Ke ke ke sakedap... asa pabaliut keiu ie teh...

Kanggo Kang Amin Mina, kecap Sitti kuabdi disamikeun sareng sebatan
bangsawam teh nunjukkeun hadena hartos eta kecap. Sanes hartosna Sitti
teh memang kecap Bangsawan. Teras eta teh sasauranna rerencangan urang
Arab nu nuju kuliah di dieu. Abdi mah mung neraskeun.

Kanggo Kang Yosep, ieu teh duka postingan abdi nu henteu dibaca
tarapti duka abdi nu lepat ngabasakeun, tapi da raraosan mah teu aya
abdi nyebat yen urang kedah nurutan/nutupan kalakuan urang Arab?
Mangga diaosan deui postingan2 abdi nu kamari2. Contona ieu ti posting
abdi pangenggalna:

"...khutbah ahir nabi. Anjeunna wae nolak ngaleuwihkeun urang Arab ti
salian urang Arab. Keur naon abdi bebeakkan mela mun geus dicaram ku
panutan 

Langkung ti eta, sapertos nu diserat dina posting abdi samemeh ieu,
dasar paling kiat mah ku lantaran abdi yakin kalakuan napelkeun
kagorengan (stigmatisasi) ka batur ku cara  nyakompetadaunkeun
(stereotyping) manusa ku dasar etnik teh kalakuan teu bener, saha wae
bangsana naon bae rasna.

Kulantaran yakin teu bener, asana teh atuh ulah pipilueun urang mah. 
Komo deui urang geus ngarasakeun peurihna distigmatisasi tur
disakompetdaunkeun siga kitu." 

Upami abdi lepat ngabasakeun mangga tunjukkeun palih mana lepatna
atanapi postingan nu mana.

Ke waleran kanggo Bah Willy mah da rada panjang engke we sakedap, bade
ka Kampus heula ieu teh. 

Baktos,
Yudi

--- In urangsunda@yahoogroups.com, "Yosep Hania" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Kanggo kang Yudi : 
> Leres pisan agama urang tehh pusatna ay adi Arab, tur Kangjeng Nabi
oge di gedekeun di Arab, tapi kan ari kalakuan "goreng" urang Arab teu
kedah di tiru ku urang, sanaos urang panatik ka nagara eta.
> Punten sanes cai mamatahan ngojay ka meri....ehh jadi pabaliut ieu
> tehh...
> Sakali deui punten.....
> 
> Sok di lajengkeun deui ahh.....
> 
> Baktos
> Yosep





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke