On 2/28/06, Emod Morales <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>
>   Tah salila hirup di Bandung teh, bahasa jeung logat kuring teh sok loba
> nu ngece ku urang Bandung teh, bahasa kuring teh kasar cenah...!


Sing tabah we, Kang.... hehe

  Lamun nyebut kejo, paeh, teoh, girang, landeuh, lebak jsb sok
> diseungseurikeun, komo mun ngomongna hareupeun budak letik mah, sigana teh
> TABU.


Teu aneh atuh, diseungseurikeun ku nu teu nyaho mah... Hampuraeun, Kang...
Maphum bae, beda adat beda kabiasaan, meureun...

  Atuh, geus meunang elmu pangaweruh di Bandung, ayeuna teh geus menang (
> gawe, gadag, damel, pakasaban = teuing ah lieur ) di Jakarta.


Tuh, geuning di Jakarta. Salila di Jakarta, asa jarang pisan kuring manggih
sawah, piraku boa Kang Emod gawe ngawuluku...

  Ari imah mah di Bandung, Bandung-Jakarat geus siga jalan ka cai, tah kitu
> cenah hirup kuring teh nyered ka Kulon.


Bet sanasib, geuning... Ampir unggal jumaah sore kuring balik ka Jatinangor,
ka Jakarta deui senen isuk2. Ah ketang, minggu ieu mah rek dipajukeun balik
teh, isukan aya gaweeun di Bandung.

Mangga dilajeng, Kang Emod. Hampura bisi kekecapan kuring kamari nyigeung
rarasaan anjeun. Kuring ti Garut, di dieu kabeneran gawe
freelance(heuheu...) jadi kuncen #5.

jk


[Non-text portions of this message have been removed]



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke