Hehe henteu kasigeung mah Bah. 
Pedah kaleresan we ti kamari Abah posting perkawis poligami lah,
perkawis sahwat lah ... Padahal mah meureun nu kitu mah aya di saha
wae, lain di urang Arab wungkul. Upami misalna aya topik diskusieun nu
munel mah mangga sugan we aya sasieureun sabeunyeureun tina pangalaman
abdi jeung urang Arab nu henteu salawasna sae. 

Sareng kaleresan pisan kamari ngadamel posting ngeunaan dongeng ieu
yeuh (ka nu kantos maca, punten ngaduakalian):

Kapungkur zaman Dinasti Abasid, di Baghdad aya ulama nu katelah ku
elmuna nu luhung. Hiji waktos tatangga eta ulama hariweuweus manggihan
manehan bari pok: "Akang-akang, bieu kuring ngadenge carita ngeunaan
batur Akang, si anu tea!"

"Heup keheula, samemeh dicaritakeun, Kula aya tilu tanyakeuneun heula.
Mun jawaban ilaing nyugemakeun, karek eta carita bejakeun."
"Euleuh maenya rek ngadongeng wae kudu dites heula?"

"Enya euy, aya alusna mun boga dongeng ngeunaan jelma urang saring
heula samemeh dibuja-beja ka batur."
"Sok atuh."

"Yeuh nu kahiji: naha eta beja teh anjeun geus yakin BENER?"
"Alah duka teuing atuh da eta ge ceuk beja. Kuring oge karek bieu
ngadengena" 

"Kutan? wah atuh balai ieu mah. Sok cikan nu kadua sugan lulus: Naha
nu rek dicaritakeun ku anjeun ngeunaan batur dewek teh HADE?"
"Wah sigana mah henteu euy..."

"Kutan deui? jadi anjeun teh rek nyaritakeun kagorengan batur bari
jeung anjeun teu nyahu beja eta bener atawa henteu? Heueh alus ningan.
Sok atuh sugan nu katilu mah nyugemakeun: Naha carita anjeun teh aya
GUNANA pikeun kula?"

"Leuh, teuing euy, tapi sigana mah henteu."

"Kitu nya! Atuh mun beja nu ku anjeun dengen teh can tangtu BENER,
lain beja nu HADE, tur euweuh GUNA keur kuring; keur naon dibejakeun
tur keur naon kuring nyaho?."
*****
Muhammad (SAW) pernah ditanya "Wahai Rasulullah, apa sebenarnya Ghibah
itu?" "Ghibah itu berkata sesuatu tentang saudaramu yang dia tidak
suka." Beliau ditanya lagi "Bagaimana kalau ianya benar?" "Sekiranya
apa yang kau katakan itu benar engkau telah melakukan ghibah dan
sekiranya kabar itu tidak benar maka engkau telah melakukan fitnah".
[HR Muslim, Abu Daud dan At-Tarmizi]

Baktos
Yudi



--- In urangsunda@yahoogroups.com, "waluya56" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Ih .... teu pisan-pisan kulan, da ceuk kuring oge dina millis mah 
> sagala diobrolkeun. Sepi atuh teu aya nu posting mah, jeung teu kedah 
> dianggap serieus teuing. Perkawis urang Arab, nembe kuring ngobrol 
> jeung katurunan Arab, Si Said, pagawe Puslitbang Air, malah 
> dibacakeun postingan kuring. Manehna kalahka nyakakak seuri. Kuring 
> mah geus biasa gaul jeung urang Arab (kuturunan), sabab Almarhum Pun 
> Ua carogena urang Arab nu asalna ti Purwakarta.
> 
> Tah perkawis stigma urang Arab kurang hade, pan kuring ge menta 
> klarifikasi, naha leres henteu. Da perkawis ieu teh geus rahasia 
> umum. Teu kedah disumput-salindungkeun. Hubungan urang Arab jeung 
> Urang Sunda, geus lila, tangtuna oge mucunghul prepektif masing-
> masing, boh ti urang sunda ka urang arab atawa sabalikna. Dina 
> Buku "NGalanglang Kasusatraan Sunda", kenging Pa Ayip Rosyidi, 
> dicarioskeun aya sababaraha novel kenging sastrawan2 sunda, nu 
> nyigeung rada miring ka urang Arab.
> 
> Nya upami teu satuju mah, nya atos we teu kedah didiskusikeun, da 
> maksud kuring ge ukur ngobrol pasosore (waktu Indonesia Kulon). 
> Satadina mah kuring teh hayang ngobrol bebas jiga jeung Pak S atawa 
> jeung si Said, bari seuseurian ......
> 
> Punten pisan, upami postingan kuring perkawis urang Arab, nyigeung 
> kang Yudi.
> 
> Baktos,
> WALUYA   
> 
> 
> --- In urangsunda@yahoogroups.com, "Yudi Irmawan" <adesae@> wrote:
> >
> > Abdi gaduh sababaraha rerencangan urang Arab. Supervisor abdi urang
> > Arab. Abdi tangtos gaduh pamendak ngeunaan urang Arab. Sateuacanna
> > diwartoskeun kumaha maranehna (sieun bisi ngomongkeun/ ghibah), abdi
> > bade tumaros heula. 
> > 
> > Bade dicandak kamana diskusi ieu teh? Asa ti kamari Bah Willy teh
> > bulak2 balik mosting nu ngagogoreng urang Arab. Aya untungna pikeun
> > urang nyarioskeun kagorengan urang Arab?
> > 
> > Baktos
> > Yudi
> >
>







Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke