Mama ManAR nu dipihormat,

Hatur nuhun kangge pangrojongna (meni Angeung Raraosan hehe). Mung
abdi mah nilik ka diri pribadi, ngarampa kabisa sorangan nu teu tiasa
nanaon, nu moal cekap modal kangge langsung frontal sareng aranjeunna
mah. Hanas abdi ge masih keneh kedah soson2 mupusti sumanget diajar.

Atuh kaduana, abdi mah rada hoream langsung debat jeung aranjeunna.
Tina pangalaman abdi (ayeuna abdi ngiringan keneh milis islam_liberal
sareng apakabar), benten pamendak sareng aranjeunna teh tos aya dina
tataran nu dasar pisan nyaeta kayakinan dina kumaha cara milarian mana
nu bener. 

Abdi mah teu percanten metode2 sagemblengna ngagunakeun akal
sagemblengna (diset deui ka "nol") pikeun urang salaku muslim dina
ningali mana nu bener mana nu lepat. Pikeun abdi, aya hal-hal nu
memang pamohalan kahontal ku akal. Pikeun hal-hal ieu, gunana akal teh
kedahna mah mung ukur ngajelaskeun, sanes ngungkit2 bener henteuna.
Contona, tauhid nu teu meryogikeun deui panafsiran. Upami tos benten
dina metode/cara reasoning siga kieu atuh cape2 oge moal aya hasilna
alias debat kusir jantenna.  

Jenten pikeun abdi mah asana teh mending sasarengan sareng nu rada2
caket kayakinnanna, sugan we sareng dugi ka  nu dijugjug. Atuh upami
misalna aya sakedik ti abdi nu kaangge janten bongbolong pikeun
nyaangan nu poekkeun (keneh) ngarah henteu sasab atanapi disasabkeun,
eta mah estuning tos kasaean ti Nu Di Luhur. 

Baktos
Yudi

--- In urangsunda@yahoogroups.com, "oman abdurahman" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Kang Yudi,
> 
> Mangga lebet wae atuh ka milist wanita-muslimah hoyong langsung
> tepang/diskusi sareng dr. Kartono mah. Namung, ulah kaget, milist
eta mah kasebatna wae kitu, lebetna mah liberal (pisan). Saur
moderatorna, ngajaga kabebasan berekpresi, HAM sareng dulur-dulurna.
> 
> manAR





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke