Audu bilah himindalik???
Aya carita tur sumber anu bisa di pake panalungtikan pikeun kasusu per munjungan, malah kuring kantos nitenan tempat anu hara-haraeun tur bisa di sebut tempat munjung ka monyet ( nya ngipri tea), di eta wewengkon loba pisan monyet, kalayan ukuran aya anu gede aya anu sedeng tur nepi ka anu anakna keneh.
tapi teuing kumaha kuring pernah aya kana tilu kalina ka eta tempat da panasaran tea naha ennya ray poe-ray poena teh beda jumlah eta kunyuk anu caricing di eta tempat!, emang bener pisan pas ngamimiti kadinya jumlah eta monnyet diperkirakeun aya kana 100 sikina cicing di makan anu ngajumpluk bisa di tingali ti ka anggangan ( lokasina di Kampung Nangerang Kacamatan Darmaraja, tah anu kadua kalina mani rea pisan jigana aya kana opat lipeteun ti basa mimiti, tah anu katiluna kalina saeutik pisan malah bisa diitung ku ramo leungeun anu ukur sapuluh siki, teuing kamarana tah arincahna.
ngan
basa kuring ulin ka eta tempat anu ngaduakalian kuring pangih jeung hiji monyet anu gede pisan meureun lamun diperkirakeun gedena ku buduk kira umur tujuh taun, waktu kadinya eta monyet nyampeurkeun kalayan kawas anu ngajak sasalaman, da dibere dahareunmah teu ditarima, jeung anegna eta monyet bangun anu wawuh ka unggal manusa anu kadinya da eta wae make jeung kawas babaturan ka amang-amang anu keur babad huma.
ah teuing ketah meureun bakat ku mindeng wae panggih jeung manusa da wewengkona sisi lembur anu sapopoena deukeut jeung manusa.
malah di darmarajamah geus jadi kacapangan lamun aya jelema kuleuheu tur ngeked sok diistilahkeun ah kawas urang nangerangwae cenah hehehhe...
antos carios salajengna "tunduh"
wasalam
kuncen
waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Leuh ..... aya keneh kitu di urang anu munjung? Munjung ka siluman
monyet disebat NGETEK, munjung ka siluman oray disebat NGIPRI, munjung
ka siluman bagong disebutna NYEGIK. Cik aya istilah sanes kanggo nu
munjung? hayang terang .....yeuh
Baktos,
WALUYA
--- In [email protected], kuncen kasep <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Aya carios tina sumber anu bisa dipercaya :
>
> Ngenaan ngetek naha ennya atawa henteuna teu langkung anu masihan
masukan ti saha wae anu sakirana bisa nyambungkeun jeung anu ngarana
muja, munjung (gawe bareng jeung siluman)
>
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has
the best spam protection around
http://mail.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

