Assalamu'alaikum wr wb. Baraya sadayana anu aya di sakuliah dunya , dulur salembur sim kuring teh aya patarosan manawi sareng manawi aya anu kersa ngabongkar atanapi nga enyakeun leres henteu na sajarah karuhun utang anu hiji ieu " Kian Santang " , ieu masalah na : Kaemutan ku abdi perkawis hiji jawara ieu anu mana saur salah sawios jalmi sepuh dina yuswa sareng ilmu na , saurna kieu,( keun weh teu kedah di pedar saha-saha na mah bilih aya mamala na anu teu di piharep ) , saurna yen jalmi anu sering di tulis dina buku sajarah nyaeta " Kian Santang " teh lepat, ti ngawitan buku sajarah anu niron tina buku- buku sejen anu terbit sateuacan na tur di pedarkeun deui ku para penulis di sakuliah dunya, dugi ka seu-eur buku-buku sajarah anu ti jaman dugi ka jaman. wireh na nami na teh sanes " Kian Santang " tapi anu leresna mah " Ki Santang " ari alesan anu ringkes na mah anjeuna teh nyangemkeun kieu, dimana aya urang sunda anu pernah make ngaran " Kian " anu aya ge " Ki " nyaeta ngarang salah sahiji "Julukan" ka hiji jalmi anu luhung ku elmu lahir sareng batin na, ari kian tos pada terang yen eta teh tina ngaran cina sapertos, kian bok cheng, kian tekong , kian jo , kian gie , dst, sadengkeun ari jawara anu namina " Ki Santang " tangtos urang sunda, oge naha anu di sebat " Kian Santang " teh aslina china atanapi sunda aya turunan china nya.....? !!!!!!duhhhhh.....bingung....milarian ifo deui ahh.....
Ku hal ieu, manawi aya baraya anu tiasa ngabuktoskeun anu sa yakin-yakin na kanggo nambihan kanyaho sim kuring anu nuju di ajar ngemut-ngemut sajarah, supados sim kuring teu ka bobodo, sareng yakin anu mana anu leres, rupina langkung sae upami di tilik na ku ahli kabatinan , anu mana di urang mah gening osok aya anu tiasa nyarios sareng karuhun, tah kumaha upami di taros weh langsung ku kabatinan ka arwah anjeuna saha nami anu aslina teh, ,,,,,( ceuk sim kuring anu bodo ) . Ka sadayana baraya , hapunten bilih sim kuring lepat , da ieu mah mung kasauran salah sawios jalmi anu ku sim kuring di percanten dina cariosan nana, margi ku kaluhuran elmu lahir sareng batin na, anu salawasna nyumput buni dinu caang ti ngawitan anjeuna di ajar sajarah ti SMP dugi ka gaduh incu, buyut dugi ka bao, hanjakal anjeuna parantos almarhum, seug upami aya keneh mah ku abdi di sedek dugi ka abdi ngartos sareng yakin 100% upami leres tea mah, sareng deuih hanjakal na waktos ajeuna nerangkeun kitu teh sim kuring na bubudakeun keneh tur nuju teu resep kana sajarah, janten hare-hare bae, meni hanjakal pisan , dasar kaduhung mah tara tiheula, jadi weh sim kuring poekeun kamana milarian sumber anu pasti, manawi aya para wargi anu tiasa ngabantos sim kuring, hatur nuhun sateuacan na. Wassalamu'alaikum wr wb S M Natapradja [Non-text portions of this message have been removed] Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/