akang oge wargi kusnet sadaya..
pasualan urang sunda teh sa abreg-abreg
panginten urang kedah tiasa nangtoskeun anu utami jalaran 
kamampuhan urang
kangge ngaropeana aya watesna (limited resources).
urang oge kedah ngemut eta teh bade di garap ku sorangan 
atanapi babarengan.
pami bade sasarengan tangtos peryogi pimpinan.
sawatara ieu mah kusnet  teu acan aya organisasi/pimpinan 
umum (MJ ngahususkeun di bidang pendidikan + sosbud di 
wadahan ku YP)

kangge samentawismah panginten urang tiasa ngiringan ka 
organisasi anu tos aya di sabudeureun urang, mugi-mugi wae 
paniatan urang anu sae teu kulubak-kulibek dina emutan wae 
anu antuk na sok matak lieur/murukusunuh.

atuh milis urang sunda tiasa diangge 
sosilalisasi/ngabewarakeun warta2  anu optimis/ngagedekeun 
hate urang sunda.

kuring oge ayeuna nuju maluruh organisasi "ruwat sunda" 
kataji ku paniatana, nya eta gaduh pangharepan hyong 
ngahijikeun sadaya organisasi kasundaan.

mugi2 paniatan urang anu sae tiasa tinekanan sapaneja.
cag!
sonirosa++++


On Wed, 5 Apr 2006 12:44:38 +0700
  "Dudi Herlianto" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> haturan kang aj,
> 
> maksad abdi "kumaha niat nu jaipongan" atawa "kumaha 
>niat nu lalajo" dina
> nangtukeun erotis henteuna teh dumasar kana arti dina 
>kamus wungkul. lamun
> geus nyangkut hukum positip mah kudu didepinisikeun deui 
>sing
> sajelas-jelasna, meureun. ulah ukur dumasar kana 
>perasaan jeung timbangan nu
> rek ngahukum jeung nu dihukum.
> 
> nuhun,
> 
> deha
> 
> On 4/4/06, Aj Kusnet <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>>
>> Nyeta Kang Dudi, "kumaha niat nu jaipongan" atawa 
>>"kumaha niat nu lalajo"
>> hese jadi ukuranana... Dalah kitu, memang kudu 
>>dipikiran... Asa teu lucu
>> lamun gara2 Inul, Bali, Sulut, jeung... (mana deuih?) 
>> kaluar ti NKRI...
>>
>> Baheula kungsi rame adu renyom "elmu bebas atawa teu 
>>bebas niley"... Tapi
>> "niley" nu mana? Niley agama? Kapan sababaraha seniman 
>>oge percaya yen seni
>> oge agama...
>>
>> Keur lieur kieu teh, Australia deuih nyoo gado...
>>
>>
>> AJ
>>
>> *Dudi Herlianto <[EMAIL PROTECTED]>* wrote:
>>
>> terus naha jaipongan erotis??? kumaha niat nu jaipongna 
>>we, meureun. naha
>> keur narik birahi nu "dijaipongna" atawa henteu. oge 
>>ditingali tina nu
>> "dijaipongna", naha napsu atawa henteu? he he he he
>>
>>  ------------------------------
>>
> 
> 
> 
> --
> ~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
> deha.wordpress.com
> borondongjagong.blogspot.com

========================================================================================
Ikuti Lomba Puisi Online Jawa Timur, dapatkan hadiah menarik setiap bulannya 
dan hadiah total senilai 60 juta rupiah
hanya di http://www.plasa.com
========================================================================================
 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Reply via email to