Bah tonk he love konteks sajarah harita. Jepang ka urang teh sanes merangan urang, tapi walanda nu keok ngan sajorelat.  alatan jaman atawa nuju perang, konsentrasi sagala rupana pikeun kaperluan perang. janten sanes ngajajah jepang harita mah, tapi ngarampog pisan.

hikmahna, pamuda urang janten seueur nu ngiring latihan katentaraan, sok sanajan ngan ukur baris berbaris tea. jepang nu munggaran, nyebarkeun bibit militansi. da walanda mah milih bumiputrana nu janten tentara knil pilihan pisan. enya, kedah menak tea. jaman jepang mah pamuda saha bae nu jagjag.

istilah penjajahan oge muncul beh dieu ku para nasionalis nu oge mucunghulna alatan ayana sakola nu dijarieun ku walanda.  dugi ka ayeuna gubernur jabar ngantor di gedong sate, gedong jieunan walanda. heuheu, kitu deui sby di istana nu urut gubernur jenderal. ateul pisan hayang ngagento eta kantor presiden oge gubernur ku wangunan jieunan jeung model bangsa urang. hehe.

warisan jepang nu dugi ka ayeuna masih diangge, eta sistem RT/RW. jaman walanda mah teu aya. gunana pikeun nalungtik rahayat, atawa manjangkeun kakuasaan nu kawasa nepi ka gigireun imah rahayat.

janten we lieur di urang mah, di luhur ngangge cara walanda, ngan karesidenan dipupus, jadi pembantu bupati, di handap mah masih keneh RT RW warisan jepang. teu digajih atawa pns, da aturan walanda mah dugi ka camat. da desa mah mandiri ti jaman baheula oge. heuheu...

On 4/3/06, waluya56 <[EMAIL PROTECTED] > wrote:
Enya sigana mah MJ. Tatar Priangan relatif ayem tentrem ti taun 1636M
(ti saprakna pasukan Mataram newak Dipati Ukur) dugi ka taun 1940M
(400 taun!). Salami eta teu aya peperangan gede, teu aya bupati nu
barontak ka walanda. Tatar Priangan mimiti "riweuh" waktu jaman
Jepang. Si Jepang ieu ngajajahna teu make "elmu", maen "paksa".
Contona urang Sunda dititah nyembah panonpoe, disaruakeun jeung
maranehna. Atuh puguh keur KH Z. Mustapa nu di Tasik mah (leres kitu
nulisna?), ieu teh ngalanggar akidah, barontak ka Jepang. Padahal
anjeunna teu kantos barontak ka Walanda mah.

Jaman revolusi mah, puguh deui da sistem dirobah tea. Aya nu hayang
republik, aya nu hayang jadi nagara Islam (DI/TII). Akibatna Tatar
Priangan jadi tempat "campuh", nu teu aman-aman salami 20 taun
leuwih. Matak teu aneh keur kolot baheula nu ngalaman "tilu jaman"
mah (jaman Walanda, Jepang jeung Merdeka) nyebut jaman Walanda teh
Jaman Normal ....

Baktos,
WALUYA



--
geocities.com/mangjamal


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke