Tah... eta ge, barang didongengkeun ngeunaan patmo (sababaraha kali bet meh
bae ticaletot jadi "pa atmo", na atuh bet teu dingaranan "patma"?!!
Heuheu...), mitoha teh puguh sumanget. Kanggo lajuninglakuna mah, ke ke...
kumaha nya... nya samentawis mah meureun abdi bade ningal heula demona,
sareng spesifikasi anu langkung merele ngeunaan sarat2 teknisna nya, Mang...
Kedah naroskeun heula, deuih, saha2na di pihak lembur nu perlu "didongengan"
perkara ieu...

jk

On 3/20/06, oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Pas pisan. Puguh keur kaayaan sarupa kitu PATMO teh. Cindekna: keur
> daerah garing ("garing" nyaan ieu mah, lain garing ceuk basa abg
> ayeuna) anu dihandapna aya walungan (tangtuna oge aya caian
> walunganana teh, lain walungan tadah hujan). Sarat kocoran (debit) cai
> walungan teu kudu gede, cukup 50 liter tiap detik, geus lir upama
> leuwih gede ti eta mah.
>
> Sok atuh kumaha lajuninglakuna? Naha bade Kang Kumi ngiberkeun ka
> masyarakat/pamarentah eta daerah? Ka kantor wae atuh, urang tepung.
> Kabeneran di ktr aya vcd demo patmo anu sukses di Gn Kidul. Mangga
> diantos.


[Non-text portions of this message have been removed]



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke