Hatur nuhun kang kana tanggapan emailna.
Abdi urang Sunda pituin, tapi punten abdi badi nyerat ku bahasa Indonesia...
Hanjakal temen, tapi jadi panasaran kuring teh, naon nu jadi alesan Kang Amin leuwih milih make basa Indonesia batan basa Sunda? Naha pedah mun make basa Sunda jadi asa kampungan (heuheu... piraku), atawa ngarasa kagok sabab can pati biasa make basa Sunda dina porum2 diskusi? Upami ngarasa kagok, urang biasakeun bae. Teu kedah isin2, Wikipedia bae tos gaduh versi basa Sundana. Haar...
Saya 'menemukan' identitas bahwa saya orang Sunda justeru ketika sekolah di tanah Jawa. Saya belajar sejarah dan ilmu sosial-humaniora lain, berinteraksi dengan kawan-kawan dari hampir semua etnis di Indonesia. Dari sanalah saya menemukan wacana 'Sunda' dalam bentuk dan pengertian yang paling telanjang.
Sigana mah leres, Kang. Cenah ceuk tukang perang, mun hayang nyaho kalemahan urang, tanyakeun ka musuh urang. Maksud teh, bisi bae nanyakeun Sunda ka urang Sunda mah loba nyumputkeun kalemahanana. Tah, mun nanyakeun ka seler sejen mah, nu kaalaman teh bet loba nu nyaritakeun stereotipe gorengna. Tah, ti dinya meureun urang bisa introsepsi. Pret!! introspeksi maksud teh, punten pabeulit letah. Manawi kersa, kuring nyungkeun salinan skripsina lah, da bageur...
Dan saya coba teorisasikan pengalaman saya itu ke dalam skripsi saya yang alhamdulillah lulus Agustus 2005. Dalam skripsi itu saya mencoba meneorisasikan apa yang saya sebut 'Islam-Sunda'. Tapi email sekarang ini tampaknya bukan waktu yang tepat untuk mendiskusikan lebih lanjut tentang hal itu.
Mangga, Kang Amin. Ulah pameng, pedar atuh eusi skripsina. (sakali deui, ukeun potokopi skripsina, nya?!!)
Tapi point-nya adalah: pertanyaan saya adalah semacam oto-kritik. Saya coba refleksikan kenapa orang Sunda tidak pernah menduduki tempapt yang memadai dalam wacana ke-Indonesia-an.
Jadi inget kana kritik MH (asana mah) kana tulisan Chaedar Alwasilah ngeunaan urang Sunda nu hese jeneng, 'no comment' ah... Eh, hayang 'comment' ketang... Ukur rek nyutat omongan hiji jalma aheng nu datang ka kopdar Kusnet di pamedal Kiblat Buku Utama/Redaksi Cupumanik, Bandung. Eta jalma nyebutkeun yen urang Sunda mah teu pantes jadi pamingpin, nu pantes mah urang Jawa. Urang Sunda mah teu kudu hayang2 teuing jadi persiden. Huahahahaha...
Ini adalah tafsir saya. Artikulasi tentang Sunda amat terbatas, kadang berwatak inward-looking. Mengapa kita merasa sedih, bahkan marah, ketika ada orang yang bertanya tentang eksistensi Sunda pada hari ini?
Sigana mah kudu nempo suasana heula, Kang, jeung.... kudu malapah gedang deuih. Ulah jiga nanya ka jalma anyar pinanggih, "Na geuning anjeun bet hirup?"
--
sikandar
www.urang-sunda.or.id
su.wikipedia.org
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Organizational culture assessment | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

