Ti awit jaman Gupernur Nuriana keneh, JABAR teh tos
seueur persoalan. Ngan harita mah meureun masarakat
teh can wani ngabolekerkeun 'borok' sorangan. Ayeuna,
jaman anu pinuh ku tuntutan transparansi jeung "good
governance", masarakat leuwih wani jeung kritis, tapi
pola pikir (mindset) para birokrat masih rada
tinggaleun. Hese migeuykeun para birokrat supaya
leuwih gesit sabage abdi masarakat. Jalma pinter di
kalangan birokrasi tos ngalayah/pabalatak, tapi can
bisa jadi hiji tim anu solid jeung jadi sinergi
ngarobah kaayaan nyejahterakeun masyarakat. Sigana wae
"strategi kabudayaan" ti para gegeden birokrasi JABAR
aya nu salah.

Waktu kamari "ngobrol" sareng Kang Teten Masduki
(ICW), anu tos ngurilingan sa Indonesia, cenah mah,
kabupaten jeung propinsi anu leres nerapkeun otonomi
daerah ngan Kabupaten Jembrana di Propinsi Bali, anu
bupatina dicangking ku dokter Gigi urang Banyuwangi.
Jadi propinsi sareng kabupaten/kota anu sanesna,dina
nerapkeun otonomi daerah ngan "ngawadul" wae.(mangga
diilo deui, seratan kang Teten Masduki anu
dipostingkeun ku kuring).

Tah, ayeuna mangsana "nagih" ka pakempelan RUWAT
Sunda, salami ieu, naon wae anu tos dipidamel teh?
Tagih ka anggota DPD JABAR di DPR, naon anu tos
diperjuangkeun? KUSnet, tos sabaraha puluh ngadegkeun
pabukon? Ka para Wargi KUSnet,  lamun enya nyaah ka
KISUNDA naha tos ngeusian kencleng KUSnet?
(kuring ngacung......teu acan ngeusian kencleng).


baktos,

mrachmatrawyani

--- Dedi Supriadi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> baraya, asa sedih maca ti detik yen jabar teh juara
> ka hiji. ngan hanjakal juara ka hijina teh nyaeta
> juara nu panglobana kelas nu geus raréyod. emh,
> teungteuingeun euy... naha bener kitu ieu teh?
>

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke