nikah sirih mah mung saukur kahayang lalaki baragajul; nu hayang ngeunahna wungkul..
rugi gede keur kaum awewe, naon rugina.. sok gerau fikir sing daria kusewang-sewangan


On 4/1/06, katumbiri sore <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
AndhikaY<[EMAIL PROTECTED]>menulis
 
Haturan sdrk WP Susanto,wilujeng sumping di Babakan Kusnet eta mani tebih kitu ti Texas. Tos sabaraha lami ngumbara di manca nagara ? Tos damel atanapi neraskeun belajar ?
Resep panginten nya di nagara Deungeun mah,upami mulih papadon pang nyandakeun Enon Bule,honyong memperbaiki keturunan????
He..he..he...
Rupina moal nunggelis di pangumbaraan saparantos bergabung sareng
pala wargi katut baraya KUSNET sadunya,tangtos tiasa riung mungpulung sareng kasepuhan ,para inohong,sakumna Tatar Sunda.
Omat wartosan mamanawian aya lowongan pakulian kanggo simkuring
hoyong pisan atuh kaluar nagreg teh.Ha...ha...ha.....
Mung panginten teu tiasa cas cis cus nyariosna,waktos nongton TV cacakan murangkalihna Bule tos palinter nyarios Enggris komo deui panginten sepuhna nya ?????
Cag ah......cekap dugi kadieu sanes waktos di teraskeun......
 
Andhika Y


wpsusanto < [EMAIL PROTECTED]> menulis:
Nepangkeun abdi nembe janten member di ieu milis, upami ningali nami
abdi sapertos Jawa , margi nami ieu kenging ti pihak suami.  Bungah
pisan tiasa mendak milis sunda sapertos kieu, margi di dieu (Texas)
da pami nyarios sareng rerencangan ti Sunda oge mani asa sapertos
dulur.

Ngaos berita atanapi carios pernikahan di Indonesia, naha mani seeur
perkawis rumahtangga anu awet rajet, anu disebabkeun ku pihak
ketiga, utamana isteri  (gadis anom), anu kersa bae nikah siri
sareng pameget anu tos gaduh kulawargi. alesannana pasti dasarna
cinta, tapi tetep bae geuning saatos nikah siri teh gaduh tuntutan
sanes-sanes saperti saleresna isteri pertama. Padahal mah nikah siri
teh teu keudah rundingan sareng isteri pertama, da prung bae
nararikah , mani gampil, sareng anehna kulawargi ti pihak gadis
malih kadang nyatujuan pisan, ngabantos supaya nikah siri teh tiasa
terlaksana.  Dalihna daripada berzinah.

Kumaha atuh-nya eta nurani para kulawargi anu menikahkan siri teh,
naha teu ngemut ka duka derita isteri pameget eta sareng putra-
putrana ?  Sanes ku masalah harta semata pan ari ngalalana di dunya
teh, apan kebahagian rumahtangga abadi teh cita-cita para isteri
waktos ijab kabul kapungkur teh ...?







Apakah Anda Yahoo!?
Kunjungi halaman depan Yahoo! Indonesia yang baru!



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS






--
---- Koperasi Amanah Sunda -----
Terima pesanan, Jeket, sandal, sepatu, tas dll (kulit), oge nampi pesenan, Ranginang Garut, Dodol garut, Wajit jjeng rea rea deui,
Order call --> 08128377662
=================================
PT. Smarthub Technologies
Produk-Produk Yang Kami Miliki
Software
-RSsmart = sistem Informasi RUmah Sakit
-MCSmart = Klinik
-VHP     = Program untuk hotel
-PPIc    = Material Manajemen
-ApotikZ = Apotik
-Billz   = Billing warnet
dan software2 lainnya

juga tersedia produk
-HIT = Mesin Absen pritnfinger
-Teh Neax200 IPS = Mesin PABX


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke