Kanggo kang Darma anu ngageugeuh darmaraja, leres pisan barudak ayeuna (uing ge kaasup), langkung apal ka budaya anu ceuk pangrasana langkung gaul. Cobi we dina lalaguan, ari ngahaleuangkeun lagu "jujur" (radja) meni norolang, tapi giliran lagu kinanti balakbak belekbek. Ngaguar perkawis Muharaman aya nu nyebat oge Mukaraman, nyaeta mieling atanapi ngabageakeun taun anyar mun dijawa mah panginten disebat mieling 1 syuro. Dina prakprakanana, salian duduum ka para karuhun oge sukuran ka Gusti Alloh rehna tos ditepungkeun deui sareng taun anyar kalayan munajat ka manten-Na supados dina mayunan taun anyar eta aya dina ginanjaran sareng kaberekahan. Biasana dina mangsana hajat sagala bebetian atanapi sadaya hasil tatanen sok diayakeun. Atuh dina malemanana sok diayakeun ngabungbang, nu disebat ngabungbang teh teu kulem sawengi jeput kalayan ngajugjug, paling sakedik tujuh mata cai, diunggal tampian atanapi mata cai kedah ngabaseuhan waruga sukur sukur dugikeun ka ibak. Ieu teh mangrupikeun siloka nyucikeun waruga/badan tina hal hal anu sipatna awon.
Hajat Oar. Aya oge kabiaasan sepuh kapungkur anu ayeuna tos punah, nyaeta hajat oar. Hajat oar teh mangrupikeun hajat sukuran sakanten munajat ka Pangeran Nu Murbeng Alam, rehna pangeusi lembur supados dijagi tina bala'i atanapi tina bancang pakewuh. Biasana hajatna sok diayakeun di jalan ngolecer disisi lembur, sagala sasajen diwadahan ku tampah buleud/tampir buleud, atuh sabada lekasan, eta sasajen teh, utamina kupat sareng jujukutan (hilap deui namina) sok dipasangkeun diluhureun panto payun ditiap tiap bumi, eta teh saurna kanggo ngajagi, tina marabahaya, sapertos, lini,longsor, sareng sajabina. Wallahualam! SR ( keur surius euy !) ----- Original Message ----- From: "kuncen kasep" <[EMAIL PROTECTED]> To: <[email protected]> Sent: Thursday, February 16, 2006 12:40 AM Subject: Re: [Urang Sunda] HAJAT MUKARAMAN ngabungbang, jigana barudak ayeuna di lembur geus teu nyaho deui istilah eta. Keru kuring leutik sok resep lamun pas waktuna mukaraman di sok dilaksanakeun waktu tanggal 14 muharam keur caang bulan 14, anu biasana sok diayakeun Rupina Kang Sam Ridwansyah ----> langkung Apal mangga Kang Sam Bahas Eta Mukaraman atanapi anu sok disebat Ngabungbang. Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

