Cinta Nusa
1
Indonesia gemah ripah loh jinawi
Alam endah, hejo lembok sugih mukti
Subur tutuwuhan
Beunghar pepelakan
Daun hejo ngemploh, karaharj'an lemah cai
Kakayon tumuwuh subur pajangkung-jangkung
Petetan ngawujud sirung pagulung-gulung
Piraku rek rela
Piraku rek tega
Alam nu ngemploh hejo pinarengan ngarangrangan, teu kariksa
2
Tutuwuhan nutup alas bandawasa
Tatangkalan nutup gunung ngambah reuma
Peryoga dijaga
Diraksa-diriksa
Kakayon mangpaat, sumber kahirupan bangsa
Mamala tanah ngoblog, nungtun gimir-ketir
Bahaya gunung urug padataran banjir
Rampak pada dokoh
Samakta sosoroh
Ngagarap tanah ngeblak, dipelakan tatangkalan, hejo ngemploh
3
Sawajarna putra bangsa mu merdeka
Di padesaan, pasiringan jeung di kota
Andon gotong royong
Lakon silih rojong
Rampak ngahejokeun tanah ngeblak dimamana
Saihwan rame gawe pada moho dolog
Pelakan tong kalarung unggal tanah ngoblog
Singkil babarengan
Langkah sauyunan
Kakayon hejo ngemploh, karya ragem gotong-royong rereongan
Dupi aya nu uninga kécap pepetétan jeung merenah dianggo dina kalimah naon?. Nuhun
--
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
deha.wordpress.com
borondongjagong.blogspot.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.