Ngiring ilubiung Aya istilah SAMSAT (SAMa-sama bangSAT) Lebetna teu Pulisi wungkul sanes? Pegawai PEMDAna ge aya heheh .sareng sanes di Kepolisian wungkul, ampir unggal tempat pelayanan rahayat tos "ilaharna" kitu. Saleresnamah kaayaan ieu teh teu sadayana kalepatan Pulisi, da rahayat ge lepat. Sanes rusiah deui, Pulisi mung ngajalankeun tugas wungkul bari hoyong aya leuwihna keur maranehanana keneh heheh Barinage teu sadayana Pulisi kitu Pulisi ge manusa aya nu bener aya nu salah, etamah mung oknum tapi teu hiji, atanapi dua, ampir sadayana . hese milarian nu benerna. Seuseurnamah urang Indonesia teh resep ngukut panyakit Hoream sareng resep pisan sulap Sim Salabim!...STNK & SIM jadi... Kumaha carana supaya tereh jadi, nya ari teu nganggo artos pasti aya kenalan Pami urang nu janten rahayat kompak sadayana disiplin kersa ngantri, kersa ngantosan, kersa ngajalankeun sakumaha nu aya dina prosedur, tong masihan kasempetan ka Pulisi kanggo nampi artos leuwihna , masihan kesempetan ka Pulisi janten jalmi nu sae teu redep kanu artos haram InsyaAlloh bakalan beres tapi jigana kaayaan ieu mung aya dina acara MIMPI KALI YEEE .
ros. >>> [EMAIL PROTECTED] 03/28/06 02:50PM >>> Kuring mah sering dieera jeung dipoyok ku sobat bule nu sering pulang
anting Amrik-Bali-Tasik pedah boga usaha kerajinan tangan jeung ukir Bali cenah
mah naha nagara Indonesia nu pang lobana Muslim sa dunya 'ngahalalkeun'
korupsi jeung sugak-sogok dina ampir sagala bidang bisnis. Kuring tara ngajawab,
malah seseringna dipengparkeun kana pasualan lain sangkan si bule sobat kuring
teu moyok bae.Najan enya oge nagara urang keur amuradul, kuring mah teu rido
dipoyok jeung dilelece ku bangsa deungeun. Atuh mudah-mudahan isuk jaganing
pageto mah teu kieu-kieu teuing.
Jigana mah (boa enya) 'kondisi' Samsat Bdg Tengah oge digegedugan ku
gegedugna.Da teu mungkin dimimitian ti handap mun seug pamingpinana baleg.Sakieu
heula ah, tunduh ! Tos bade jam tilu peuting ongkoh .
Misan
.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
YAHOO! GROUPS LINKS
|
- Re: [Urang Sunda] Time Is Money . Naha Enya ? Roro Rohmah
- Re: [Urang Sunda] Time Is Money . Naha Enya ? Maria Astati
- Re: [Urang Sunda] Time Is Money . Naha Enya ? Roro Rohmah
- RE: [Urang Sunda] Time Is Money . Naha Enya ? Yuliadi
- RE: [Urang Sunda] Time Is Money . Naha Enya ? tarawadul tarawadul
- Re: [Urang Sunda] Time Is Money . Naha Enya ? Dudi Herlianto