Tour de Galuh Saptu kamari, kang Soni tukang gim ngajak ka lembur bareng kana mobilna nu anyar tea. Si kuring ngahayukeun bari sasadu keur kutud bin paila, teu bisa papatungan meuli bengsin. Jam 11-an kang Soni ngajemput bareng jeung buntutna nu kadua. Sanggeus liwat Limbangan, mobil eureun di hiji rumah makan liwet. Pedo pisan, sabab saungna sisi balong pamandangan gunung sawah endah pisan. Di jalan meunang sms ti kang Gun, pupuhu redaksi Kompas Bandung, nu nanyakeun/konfirmasi naha enya Mang Ayat Rohaedi pupus? Ngagebeg bari can maca Innalillahi, dan can apal persis. Nga sms ka kang Hawe Setiawan, bari menta ka kang Eko webmaster KUSnet pangnaroskeun ka kang Rachmat Rawyani UI depok. Asa lila, bisi keur teu bogaeun pulsa, nya nelpon we ka kang Hawe. Cek rarasaan manehna kudu geus apal beja paling anyar, sabab kang Ajjip Rosidi tej rakana Mang Ayat- teh pan pamingpin umum Cupumanik, Hawe pamingpin redaksi. Pasti beja tereh nepi. Enya we, kang Hawe ngajawab enya, Mang Ayat pupus tadi siang. Pupusna di Sukabumi. Terus we ngabejaan nu sejen kaasup Kang Gun. Nuhun we ka teh Ika oge urang Jakarta nu ngabejaan ngaliwatan SMS beja rinci pupusna Mang Ayat. Innalillahi wainna ilaihi rojiun.
Nepi ka wewengkon Rajapolah, mobil mengkol ka kenca, ka Panumbangan terus ngaler ka Panjalu. Ka Situ Lengkong heula. Tiket Rp.2.500 saurang. Motoan situ Lengkong jeung baraya Batman oge Robin anu harita ampir sadayana nuju leleson ngagarantung dina tingkal gundul, ngadagoan peuting, sabab Batman jeung Robin (maskudna kalong) mah hirupna peuting. Di tengah situ aya pulo, Nusa Gede ngarana. Sok dipake ziarah da aya makam Sayid Ali lain Ali sahabat Nabi, nu cenah ceuk Gus Dur, boga turunan kyai di Jawa Timur. Di wewengkon Panjalu kungsi aya karajaan Sunda heubeul oge aya makam ulama nu nyebarkeun Islam. Sisi jalan oge rada sisi situ, aya rangak wangunan badag make tihang beton. Calon Masjid Agung cenah. Di sisi situ oge aya pangkalan pikeun parahu nu disewakeun nguriling situ atawa meuntas ka Nusa Gede. Tour diteruskeun ka Kawali, ngaliwatan Lumbung, lembur kang Oman Manar. Ka Astana Gede Kawali tea. Geus rada sore, jam 4-an.kuncen geus euweuh, gerbang ditutup tapi teu digembok. Kang Soni jeung si kuring oge neng Ade asup. Dijero astana gede hieum, geueuman jeung sajabana. Pangling. Baheula mah aya tembok jeung pageur ngurililingan situs batu tulis nuaya aksara Sunda teh. Ayeuan teu aya. Suhunan atawa saung pikeun batu prasasti aya meunang ngaganti. Nguriling di dinya ningalian batu2 prasasti bari motoan. Geus kitu terus ngabiur ka Ciamis. Papisah di kota. Kang Soni ka lemburna di Kertabumi Bojong di wetan si kuring ka Gunungcupu Cikoneng, di kulon. Isukna jangjian panggih di Karang Kamulyan. Jam 9an si kuring geus aya di Karang Kamulyan bari terus asup ka jero. Mayar Rp. 1500.- ngan euweuh pulang, boga sarebu, mere we sarebu. Asup ka situs KK bari motoan prasasti kaasup urut tempat ngadu hayam antara hayam Ciung Wnara jeung hayam Hariang Banga tea.Loba monyet dina tangkal, aya nu turun ka jalan. Matana semu nanya, Cageur, euy? Kamana wae? asa jarang panggih..." hehe. Nguriling nepi ka tungtung, ka sisi walungan Citanduy nu panggih jeung Cimuntur. Dua walungan merger, jadi Citanduy.sigana sabab Citanduy leuwih gede. Ti KK, kang Soni ngajak ka lemburna, aya situs oge di dinya teh, Gunung Susuru jeung makam Prabu Dimuntur bari nganteurkeun buku pikeun pabukon di desana. Kang Soni teh sigana turunan menak. Desana, Kertabumi teh, baheulana ngaran karajaan, sanajan meureun ukuranana leutik mun dibanding Galuh,jeung beh dieu, sajaman jeung Sumedang Larang. Mobil bisa nepi ka gigireum makam Prabu Dimuntur, jalanna ngan ukur batu can make aspal. Mobil terus ngabiur ka Ciamis.ngabaso. teu protes da lapar. Padahal cek si kuring mah,baso teh katuangan istri. Tapi beuki oge, sabab si kuring kawin oge jeung istri, lain jeung tangkal mahoni. Ti dinya, muter deui ka Pa Jaja, meser buku pesenan si ua Sas, sejarah Ciamis. Pa Djadja teh urut kadis kabudayaan Ciamis, nu nulis sababaraha buku ngeunaan sajarah Galuh, Panjalu, Kawali jeung sajabana. Anjeuna oge gaduh grup SGSB, studi grup budaya sunda, grup kasenian. Tiasa pesen bukuna via telepon jeung duitna transfer ka rekening. H. Djadja Sukardja Jl. Panoongan 23 Ciamis , telp. 0265 771127 Rek. BNI Ciamis, No.136.00000.7430.901 kamari buku sajarah ciamis nu kandel jeung dua tilu buku ipis, 150 rebueun. Beres ti Pa Djaja, mobil ngabius ka Tasik, terus ka Singaparna, nganteurkeun buku sakardus kanggo nambihan koleksi Pabukon Singaparna Teh Lies Parish. Ti dinya, balik bandung liwat Garut. Nepi ka bandung sore. Tour de Galuh ieu bisa jadi paket wisata budaya. Bisa disapoekeun. Mun ti Bandung isuk2 mah, bisa balik deui ka Bandung sore/magrib. Tah kanu bade usaha travel wisata, mangga digarap. Sakitu heula mj http://geocities.com/mangjamal Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/