ari bajing ngagugulung kalapa eta mah da kadaharanna...
   
  bajing jaman ayeuna mah ngagugulung mekdonal....
   
  ari bajing masih keneh mulya batan jalma jaman modern ayeuna, teu dicalana ge 
da bajing....makana amun teu dicalanaan atawa teu diacingan leuwih alus da 
fitrahna geus kitu...
   
  bajing mun dipaksa dicalanaan nyaa bakal ngegel kana leungun....
   
  orok manusa ngahaja tileuletik di bunian lantaran tiriseun jeung agama atawa 
budaya marentah kitu...
   
  nu ngabedakeun manusa sareng sasatoan teh lancingan sareng acuk...
   
  manusa di indonesia ayeuna keur ngagugulung batok kalapa nu geus garing euweh 
kalapaan komo cai dewegana mah..naon nu di maksud batok kalapa teh? enya eta 
dulur2na liberalisme nu ngajirim dina sagala widang. teu percanteun? manga 
emutan weh ari gaduh lelembutan mh....
   
  ..ieu teh curhat ka cak2 bodas bari nanyana heuras: cak2 goblog kunaon maneh 
teu dicalana?... nanya kieu berarti nu nanyana gelo, maenya nanyana kasar 
kitu.. cak2 ti jaman dinosaurus ge nyeta teu teu dicalana...sumawonna maung, 
uncal, jarapah, lauk, larer jsb..
   
  aya oge tatangkalan dibajuan, eta oge ameh aman bungbuahanna teu aya nu 
maling.. beh dieunakeun baju tatangkalan nu berproduksi alus dibajuan atawa 
dipager, enya eta meh aman tinu maling...
   
  ayeuna manusa nu dimulyakeun ku PAnggeran ngahaja geus dipitrahkeun sareng 
diparentahkeun kedah buni. pan adam hawa ge ngacleng dina sawarga alatan gara2 
oratna katembong sanes? naha urang nu saetik pangarti teh teu sieun ku 
panggeran?..
   
   
  dina ayat sanes Alloh nguningakeun "prak ku anjeun jadikeun perhiasan/ 
anggean nu hade nutup orat....."..
   
   tah ayeuna di diri manusa boh pameget komo istri mah, aya "buah" atawa 
kahormatan nu kacida gedena. mun urang langgar eta kahormatan atuh urang bakal 
hina: bisa jadi mangrupa bentrokan antar kampung lantaran istri, hate 
dibutakeun jsb.
   
  buah atawa kahormatan eta teh ngahaja di bunian meh aman dinu maling. ari nu 
maling pan, moal noan sundana nya .....--    moal maling kajaba aya barang alus 
geus ditenjo samemehna jeungna nu maling ngaranna ge nu sok puak-paok nya 
nendeun kasempetanna heula sahingga mun aman engke "aksi" dijalankan.....
   
  pandangan pertama kuat, lila2 pami soca ningali mah atuh sistem kerja atawa 
parentah otak teh aya nu ngageser, sistem parentah otak aya nu kedah 
"dicomponan"  tah didieu BAHAYANA teh !!!!!!!!!!!!!!!!!....ieu lain dalil 
agama, dalil empirik !  keun agama mah alungkeun jauh2, da urangna euweh 
kasieun ku nu Kawasa.
   
  agama mah kangge nu gaduh akal jeung hate nu suci saha bae jalmana: tuh pan 
gening kacaritakeun elmuwan barat  lebet gama islam lantaran teu piplilueun 
tapi alatan ahte jeung otakna nu waras....
   
  masyaraka ayeuna "diajak" ku globalisasi sangkan teu waras, oge euedeuk 
musuhan nilai2 lokal....tinggal weh.
   
  ...
   
  angakatan baheula samodel dangdut teu loba nu mrotes lantaran aksina teu 
kabina2, ari ayeuna aksina ngaliwatan bahkan ngarempak nilai nini buitna...
   
  teu sadar yen generasi kadieunakeun geus "ngaleuwihan" dina muka aurat..
  abdi ninggal na tv via internet, nu jade bentang tamu di sctv nyaeta vokalis 
di dewa, tras artis dangdut, tras ust urang garut,  nya kitu taya....kata 
sapakat..
   
  baraya..hapunteun...cai tos ngagolak abdi bade ibak...jumaahan..
  hapunteun pisan..
  

tantan hermansah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
  emhh ari Si Emang.
Mani ngagebay, daekan. hehe.
Tapi hebat ketang...

baktos
tantan

On 2/16/06, mj wrote:
>
>
>
> Si kuring mah teu pati hariwang ku ayana beja rek terbitna pb edisi
> indonesia. Ari tadina mah teu hariwang teh sugan we pb teh dina enyana
> terbit make versi indonesia. Siga MacD nu di nagarana mah euweuh sangu,
> jadi aya sangu. Make cara kitu, gambar2 dina pb oge meureun siga dina
> majalah nu ayeuna geus aya-hartina kaci. Siga di majalah Matra, FHM, jeung
> sajabana. Apal FHM soteh aya nu ngabejaan, novel Rakkaustarina meunang
> bentang tilu cenah di majalah eta. Sihoreng majalah cap pakaian jero.
> cilaka. tapi jadi era sorangan, da dina novel eta memang aya saeutik soal
> taranjang, sanajan konteksna di negri deungeun, finlandia tea. tadina mah
> keur mere conto, masih aya jelema, lalaki, urang dieu nu bisa keneh nahan
> hawa napsu.
>
> Asana ayeuna keur dibahas rame kunu paduli, perkawas RUU Pornografi jeung
> Pornoaksi. sanajan loba oge nu naranya batasanana utamana dina pornoaksi.
> Inul cenah nepi ka dijejeleh ku Haji Oma Irama pedah goyang ngeborna. Oma
> ngarasa dangdut nu ku manehna jeung sonetana digedekeun, dihade-hade, make
> tambahan rock sangkan laku, ayeuna cenah dirusak ku cara Inul nu make
> goyang ngebor. Sanajan Elvie Sukaesih oge osok make gaya peureum beunta
> ari keur nyanyi teh, siga ari keur nyanyi mandi mandu. Make aya, ah…ah…ah.
> Nu cek saliwat mah bisa dihartikeun ka pornoaksi, sabab ah..ah..kitu teh
> –asana- ekspresi keur teuing. Hehe. Pikeun si kuring, asa hese nganggap
> goyang Inul ngebor the porno aksi. Sanajan bajuna heurin. Duka pedah apal
> tina tabloid, Inul kawitna panyanyi dangdut miskin nu ngider ti kampung ka
> kampung di jatim. Dangdut nu kelas rahayat, nu memang unsur hotna paling
> kandel. Inul ceuk cenah mangrupa hiji conto Indonesian Dream: lalakon hiji
> jelema urang indonesia ti susah nepi ka bisa senang. Malah boga imah di
> pondok imah saharga 7m. boro2 si kuring, dalah sigana kelas PhD atawa
> Doktor oge can tangtu.
>
> Pangalaman jeung Kondisi masyarakat: moral geus melar
> Sumpahna ge, soal nu porno2 geus kapanggih si kuring leutik keneh, keur
> sagede sireum keneh pisan malah. Harita smp kitu. Aya babaturan nu teuing
> timana boga buku stensilan beunang Anny Arrow. Aya nu nyebutkeun yen Anny
> Arrow teh guru seks cenah. Aya oge nu nyebut yen Anny oge ngajarkeun
> moral. Pedah eta meureun, ditungtung caritana, pelaku teh sok maranggih
> nasib sial, nepi ka paraehna bari carana teu ilahar, siga katabrak treuk
> jeung sajabana. Mun Bah Willy mendak majalah poron siga pb atau penthouse
> beh dieu, basa kuliah, tos di bdg, si kuring masih keneh smp akhir atawa
> sma. Nya dan jamanna oge beh dieu. Harita mah tangtu we ngan ukur hayang
> nyaho bareng jeung kondisi puber.
>
> Harita teh di lembur, nu boga tv karek dua-tilu imah. Salah salimana, hiji
> aki2 nu beunghar nu kawin deui ka mojang ngora keneh. Duka kumaha mimitina
> mah, babaturan manggih poto2 porno, hideung bodas, cenah mah ti deukeut
> imah eta. Meureun pikeun sarapan si aki sangkan bisa hudang atawa kumaha
> teu ngarti harita mah. Nya meureun pikeun nu geus rarabi, nu baroga
> pasangan halal mah, salaki pamajikan teu mudarat, pieun appetizer, hehe.
> Tapi bahaya oge mun kapanggih ku budak. Salah salima akibatna, nepi ka
> soal kaparawanan-kaperjakaan, perlu teu perlu ngajagana nepi ka kawin,
> jeung sajabana.
>
> Kungsi nyaba ka nagara nu di toko2na dijual majalah porno. Ngan geus
> umuran harita teh. Jadi teu pati hayang nyaho da ongkoh geus kungsi nyaho.
> Jeung deuih karasana asa percuma da keur mangsana jomblo. Asa teu aneh ari
> dilegalkeun mah, beda jeung di nagara urang nu Sabenerna mah (kungsi)
> ngaharamkeun vcd atawa majalah porno. Ongkoh samamehna geus maca heula
> ngeunaan nagara eta. Jadi ma'lum. Nagara2 di kaler mah cenah permisif kana
> urusan seks atawa pornografi. Malah maranehna mah make basana teh erotis,
> erotika. Di kopenhagen, persisna di stroget-wewengkon toko pedestrian-teu
> kaci mobil, malah aya museum erotika sagala. Kungsi asup, da panasaran.
> Hehe. Nya manggih parabot reproduksi jalu nu pangpanjangna sadunya (haha)
> urang afrika.
>
> Urang dinya mah moe karep dina usum panas bari buligir teh biasa, teu
> nanaon. Teu matak heboh. Ciuman antar kabogoh, awewe lalaki atawa lalaki
> jeung lalaki di jalan teu matak heboh. Nya meureun niley budaya nu
> dianutna kitu. Ongkoh geus di baheula mula, maranehna marake bendera
> sekuler tea, dimimitian ti jaman renaisans tea. Agama jeung gereja teu
> payu. Rek kawin resmi atawa kumpul kebo (bahasa resmina mah letterless
> marriage, kawin tanpa surat) kaci jeung diaku ku nagara, ngan ngaran
> kulawarga anak, milu ka indung.
>
> Masyarakat beuki
> Masyarakat di urang oge, utamana nu golongan abangan atawa urban, boga
> adat naon nu dilarang sok kalah diteangan. Siga kasus vcd bandung lautan
> api, nu pamaenna msiswa sipil Itenas, awewena anak Fikom Unpad. Cara
> ngurus kasus ieu oge beda. Itenas mah langsung mecat si AH, ari Unpad mah
> cenah ngan mere skor ka nanda, si enengna. Ayeuna mah ku si kuring sok
> jadi bahan gogonjakan kasus eta teh. Mun unpad gawe bareng jeung unpar,
> hasilna Padyangan atawa P Project: lutju. Mun unpad jeung itenas, vcd..!
>
> Mun nenjo adat masyarakat, harita vcd eta meledak, dibarajak ku tukangna.
> Sigana vcd panglakuna-best seller tea meureun harita teh. Cing harita, aya
> euweuh jelema atawa LSM nu demo ngaduruk eta vcd di jalan? Beda euy, nu
> kieu mah asyik. Hehe. Jauh ti urusan ideologi-siga ayana kasus msiswa
> ngaduruk buku2 ngeunaan Karl Marx bahasa Indonesia. Sakali-kali sok aya
> razia dina tv kana vcd porno di kaki lima oge miras nu digeleng setum
> jeung di duruk. Ari geus kitu karek sadar, nu kararitu teh enya, teu kudu
> aya.
>
> Moral jeung budaya
> Ari moral teh indungna ti agama. Di agama sejen oge ceuk cenah, pornografi
> teu kaci. Pornografi sigana lumpatna kana nayangkeun/ngekpos soal2 porno
> atawa seks pikeun tujuan hiburan bi jeung mang rahi. Ceuk cenah di Candi
> Borokbudjur bahean handap-ayeuna ngahaja dikubur-nembongkeun relif adegan
> seks. Sabenerna bisa jadi niat karuhun urang jawa harita pikeun
> nyaritakeun proses hubungan salaki-pamajikan dina harti proses reproduksi
> manusa. Da dina upacara kawin adat Sunda oge osok aya papatah nu
> disilibkeun atawa simbolik. Malah duka enya duka wadul, aya syair pikeun
> nyawer nu karasana jorang atawa super cawokah.
>
> Budaya urang lembur nu sok marandi di walungan, teu jadi masalah pikeun
> urang dinya. Sabab moral urang dinya nganggap yen eta teh lain soal
> pornoaksi.Barina oge asa teu taranjang marandi teh, make samping. Duka mun
> di walungan nu suni mah.
>
> Beda anggapan
> Di dunya seni ngarang, mun novelis istri nyaritakeun seks dina novelna,
> sok diparuji diaggapna wanian, ngabongkar tabu (pamali) cenah. Ongkoh aya
> anggapan yen masalah seks ngan kaci dibahas ku jalu. Meureun soal tabu nu
> eta, istri tabu nyaritkeun urusan seks. Tapi dianggapna kabeh tabu. Siga
> tabu teh barang pikasebelen nu kudu dibongkar. Padahal teu kabeh kitu
> jeung teu kabeh maksud tabu ngaralang dina harti deet. Ari novelis jalu nu
> nulis eseks2 dianggapna vulgar. ceuk si kuring mah soal seks pamali
> dicaritakeun sabab bisi dipengkolkeun kana hiburan nu engkena bisa
> ngarusak.
>
> UU Pornografi pornoaksi
> mudah2an ieu UU geuwat jadi. sangkan nu harerang pamer bujal jeung
> sajabana bisa euweuh atawa ngurangan drastis kitu deui vcdna.
>
> Loba teuing euy. Geus ah. Niatna mah rek ngahanca nulis novel ieu teh.
>
> mj
>
> http://geocities.com/mangjamal
>
>
>
>
>
>
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>
>
>
>


[Non-text portions of this message have been removed]



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id

Yahoo! Groups Links






  


                
---------------------------------
 
 What are the most popular cars? Find out at Yahoo! Autos 

[Non-text portions of this message have been removed]



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Reply via email to