Hehe, muhun ari nj nyiram mah ulah waka ujag-ijig kamana mendi, tp da abdi mah baong, kamari wae ge waktos taun baru islam, diajak ka gunung papandayan sareng kawah kamojang ku teh lilies sareng kang murdi ti caledoni.. tp da teu ngaraos cape..
ayeuna tos 22 minggu langkung, nya kirang langkung bade 6 sasih, tos karaos gugulitikan budakna, teh nia mah teu acan karaos nya?? mun abdi mah muir wae.. tp teu acan katingal istri pamegetna, da tiap diparios ge, teu daek cicing, bari tetejeh deuih... komo basa harita mah keur mencrong we kana monitor.. apaleun mun keur ditingal meureun.. resep geura pm tos usik mah, tp aya oge getekna, komo ayeuna abdi mah sok hoyong ngagaro beuteung, da ateul, cnah ceuk kolot mah keur jadi buuk budakna, ari digaro pan cnah teu kenging, kedah diusap wae ku minyak jaitun.. meh ngkena teu aya tapak gurat2 bodas samodel singkayo.. ke sasih ka opat mulai usik ngawitan, ngawitanna mah ngeleter, jiga jangjang kukupu... asa aneh... hehehe... wilujeng ngararaoskeun... :) ~ipuP~ --- In urangsunda@yahoogroups.com, "Nia Sri Winiarsih" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Amien, Neng pupy,.. > haturnuhun piduana...., kantenan neng, kue mah hoyong..mung angkat2an tebih teh cararape....haturnuhunlah, ke insyaAlloh sanes waktos, hoyong nyobian kue buatan neng pupy. > Neng pupy kumaha ayeuna? tos sabaraha sasih? > > Nia > ( wanoja kusnet baheula teh ayeuna mah...balucitreuk nyaa...kaasup kuring ) Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/