Aya nu kalangkung, mie instan buatan Joop Ave... Aya nu uninga merekna? Hi hi...


Jadi inget adi kuring basa sakola keneh, kuring kungsi nanya,
"Jeung naon ari dahar di kosan teh?"
"Gepuk"
"Hebat atuh euy, naha dibere duit gede kitu ku Ema?"
"Gede kumaha, teu jauh we jeung akang baheula... Maksud gepuk teh, gep kurupuk, gep kurupuk..."

Ayeuna ki adi teh bumen-bumen di Garut, jadi Wakasek di SMPN... sabaraha lah poho deui, kitu cenah mah basa dua bulan ka tukang balakecrakan di lembur sadulur-dulur... Malah bari jeung nyekel hiji SMP swasta... Syukur, Jalu... Kudu peurih memangna oge lamun hayang peurahan mah...


AJ

Roro Rohmah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Hue…he…heh…ari si Akang, pan saur abdi ge,”tips” sanez resep…
Resep rupi2 Ndog mah naroskeun ka Cep Google atanapi Neng Googlewati, sok geura ngaburulu.
Sapuk Kang Ibnu, anak kos mah "wajib" aya kecap, uyah, sambel & saos, teu aya rencangna ge nyaa...lumayan dari pada lumanyun...
Leres saur Kang Ndul pameget mah tong lieur2 ngemutan masak, gampil keneh mezer kantun blewek…wareg…euuugg…terabbb!
 
Anak kos mah biasana ge sok ngemih sanes? Nya siapkeun we atuh saminggueun :
Senen : Indomie
Salasa : Supermi
Rabu : Mi Sedap
Kamis : Salami
Jum’at : Mi ABC
Sabtu biasana sok hoyong selera Padang tah nganggo Mi Kare…nu kuahna kuled ku bumbu.
Minggu sok resep udar-ider tah bekel we Pop Mi ateuh…. Heheh.
 
Baraya, sok ngadangu resep buhun namina “Kuah Meong”. Pami pun Nini teu kabujeng masak anjeuna the sok ngadamel Kuah Meong, siganamah cocok kanggo anak kos. Kunaon disebat Kuah Meong, saurna the pami meong dipasihan etah kuah bakalan sedepeun….gampil pisan masakna.
 
Bahan :
Sapanci cai bersih, uyah sareng pecin.
 
Carana :
Gulakeun cai na panci, tos ngagulak , purulukan uyah sacekapna, pecinan, pidangkeun….mudah bukan? Eh, gampil sanes? Heheh…
 
Nu nembe mah resep buhun pisan, pan ayeunamah seueur bumbu masak siap saji. Pami hoyong nu rada raos tong ku uyah tapi ku Masako, Royco atanapi bumbu masak sanes nu rasa Sapi atanapi Hayam, tambihan wortel, seledri, kentang, buncis, janten we sayur sop…komo bari ditambihan ku kerewedan mah, pedo pisan….hihih.
 
Sumangga geura praktekkeun Kang… pami tos asak kade tong he love kintunkeun saencret mah ka Bandung...nya... :)
 
cr


>>> [EMAIL PROTECTED] 04/18/06 09:30AM >>>
Kumaha ieu the hanas dibaca resep masak endog da kuring oge budak kos, bet pabaliut carita kepiting sagala teu nyambung mana resepna........ieu tehhhhh
 
Aduh lamun ceuk tukang ng"o"r"o"ng duka lebet kana naon narasi atawa roman atanapi naon
 
Pundung ieu mah...........
Pokokna mana resep masak endog-na, sim kuring oge bade di ajar masak endog
 
Resep......resep .....resep
 



Love cheap thrills? Enjoy PC-to-Phone calls to 30+ countries for just 2¢/min with Yahoo! Messenger with Voice.


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Reply via email to