Punten bade naros sakedik hususon ka urang Subang, pami ti Pujasera, Subang, rute-na kumaha nya....??!!Naek angkot naon wae...??!!Maklum da Abdi mah sanes asli urang Subang heuheuheu...



"ndoell" <[EMAIL PROTECTED]>
Sent by: urangsunda@yahoogroups.com

04/06/2006 10:22 AM

Please respond to
urangsunda@yahoogroups.com

To
urangsunda@yahoogroups.com
cc
Subject
[Urang Sunda] Bewara deui : Kopdar Subang : 30 April 2006





Ehm !
Assalamualaikum Warrohmatullohi Wabarokatuh..

Baraya Kusnet sadayana,
Dina raraga ngabageakeun salah sawios baraya Kusnet
anu bade sumping ti Texas nyaeta Teh Netty Martin,
dibewarakeun yén bade diayakeun acara Kopdar / Silaturahmi
nu Insya Allah badé diayakeun dina :

Dinten Minggu ping 30 April 2006
ngawitan tabuh 09.00 énjing dugi ka leuleusna.
di bumina Teh Ani Puspita / Kang Ikmal :

Bp. Hamim
Parung Hilir Rt. 16 Rw. 06
Kel. Parung - Subang

Rute:
-------
upami angkutan umum mah, ti Jakarta nganggo kampung rambutan - Subang,
lungsur di terminal subang ongkosna 15 rb upami AC, teras naek
angkutan
jurusan Tonggoh ongkosna 3rb, lungsur di warung kadu, nae ojek ka
bumi
ongkosna 4rb. Upami ti Bandung, naik jurusan subang ti terminal
ledeng
ongkosna 10rb, lungsur di warung kadu naek ojek 4rb.

Acara :
 - Silaturahmi, Wawanohan & Sosonoan
 - Diayakeun lomba puisi sunda, ngadongeng, ngabodor,
   pantun, sisindiran jsjbtepnm (jeung sajabana ti eta lah pokona
mah)
 - Haratis / teu kedah mayar, cekap ngabantun patuangan kosong.
 - Disayogikeun rupi-rupi Door Prize kanggo nu sumping oge hadiah
keur
   nu ngiring lomba.

Kukituna, sim kuring seja ngulem ka sadaya anggota Kusnét sareng
kulawargina,
sareng ageung nu dipiharep kana kasumpingan sadayana dina waktosna.

Mugi-mugi ku acara ieu, tiasa langkung ngaraketkeun tali silaturahmi
diantawis baraya Kusnet sadayana.


Sakitu anu kapihatur,
Wassalamualaikum Warrohmatullohi Wabarokatuh.


-Ndoell-
tukang wawar

hapé : 08129056192
imel : [EMAIL PROTECTED]



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke