haturan teh, nepangkeun kuring dudi ti sumedang nu jadi urang bogor.
 
ari ceuk kuring mah lain nikah sirri nu salah, jalemana we bedegong! rek kawin mah kudu apal heula naon kawajiban salaku salaki jeung pamajikan. nikah sirri tetep halal, jelema we sok neang-neang nu bolongna agama keur kangeunahanna sorangan.
 
ngan memang bener agama urang (islam) mah leuwih ngutamakeun nolak mamala samemeh datang tea. jadi lamun euweuh halangan nu kacida mah leuwih hade kawin teh daptarkeun we ka kua lah! meh meunang panangtayungan ti nagara.
 
jalema tea ateuh!! kadang kadang leuwih orowodol ti kelong....
 
sakitu we bisi loba teuing salahna, biasa make elmu ukur cenah! he he he he
 
kuring,
 
deha
 
On 3/31/06, wpsusanto <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Nepangkeun abdi nembe janten member di ieu milis, upami ningali nami
abdi sapertos Jawa , margi nami ieu kenging ti pihak suami.  Bungah
pisan tiasa mendak milis sunda sapertos kieu, margi di dieu (Texas)
da pami nyarios sareng rerencangan ti Sunda oge mani asa sapertos
dulur.

Ngaos berita atanapi carios pernikahan di Indonesia, naha mani seeur
perkawis rumahtangga anu awet rajet, anu disebabkeun ku pihak
ketiga, utamana isteri  (gadis anom), anu kersa bae nikah siri
sareng pameget anu tos gaduh kulawargi. alesannana pasti dasarna
cinta, tapi tetep bae geuning saatos nikah siri teh gaduh tuntutan
sanes-sanes saperti saleresna isteri pertama. Padahal mah nikah siri
teh teu keudah rundingan sareng isteri pertama, da prung bae
nararikah , mani gampil, sareng anehna kulawargi ti pihak gadis
malih kadang nyatujuan pisan, ngabantos supaya nikah siri teh tiasa
terlaksana.  Dalihna daripada berzinah.

Kumaha atuh-nya eta nurani para kulawargi anu menikahkan siri teh,
naha teu ngemut ka duka derita isteri pameget eta sareng putra-
putrana ?  Sanes ku masalah harta semata pan ari ngalalana di dunya
teh, apan kebahagian rumahtangga abadi teh cita-cita para isteri
waktos ijab kabul kapungkur teh ...?





--
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
deha.wordpress.com
borondongjagong.blogspot.com


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke