 
kana naon rupa nu kungsi dilakonan di dunya. Jiga dina katerangan, yen amal 
ibadah manusa teh putus nalika nyawa tos nagntunkeun jasadna, kajaba tilu 
perkara (putra nu soleh, ilmu nu mangpaat, amal jariyah).

Salian ti eta, naha aya katerangana yen roh nu tos aya di alam kalanggengan 
masih keneh "boga karsa", sarta "caket ka anu Nyiptakeunana, sareng makbul 
do'ana".

Cing nyuhunkeun bongbolonganana.

Hatur Nuhun,
MH

oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:    Si kuring mah percaya kana dua 
pamadegan di luhur teh. Anu ngaping ti alam arwah, bisa wae ku modus do'a ka 
anu Maha Kawasa (maksudna: hakekatna anu
 ngahukuman teh tetep Pangeran Anu Maha Kawasa, Anu Maha Taliti Balitunganana). 
Sabab, mungguh dina Islam oge kapercayaan tradisional, anu maot teh ukur jasad, 
ari roh mah tetep hirup jeung sarua boga karsa. Sedeng, ari roh-roh manusa anu 
geus kumereb (caket ka anu Nyiptakeunana, eta makbul
 do'ana). Dina Al Qur'an ditetelakeun, silih tulungan antara sasama manusa anu 
ariman teh eta henteu kawatesan nalika di alam dunya wae. Do'a antara manusa 
anu ariman teh tiasa ti antara aranjeunna nalika duanana jjarumeneng
 keneh di alam dunya, tiasa ti anu masih hirup di dunya ka anu tos ngantunkeun; 
tiasa oge ti anu tos ngantunkeun ka anu masih hirup di dunya.
 Dangiang Sunda......teu mungguhan ti antara karuhun-karuhun Sunda anu tos teu 
aya dikieuna teh aya anu kalintang caketna ka Pangeran, dugi ka sagala do'ana 
tiasa dikabulkeun. Diantarana: nyanggakeun ka Pangeran kaadilan pikeun jelema 
anu geus ngahina masyarakat Sunda jeung budayana.



=====
Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]
                        
---------------------------------
 Yahoo! Mail - Helps protect you from nasty viruses.

[Non-text portions of this message have been removed]



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Reply via email to