Nuhun, Kang Soni...

Satemenna mah, Pandawa (jeung Kurawa) teh lain turunan Barata atawa Astinapura. Kieu dongengna teh.

Aya hiji mojang geulis, anak angkat tukang nguseup, ngarana Satyawati atawa katelah oge Durgandini. Hiji waktu Satyawati teh tepung jeung Bagawan Palasara di sisi walungan. Singgetna mah batu turun keusik naek tea, akang purun nyai daek, nepi ka boga anak, Kresna Dwipayana (lain Kresna ti Awangga ieu mah). Kresna Dwipayana teh sabrolna dilahirkeun langsung unjukan ka ibuna: "Ibu, sim kuring seja hirup ngabagawan, calukan sim kuring upami Ibu peryogi bantosan sim kuring". Ngaran Kresna Dwipayana robah jadi Bagawan Abyasa.

Bagawan Palasara teh kakasih para dewa. Hiji waktu Batara Guru  ngandika ka Palasara (biasa lah, nu nyaritana mah Narada): "Anjeun kudu pisah jeung Satyawati, anjeun bakal nyekel padepokan, Satyawati bakal kawin ka Santanu". Palasara, sanajan beurat kacida, teu biasa nolak. (Ceuk versi lain, Kresna Dwipayana ti harita milu ka bapana, ngabagawan. Unjukkan manehna di luhur ka Ibuna diunjukkeun dina kajadian ieu.)

Sababaraha waktu ti harita, Prabu Santanu, duda ti dinasti Barata, datang ka eta walungan, diiringkeun ku Putra Mahkota, Dewabrata, hiji-hijina anak Santanu nu nyesa ti Dewi Gangga, sabab anak anu sejenna mah dipalidkeun ku indungna ka walungan (lain walungan deukeut imahna Satyawati ieu mah) satutasna dilahirkeun; eta walungan teh ti harita katelahna walungan Gangga. Santanu kapincut ku Satyawati, tuluy kedal ucap seja migarwa. Satyawati boga tanjakan yen dirina daek dikawin asal anak-anakna isuk jaganing geto ngadeg raja di Astinapura. Bari rada beurat, Santanu nanya ka Dewabrata. Dewabrata, ku kacintana ka rama, eleh deet: "Kuring iklas turunan Ibu Satyawati jadi raja ngaganti kuring". Tapi Satyawati memang wanoja iatna, manehna nanya deui: "Kumaha lamun hiji waktu turunan Dewabrata ngagugat". Sakali deui Santanu ngahuleng. Tapi Dewabrata nyarita: "Kuring sumpah seja hidup wadat", hartina moal kawin saumur hirup. Para Dewa turun ti langit nyakseni sumpah Dewabrata bari ngucapkeun: "Bisma... Bisma...". Ti harita Dewabrata katelahna Bisma.

Santanu jeung Satyawati boga anak dua: Citragada jeung Citrasena. Di mangsa duanana dewasa, Santanu ngutus Bisma sangkan miluan saembara nu diayakeun ku Raja Darmamuka ti Karajaan Kasi anu hadiahna tilu mojang anu kacida geulisna: Amba, Ambika, Ambalika. Bisma hasil ngelehkeun dua jagoan Kasi (ceuk versi Jawa mah dibantuan ku Semar); tilu mojang teh diboyong ka Astinapura. Di jalan, Bisma balaka yen tilu mojang teh keur dua adina, lain keur dirina. Ambika jeung Ambalika panuju bae manehna dikawin ku adina Bisma, tapi Amba nolak: "Kuring hayang dikawin ku anjeun, Bisma, da kitu aturan saembarana". Bisma jelas nolak, sabab manehna geus sumpah wadat tea, tapi Amba oge keukeuh. Bisma nyingsieunan Amba ku cara ngalugas panah. Teu ku hanteu, eta panah teh milepas, nenggel pisan ka Amba. Samemeh perlaya Amba nyarita: "Duh Bisma pupujaning ati, kitu geuning wawales anjeun kana  kaasih kuring. Jungjunan, isuk jaganing geto, dina Baratayuda, kuring seja nyampeur anjeun make cukang lantaran wanoja jago panah". Kitu kajadiananan, dina Baratayuda, Bisma nu teu bisa dielehkeun ku sasaha teh didatangan Kresna (ti Awangga) jeung Arjuna, menta pituduh kumaha sangkan Pandawa bisa ngelehkeun Bisma. Bisma inget ka Amba jeung cintana, "Sanghareupkeun Srikandi ka kuring". Nya isukna Bisma gugur ku panah Srikandi.

Balik deui kana jejer carita. Ambika kawin ka Citragada, Ambika ka Citrasena. Samemeh baroga anak, Citragada jeung Citrasena maot. Satyawati menta Bisma nyuluran Citragada jeung Citrasena, tapi tangtu bae Bisma nolak. Huleng Satyawati ngahuleng. Nya manehna nyipta Abyasa. Sadatangna Abyasa, Satyawati nyaritakeun masalahna. Abyasa surti tur nyanggupan. Peuting kahiji Abyasa, anu awakna bau sabab jarang mandi jeung bajuna sararoek, ngadatangan kamar Ambika. Ambika ngalayanan Abyasa bari peureum. Ti Ambika Astinapura boga Destarata anu teu ningali. Peuting kadua Abyasa datang ka kamar Ambalika. Ambalika ngalayanan bari pias. Ti Ambalika Astinapura boga Pandudewanata anu awakna pias. Satyawati teu sugema, nya menta deui Abyasa sapatemon jeung Ambika. Ambika harita nitah salah sahiji bujang awewena sare di kamarna. Si bujang awewe ngalayanan Abyasa dibarung semu. Ti bujang awewe eta Astinapura boga Widura anu wijaksana.

Kusabab Destarata teu ningali jeung Widura mah anak ti bujang, nya Pandudewanata ngadeg raja Astinapura. Ti dieu oge geus kaciri yen trah Barata-Astinapura teh ngan nepi ka Santanu jeung Bisma. Tapi, satemenna, Pandudewanata oge teu boga anak. Kieu geura.

Kuntinalibrata, putri raja Kuntiboja, boga kasakten ngadatangkeun dewa. Hiji waktu manehna nguji kasaktenna; nya datang Batara Surya. "Ah, kuring mah ngan saukur nyoba elmu", ceuk Kunti basa Surya nanya kaperluananan. "Teu bisa kitu, kudu aya anu ku kuring dipigawe saban kuring turun ka marcapada". Nya ku Surya nu cunihin teh Kunti bureuyeung. "Tapi anjeun bakal tetep parawan, jabang bayi bakal gelar tina ceuli, ngaranan manehna Karna".

Pandudewanata kawin ka Kunti jeung Madrim. Pandu keuna ku supata yen manehna bakal ajal iraha bae manehna sapatemon. Pandu balaka ka Kunti jeung Madrim. Kunti menta idin mapat ajianana nyalukan Dewa. Tilu kali Kunti nyalukan Dewa: Ti Batara Dharma Kunti boga Yudistira, ti Batara Bayu Kunti boga Bima, ti Batara Indra Kunti boga Arjuna. Pandu menta Kunti mapatkeun eta ajian ka Madrim. Madrim nyipta Dewa Kembar, nya manehna boga Nakula lan Sadewa.


AJ


soni rosa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
sampurasun...

warga babakan kusnet anu resep wayanggolek
mangga cobian toong

http://www.wayanggolek.net

cag!
sonirosa
========================================================================================
Ikuti Lomba Puisi Online Jawa Timur, dapatkan hadiah menarik setiap bulannya
dan hadiah total senilai 60 juta rupiah
hanya di http://www.plasa.com
========================================================================================


New Yahoo! Messenger with Voice. Call regular phones from your PC for low, low rates.


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke