Ehm... Teh Wp, kumaha dadang ? eh damang ? wilujeng tepang atuh sareng abdi, nami Ndoell, kawit mah ti Kuningan. janten Teteh ayeuna dumuk di Texas nya ? aya oge baraya Kusnet nu di Texas, namina Teh Nety Martin malihan bade nganjang ka Indonesia kaping 20 April.
Bumi abdi ge teu tebih ti Texas mah, tapi Texas Fried Chicken, heu...heu... wilujeng ngariung. -dul- tukang teuing --- In [email protected], "wpsusanto" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Nepangkeun abdi nembe janten member di ieu milis, upami ningali nami > abdi sapertos Jawa , margi nami ieu kenging ti pihak suami. Bungah > pisan tiasa mendak milis sunda sapertos kieu, margi di dieu (Texas) > da pami nyarios sareng rerencangan ti Sunda oge mani asa sapertos > dulur. > > Ngaos berita atanapi carios pernikahan di Indonesia, naha mani seeur > perkawis rumahtangga anu awet rajet, anu disebabkeun ku pihak > ketiga, utamana isteri (gadis anom), anu kersa bae nikah siri > sareng pameget anu tos gaduh kulawargi. alesannana pasti dasarna > cinta, tapi tetep bae geuning saatos nikah siri teh gaduh tuntutan > sanes-sanes saperti saleresna isteri pertama. Padahal mah nikah siri > teh teu keudah rundingan sareng isteri pertama, da prung bae > nararikah , mani gampil, sareng anehna kulawargi ti pihak gadis > malih kadang nyatujuan pisan, ngabantos supaya nikah siri teh tiasa > terlaksana. Dalihna daripada berzinah. > > Kumaha atuh-nya eta nurani para kulawargi anu menikahkan siri teh, > naha teu ngemut ka duka derita isteri pameget eta sareng putra- > putrana ? Sanes ku masalah harta semata pan ari ngalalana di dunya > teh, apan kebahagian rumahtangga abadi teh cita-cita para isteri > waktos ijab kabul kapungkur teh ...? > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

