--- In [email protected], "waluya56" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: >Kadang-kadang kakeuheul dina widang politik sok tara nyambung jeung "urusan beuteung". Kahayangna mah kieu ....tapi "urusan beuteung" metotna kaarah nu beda ....hehehehe
Baktos, WALUYA ================================= Saleresna mah Amrik anu merlukeun urang. Eta Freeport pan, karet jeung kalapa sawit. Tangtosna jalantah (Cepu). Kopi robusta, pedes. Ari beuteung mah, urang sorangan anu kudu bisa ngeusianna. Beas di Sulsel Barat, pan gudang beas. Rek ngaimpor ti Vietnam wae, leuwih murah. Nya ngabarter we, ditukeuran ku sarung plekat. Anu teu dipikir teh, kumaha carana sungkan eta beas bisa datang katempat anu merlukeun. Rea jeung murah. Pausahaan "perkapalan" kudu di nomer hijikeun. Kapalna teu kudu gede-gede, kudu efficient bahan bakarna. Ngagallakeun "jarak" dijadikeun bio-diesel. Jarak nu bisa hirup dimana wae dina kondisi taneuh nu kumaha wae. ( Gan Oman cobi dipugar soal jarak). Ari pasaran Amerika ayeuna mah, pasaran Cina. Dina tilu opat tahun katukang. Aya toko ngarana teh "99cents store". Nya ngajualan hasil produk Cina. Gegep, obeng,kawat telepon jang diimah, kawat komputer,lampu,gambar make pigura,barang palstik, barang dapur jeung barang kaulinan barudak. Nepi ka barang souvenier jiga Empire State Building gambarna dijero gelas kubus. Komo T-shirts mah 7 siki ngan 10 dollars. Kabeh buatan Cina. Tas wanita (Palsu), nyonto tas anu marahal. Aya ku persis pisan, hargana 1/10-na. Eta toko "99cents" teh aya dimana-mana. Nya nu bogana urang Cina, Korea jeung urang Tambi nu jangotan jeung make sorban. Bau embe badot!. Ti Hongkong dibandingkeun ti Jkt, waktu ngapalkewunna beda pisan. Leuwih gancang ti Hongkong kana container ka Pantai Barat Amrik. Ari ti Jkt, kudu ka S'pore, atawa ka Taiwan kakara ka Amrik. Tibatan nyieun pabrik mobil, maning ge nyieun endog asin. Make slogan jiga kieu :" Sapoe paling saeutik saparo endog asin jeung sangu haneut. Sakabeh rakyat Indonesia". Nu kabeukina sagu keun wae sina tuang sagu. Nu resep kana jagong keun wae sian tuang jagong. Lamun ieu can kabedag, jauh keneh tina nagara nu adil jeung makmur teh. Ratu adil moal datang, keur ngumpulkeun endog meri ! Ari urang mah, nagara maju sakabeh rakyatna kudu dahar sangu. Euweuh tidituna da!. Abah Joe Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

