nyeata pundung ngaing mah. kungsi nga sms teu dibales2. poho yen batur mah teu kabeh make kartu halo. aya kalana beak pulsa tea. heuheu. harita teh nga sms ka Bowie BI, pedah pangdeukeutna ka HI. teu ngabales. piraku urang BI beak pulsa. heuheu. kang MGT nawaran ka imahna di Salemba, kang Ush di Palmerah oge, hanjakal heureut waktuna.
 
niat ti bdg mah poe kadua rek ka palmerah, pikeun desain sampul novel ka opat, Epigram. tapi teu jadi dan pakepuk, jeung sieun ditewak Sutiyoso da teu apal dimana bae nu kaci udud. hehe
 
On 3/24/06, syam ridwan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
mang, padahal nga sms ka uing daripada dihotel mending ngaringkuk dikosan
uing.
pan lumayan duit hotelna bisa meuli 70 selop moalboros heu heu.

mang, kade di bunderan HI mah tong make kaos Halik ku Aing! soalna mun aya
mobil
mogok sok dititah ngadorong. Halik kua aing, maenya ngadorong mobil ge teu
bisa he he.

baheula mah pangulinan paranti reureuh dipipir dubes inggris teh loba nu
jualan sisi kali, ayeuna
geus digaruk teuing pindah kamana, tinggal tukang cikopi/mie rebus asana
mah.
geus lila tara luntang lantung geus insap he he.
sr
--
geocities.com/mangjamal


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Reply via email to