Haturan Bah Willy sareng Kang Yosep sareng saha bae nu sami-sami nuju
milarian kasaean. Punten sakedik pamungkas nu rada panjang da isuna
geuning janten isu pribadi...

Sanes bade ngelok atanapi nangkis, tapi asa teu rumaos dina ati bade
ngawitan padungdeng ieu ku prasangka. Dina surelek abdi nu pangpayunna
(http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/message/95819) abdi mung
naros bade dicandak kamana 'heureuy' urang Arab teh? Patarosan ieu
didasaran ku seringna Bah Willy posting ngeunaan kaawonan urang Arab.
Bawiraos abdi upami mung ngaheureuykeun wungkul mah teu guna pikeun
urang. Katurug katutuh ngaheureuykeun hiji kagorengan dumasar etnik
teh hiji hal nu sensitip (naon bae etnikna). Tapi, upami misalna ieu
nyigeung Abah tur karaosna nyangka, abdi nyuhunkeun jembar pangapunten
ti Bah Willy. 

Tapi kaawonan urang Arab nu sanesna kasabit2 (kawin kontrak, rentenir,
tur 'panjang gede') ti anggota milis. Dua alesan ditembrakkeun nyaeta
'heureuy etnik' lantaran urang 'teu walakaya' tur geus 'biasa' di
budaya mana wae. Abdi teu sapagodos margi alesan 'teu walakaya' henteu
kacumponan. Dupi alesan tos biasa mah kirang kiat sabab perilaku 'tos
biasa' teh caket sareng perilaku taklid atanapi 'tuturut munding'. 

Di surelek ieu
(http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/message/96146) 'tuturut
munding' teh teu cocok jeung sumanget bade nanajeurkeun elmu/pikir di
luhureun dogma/taklid. Tina konteks sareng kalimah ieu, teu aya
pisan-pisan bade nyebat Bah Willy tuturut munding. Tapi sakali deui,
upami Bah Willy ngaraos dikitukeun, mugi-mugi teu kirang jembar manah
ngahapunten abdi.

Sakedik nyabit perkawis panalungtikkan dina widang sastra/budaya oge 
numutkeun abdi mah teu tiasa janten analogi pikeun sae/leres henteuna
'heureuy etnik' tea. Analogi ekstrim abdi mah kieu, ayana elmu
kriminologi nu nalungtik imeut pola/motivasi/sabab kajahatan henteu
nunjukkeun yen kriminologi teh diayakeun pikeun miara/ngalestarikeun
kajahatan.

Kanggo Kang Yosep, 'heureuy etnik' teh rada 'diheurasan' ku abdi sabab
aya konsep satukangeun heureuy etnik nyaeta tiasa nyandak ka
nyamiratakeun kagorengan dumasar ku etnik. Aya conto nu kirang langkng
sami: pikeun feminis, kecap 'chairman' (ketua) atanapi 'fireman'
(pemadam kebakaran) teh dianggap nunjukkeun dominasi/diskriminasi
lalaki ka istri. Ceuk manehna kunaon henteu 'firewoman' atanapi
'chairwoman'? Antukna ketua teh janten 'chairperson', pemadam
kebakaran janten 'fireperson' nu langkung netral. Ari ceuk urang mah
eta teh mung kecap sanes? Sapele, enteng, nu penting mah kasempetan
pikeun istri/pameget teh sami, tapi henteu kitu geuningan da bahasa
dianggap enteung tina pamikiran dipengkereunnana.

Kacindekkan abdi ti padungdeng ieu, abdi mah mung hoyong nembrakkeun 
sisi sawang sanes ka 'heureuy etnik'. Komo deui urang (muslim) mah
gaduh ugeran di jungjungan urang perkawis persamaan darajat, nyarios,
malah perkawis heureuy oge aya. Ugeran2 ieu teh geuning kabuktos di
zaman 'globalisasi', 'HAM', 'gender equality' jsb siga ayeuna. Henteu
bade curum-caram, mung mugi2 urang rada ati-ati we dina 'heureuy
etnik'; kokomoan di rohangan publik mah.

Sakitu pamendak abdi. Sakali deui hapunten ka Bah Willy sareng Kang
Yosep upami aya lepat carios. Oge ka baraya sadaya nu bandwith sareng
waktosna kaangge ku seratan2 abdi nu remeh siga kieu.

Cag..
Baktos,
Yudi    



--- In urangsunda@yahoogroups.com, "Waluya" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Sabenerna mah kuring haroream ngawaler deui thread ieu teh, tapi
kumargi kang Yudi nyebat kuring "tururut munding" sagala ( tuturut
munding kasaha?), kapaksa ngawaler deui, "bela diri" tidituna mah. 
Kang, upami akang kantos kuliah di Fakultas Sastra jeung Budaya atawa
resep macaan buku nu aya hubunganana jeung kabiasaan hiji etnik, nu
kararieu teh teu aneh, malah dipelajari. Sabab keur mempelajari hiji
etnik, kudu terang heula kalakuanana. Tingali geura artikel "poyok
Ungkal" dina situs majalah "Cupumanik". Perkara "poyok" ieu geus
ngahasilkeun S1 jeung S2 sababaraha urang. Aos oge seratan "urang
Subang Teureuh Panjalu", nu nyarioskeun anjeunna kantos kuliah di
Sastra Arab dugi ka terang "etnografi Arab" sagala.
> 
> Di Barat, kuring terang aya undang-undang "hate crime", pangpangna
di Inggris, Canada jeung Amerika. Sing saha wae ngahasut ku didasaekun
ku etnis, agama, tiasa digerewel. Pidato nu ngahasut jelema sina
nyerebu, ngabenci etnik lain, tah eta nu keuna "hate crime" mah (komo
make sweeping sagala mah jiga diurang!). Tapi ieu mah heureuy, teu
ngandung rasa benci sagala. Ngan saukur ngaheureuykeun urang Arab teh
kagunganana "ageung" jeung "badag". (nu urang Indonesia oge
harayangeun sabenerna mah buktina "Ma Erot" buka praktek dimana-mana
....). Kitu deui soal gede sahwat, kuring nulis kulantaran hayang
nanyakeun ka baraya, sugan aya nu terang, leres henteu eta teh. Wani
nulis eta teh, lain kunaon-naon, sabab kuring nyangka di millis teh
jiga kumaha we nu ngobrol didarat jeung babaturan nu geus wanoh pisan. 
> Maklum sabagean urang Kusnet, kuring wawuh lain di dunya maya wae,
tapi papanggih di darat, jadi geus teu asa-asa. Kuring oge mere conto
sinetron Bajay Bajuri,  sinetron pangpopulerna di Indonesia, naha eta
sinetron teh ngalakukeun "hate crime"?. Cobi diemut sakali deui, Naha
"ageung" jeung "badak" atawa "gede sahwat" , tiasa nyababkeun
kabencian ka urang Arab? Geus aya urang Arab diusir/disweeping di
Indonesia kulantaran "gede" jeung "badag"?.  Ah ulah kaleuleuwihi kang
....
> 
> Tapi upami tos gaduh prasangka titadina (katingali aya sigeungan
kana tulisan kuring dina thread nu benten deui), naon nu ditulis ku
kuring teh salah we. Dipasihan alesan nu asup akal oge, lepat.
Dihumorkeun lepat ( nu heureuy ieu teh lain kuring wae, tapi aya
sababaraha urang nu mostingkeun). 

Nya atos urang tutup we dugi kadieu, da tangtosna oge moal nyambung,
lamun geus dimimitian ku prasangka mah.
> 
> Hapunten, lamun aya basa kurang merenah.
> 
> Baktos,
> WALUYA

Hheheheh....muhun kang, sim kuring jadi bingung ieu tehhh...padahal mah
tadi na heureuy, tapi jadi 1000 rius kieu ieu tehhh...heheheh

Sim kuring ge ngalungkeun balesan/postingan kamari, teu.. teu lain
hayang ngagogorengkeun atawa ngaheureuykeun kana salah sahiji RAS
(khususon Arab anu keur di padungdengkeun), tapi "postingan" sim kuring
mah di dasarkeun kana " Fakta sareng Kanyataan" di dieu, da tadina aya
nu nanya / panasaran ngeunaan " gede, panjang, sahawat" heheh, kitu ge
pedah wae ayeuna nganjrek di dieu, jadi apal tur kanyahoan naon wae adat
jeung kabiasaan urang dieu (Arab).

Tos ahh...bade beberes deui pail (file)..heheh
Punten wae ka sadayana bilis aya anu kacawad ku cariosan sim
kuring.....da ngan ukur Heureuy....
Siga keur lebaran wae menta hampura...heheheheh (tah ieu ge kabiasaan
goreng, da menta hampura mah henteu keur lebaran wae)...hehehh

Baktos,
Yosep






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke