waluya56 wrote:
> Hehehehe ..... mangga karalebet urang Sumedang, nepangkeun pun Waluya, 
> ngan dilalandih ku urang Kusnet jadi Bah WIlly, pedah kapungkur ari 
> posting sok nyingket aran jadi WLY. Nu mimiti ngalandih Abah Jou Ragan 
> nu di New York, nu mimiti nyebat Bah, Kang Dedeng Sutisna, urang 
> Karawang. Keun we nya .....da ceuk Kang Dedeng oge ngarah keren jeung  
> modist ...hehehehe. Kang Dedeng duka kamana ayeuna nya?
> 
> Kuring asalna ti tutugan Gunung Tampomas, lembur kuring sisi jalan raya 
> Bandung-Cirebon, 1 km ti cimalaka ka arah wetan. Teu jauh ti jalan asup 
> ka Stasiun Pemancar TV di Gunung Tampomas. 
> 
> Baktos,
> pun Waluya
> 
>
Assalamualaikum ww

Baruk Bah Wily teh ti sumedang.....
Kuring karek sakali kasumedangteh ka daerah Cimalaka, kabeneran waktu 
mulang bareng ti bkt, aya didieu urang cimalaka, jadi waktu balik ka 
lembur sempet mampir kacimalaka. kabumina Bapak Suhadma. putrana jadi 
pulisi didieu...

salam
hendra




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke