Ngalengkepan komentar Mj jeung Mh, mangga Kang, gugulung wae eusi buku
sajarah seratan Kang Saleh Danasasmita (sakumaha anu diiberkeun ku Mh atawa
Kang Yosep Iskandar sakumaha info ti Mj), sok sanajan sumber atawa rujukan
eta 2 buku (nyatana, utamana Naskah Wangsakerta) masih "debatable" di
rengrengan sajarawan (kaasup sajarawan Sunda).

Keur kuring pribadi, eusi eta dua buku geus ngaguluyur mamaparinan
tangtungan sajarah Sunda. Tinimbang euweuh pisan cekelen mah, aya hadena
eusi buku anu aya dicangking heula nepi ka apal cangkem, sakurang-kurangna
rarangkay badag kronologis sajarah Sunda teh katalar (nyaeta, diantarana
bisi di perjalanan aya seler sejen batur diuk ngajak tukeran nyarotakeun
sajarah bangsana sewang-sewangan). Pikeun hal eta, eusi ieu dua rujukan
kadua (sanggeus rujukan kahiji mangrupa prasasti jeung naskah-naskah, kaasup
Naskah Wangsakerta anu masih dipaseakeun kaaslianana).

Ongkoh deui, sajarah bangsa-bangsa seler sejen anu ayeuna ku urang geus
dianggap "ngilmiah" jeung "ngakademis" oge boa-boa baheulana mah (keur
mimiti mucunghulna) pinuh ku papaseaan ngeunaan kaaslian datana
atawa.....kacampuran hal-hal anu sifatna imajinasi anu nulisna. Sajarah
tea--ceuk pamadegan ahli anu akhir ayeuna---gumantung kumaha anu nulisna.
Sajarah urang taya lian ti tafsiran historis kaayaan urang ceuk urang.

baktos,
manAR
On 2/10/06, mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Hehehe, ieu mah infona we nya. Aya buku nu ngabahas sajarah heubeul Tatar
> Sunda teh, pesen geura ka Kang Oman atanapi ka Ua Sas, aya opat jilid
> aripis, ieu judulna:
>
> Drs. Saleh Danasasmita, Yosep Iskandar, jeng Enoch Atmadibrata, "Rintisan
> Penelusuran Masa Silam, Sejarah Jawa Barat," Pemda Jabar, 1983.
>
> Dina eta buku dibahas sakakala urang Sunda, ti mimiti jaman Aki Titem. Ieu
> buku teh tos asup "daftar tunggu", kanggo didigitalkeun. Ngan kuringna keur
> kedul. Hampura we.
>
> Salian ti eta kanggo Kang Ono Taryono sareng Kang Reddy Aprianto, kanggo
> nyumponan kahanaang pikeun noong sajarah Pasundan, langkung sae upama salira
> ulubiung dina garapan transkripsi kalawarta "Pusaka Sunda". Dina ieu
> kalawarta mangkuk guaran ngeunaan kasundaan, kayaning basa, sastra, budaya,
> kaasup sajarah Sunda. Mangga diantos di dieu:
> [EMAIL PROTECTED]
> (mh)
>
> indung peuting <[EMAIL PROTECTED]> wrote:     Sami sim kuring ge teu
> patos terang, cing atuh geura guar mangga kang Oman, kang MJ, kang Mh, kang
> Gunawan, kang Kumincir, Kang Waluya, kang yani... aranjeuna tangtos terang,
> mangga diantos..!
>
>   ipeut
>
>
>
>
> =====
> Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
> [Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]
>
> ---------------------------------
> Brings words and photos together (easily) with
> PhotoMail  - it's free and works with Yahoo! Mail.
>
> [Non-text portions of this message have been removed]
>
>
>
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>
>
>


[Non-text portions of this message have been removed]



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Reply via email to