Minggu  kamari, basa libur maulid Nabi, kuring kadatangan Alo ti 
Sumedang, manehna ngadon ulin ka Bandung, mawa babaturan saurang. Alo 
teh awewe masih di SMA. Ka babaturanana, kuring nanya :" Ari Eneng 
timana?"
Manehna nyerengeh ngajawab: "Sami sareng Lia, ti Gelembung".
"Na da Bapa oge asalna urang ditu, ke palih mana bumi teh?", ceuk 
kuring teh.
"Ditonggoh, abdi putrana Pa Eman", cenah
Si Lia, Alo kuring nambahan: " Incuna Aki Ape, Mang!"
"Ke ......Aki Ape? Mang Ape, kutan ieu teh incuna Mang Ape?", ceuk 
kuring teh kaget, "Kumaha ari Aki Ape ayeuna, jagjag keneh?"
"Jagjag keneh, masih sering ka sawah sareng ka kebon", jawab budak 
teh.

Ingetan kuring ngalayang ka Mang Ape, masih dulur keneh. Kuring keur 
budak sok nunutur Mang Ape lamun jeung babaturanana moro bajing. 
Resep ku ayeuh-ayeuhanana. Bajing teh ngarusak buah kalapa, kalapa 
dibolongan terus dihakan dagingna. Lamun moro bajing,  biasana 
lobaan, kaasup anjing. Salah saurang naek kana tangkal kalapa nu aya 
bajingna. Biasana bajing sok lumpat kana pucuk atawa lamun aya 
tangkal sejen nu deukeut ngajleng kana tangkal sejen. Keur supaya 
ulah ngajleng, tatangkalan nu sejen oge ditaraekan, bari dikeper-
keper, supaya bajing sieuneun teu ngajleng kana tangkal eta. Lamun 
geus kitu, bajing lumpat kana pucuk, tinggal dikeperkeun we kunu 
naek, bajingna ngajleng, ngalayang ka handap, murag kana taneuh. Nu 
di handap pahibut, bajing dikepung diteunggeul. Tapi nu aranna sato 
hirup, sakapeung mah eta bajing teh bisa nyincet, terekel deui naek 
kana tangkal nu pas teu aya nu ngajaga. Atuh kapaksa ditaraekan deui, 
tepi ka beunangna atawa mabur leungit duka kamana ..........

Mang Ape teh lamun moro bajing, tukang naekan tangkal. Manehna jago 
pisan naek, naek kana tangkal kalapa sababraha hiji ge, jiga nu teu 
aya kacape jeung boga kaleuwihan lamun naek tatangkalan teh manehna 
bisa pindah tina tangkal nu ditaekan, kanu tangkal nu sejenna, 
gugurayangan siga .......monyet. Komo lamun di kebon awi mah, tara 
turun kana taneuh, gugurayangan dina dapuran tangkal awi, ngudag-
ngudag bajing nu sarua ajleng-ajlengan dina tangkal. Lamun euweuh 
manehna, teu resep moro bajing teh, sabab nu sejen mah, garampang 
cape, kakara naek opat-lima tangkal kalapa oge, geus ngalungsar.

Hiji waktu, waktu kuring keur ulin di kebon, ngadenge nu ayeuh-
ayeuhan. Geus teg weh nu moro bajing. Gancangan muru ka tempat eta, 
bari dituturkeun ku Si Bopih jeung Si Neri, anjing kukutan. Nu moro 
teh geuning rada jauh, asup ka kebon anu rembet, loba tangkal 
kawungan, jeung ceuk cenah loba jurigan. Jog kuring tepi ka tempat nu 
moro, kasampak jelema geus ngariung, marawa paneunggeul dihandapeun 
tangkal kawung, Mang Ape keur nerekel naekkan tangkal kawung. 
Sadayana tatanggahan nungguan Mang Ape tepi ka luhur. Geus tepi, Mang 
Ajuk ngagorowok :
"Pe, keperkeun tah nu lebah dinya, tadi lumpatna kalebah eta"
"Lumpat ka pucuk, ke tungguan heula", ceuk Mang Ape bari terus 
norobos kaluhur.
Tapi geus tepi ka pucuk, tihandap nu katingali ngan bujur Mang Ape 
wungkul, Mang Ape kalahka ngajenjen, nu dihandap terus tatanggahan. 
Teu kungsi lila Mang Ape ngagorowok:
" Bulan naon ieu teh, euy?"
" Mulud, tanggal tilu!", ceuk nu dihandap.
"Bulan Mulud? !!!", Mang Ape siga nu kaget, terus turun tuturubun. 
Geus dihandap, manehna hariweueus dina deukeut pucuk teh aya sato 
sagede anjing, nu jelas lain bajing. Nu dihandap aya nu ngomong :
"Careuh meureun Pe, lain dikeperkeun wae atuh"
"Teuing careuh, teuing naon, uing kakara nempo, tapi ayeuna bulan 
Mulud, hayu ah .....urang baralik we", ceuk Mang Ape teh kalahka 
ngajak balik.

Kacida kuring hanjeluna, da geus kabayang moro careuh, tangtu leuwih 
resep deui, Tapi ras oge dongeng Nini yen di bulan Mulud teh pantang 
tataekan, nuaran kai jeung moro sato. Ceuk cenah bisi pahili moro 
kajaden nu dina bulan Mulud teh nuju ngabring ka Cirebon nyekar ka 
Makam Sunan Gunung Jati ti tempatna ti leuweung Sancang di Garut. 
Duka sato naon, nu kapendak ku Mang Ape teh dugi ka tuturubun turun 
kitu, tepi ka ayeuna oge kuring lamun inget, sok panasaran.


WALUYA







Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke