Seueur anu shalat tapi teu kersa nyampurnakeun agamana. Seueur anu ngangken Islam tapi teu nyepeng pageuh kana katentuan dina Islam, nyaeta Qur'an sareng hadits. Sim kuring kantos maos dina Al Qur'an yen upami Islam, atanapi Allah sareng rasulna dianggo heureuy maka urang kudu nebihan tina kumpulan nepi maranehna eureun kana heureuyna anu teu uni eta. Janten sanes kedah dicabok, di demo teras di duruk imahna. Da teu dicontokeun sareng teu diparentahkeun kitu peta teh.
> kuring angger bingung, pernah maca ceunah naha umat muslim demo wakto aya > gambar nu ngajejeleh kangjeng nabi??? naha teu malikeun deui ku nu kararitu > tapi kalahka daremo???? naha teu saruana ngaluarkeun sarupaning satire2 ka > agama2 maranehna nu nyieun eta gambar??? Males hinaan kana agama ku hinaan teh sami teu kenging dina Al Quran margi manehna moal jadi eureun tina ngahinana tapi bakal males ku hinaan ku nu leuwih gede. Sakedahna mah sakum urang Islam mah ulah ngadewakeun kana HAM sareng Demokrasi teh da eta mah seueur bertentangan sareng hukum Islam, mangga urang guar sakedik, HAM teh pan hak azasi manusia, moal aya hak upami kawajiban teu dilaksanakaeun. ayeuna Kewajiban Azasi Manusa teh naon wae, naha teu aya catetan na. Upami urang ninggali kana sejarah munculna HAM (buka di www.wikipedia.org). Bakal katinggal ku urang yen HAM teh teu tiasa dijantenkeun alesan pikeun Amerika nyerang Irak ku sabab Irak nindes ka rahayatna sorangan. Saur sim kuring mah anu pangheulana jeung pang lobana ngalanggar HAM di dunya ieu teh justru bangsa anu ngagagas jeung merjuangkeun HAM. Bilih teu percanten mah tong nongton berita ti CNN wae atuh, mangga nongton oge Al Jazeera. Tong ngabela headline kompas upami teu maca Sabili. Ieu nembe saimbang, nembe urang tiasa masihan opini anu saimbang. Demokrasi : Asalna tina kecap Demos dan Kratos nu hartosna kakuatan aya di rakyat. Salah sahiji slogan anu rada sering kakuping dina bahasan demokrasi nyaeta, "Suara rakyat suara Tuhan". Ieu dina Islam henteu sareng moal tiasa katampi dugi katungtung jaman oge. Lamun Rakyat ngalegalisasi Judi, atanapi pornografi (conto : ngabebaskeun beredarna Playboy), tetep Allah mah teu ngidinan kana lengkah eta. Upami sakabeh umat manusa --ka asup umat Islam --ngidinan oge, Allah mah tetep moal ngidinan, da Allah mah tetep Tuhan bari sakabeh umat manusa jadi kafir oge. Sistem Demokrasi teh tos ngahasilkeun pamingpin-pamingpin anu nyaah ka rahayatna tapi teu ngajalankeun parentah ti Gusti Pangeran. Jadi weh aturan agama teh di lalanggar anu nyababkeun nagara-nagara di bere rupa-rupa bencana ti Gusti nu Maha Suci. Maka na urang Islam mah teu kedah sesah-sesah nyieun hukum da sagala na oge geus diatur dina Qur'an jeung hadits. Ayeuna saha nu diuntungkeun kana kajadian kaributan ku ayana karikatur eta ? Tangtu nagara-nagara anu lolobana non muslim eta. Manehna geus manggih alesan pikeun nyerang nagara muslim. Dina Qur'an oge pan disebutkeun yen Nasrani sareng Yahudi mah moal eureun nepi ka umat Islam ngilu kana lengkah (agama) manehna. Sim kuring wungkul kitu anu merhatoskeun yen Dunia teh beuki panas jeung leuwih loba kaributan saprek si George W. Bush di istrenkeun jadi Presiden ? Mangga urang Islam geura buka deui Qur'an na jeung saluyukeun laku lampah urang jeung Hadits. Ulah langsung percaya pedah ustadz ieu ngomong kieu, kyai ieu ngadalil kitu. Mangga pedar deui Islam teh ka jero-jero na ku urang sorangan. Jeung urang sampurnakeun Islam teh sapertos ka ayaan Rasulullah nuju jumeneng keneh. Akhirul kecap hapunten posting na atos panjang teuing, nu leresna ti Allah sareng kagungan Allah anu lepatna murni ti sim kuring, jalmi anu seueur kalepatanna. pun Ari. Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/