Hatur nuhun, Kang Oman Abdurahman, kana eta koreksi sareng nyuhunkeun dihapunten kusabab ejahan kuring nu lepat : sakedahna Manisri (sanes Manistri). Eta nami (nu leres) dipendakkeun mah dina daptar nami raja-raja karajaan Kendan / Galuh (SEJARAH BOGOR Diterbitkan oleh Panitia Penyusunan dan Penerbitan Sejarah Bogor bekerjasama dengan PAGUYUBAN PASUNDAN Cabang Kotamadya DT II Bogor).
 
1. Resiguru Manikmaya ( menantu A.7 dikendan ) 516 . 568 M
2. Suraliman Sakti 568 . 597 M
3. Kandihawan Rajaresi Dewaraja ( Medangjati ) 597 . 612 M
4. Wretikandayun ( di Galuh ) 612 . 702 M
5. Mandiminyak 702 . 709 M
6. Bratasenawa ( Sena ) 709 . 716 M
7. Purbasora ( kemenakan B.5 716 . 723 M
8. Sanjaya Harisdarma ( putera B.6 ) 723 . 732 M
9. Tamperan Barmawijaya 732 . 739 M
10. Manarah ( cicit B.7 ) 739 . 783 M
 
*11. Manisri ( menantu B.10 ) 783 . 799 M
 
12. Tariwulan 799 . 806 M
13. Welengan 806 . 813 M
14. Linggabumi 813 . 852 M
 
Baktos, Kang Denis
 
----- Original Message -----
Sent: Sunday, April 23, 2006 11:14 PM
Subject: [Norton AntiSpam] Re: [Urang Sunda] Gunung Puntang

Kang Denis,
 
Anu dimaksad teh "Manisri" putrina Tarusbawa anu ditikahkeun ka Resi Manikmaya teras aranjeunna dumuk/janten raja-pramesuri di Kendan (sabudeureun Nagreg ayeuna)? Punten upami teu kaabotan diantos pedaran saterasna eta bagian tina Carita Parahiyangan. Teu aya sanes si kuring asa nembe nguping aya tokoh "S. Manistri". Anapon tokoh Manisri (teu nganggo "t") kasebat dina Naskah Wangsakerta (anu jadi sumber seratan buku-buku sajarah Tatar Sunda yasana Kang Saleh Danasasmita).
 
Tina pertikahan Manikmaya + Manisri lahir Kandiawan + Kandiawati. Ti salah saurang aranjeunna lahir Wretikandayun anu mimiti ngadegkeun Galuh, kl abad ka-7. Harita, Sang Prabu Tarusbawa masih jumeneng. Nya dina mangsa Wretikandayun sawawa, anjeunna kalayan "jantan" (gentlement) menta ka Tarusbawa sangkan karajaan Sunda Sembawa dibagi dua, jadi Galuh jeung Sunda. Nya ieu dua karajaan gede anu watesna walungan Citarum tea.
 
baktos,
manAR  

 
On 4/24/06, Denis Rivard <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Ari silsilahna (asal-muasalna) gunung Puntang, saurna eta gunung diwastaan Puntang katawis kamus Bahasa Sunda Kuno Indonesia (KBSKI) ti wasta tempat dina carita Parahiyangan, padumukan S. Manistri.
 
Baktos, Kang Denis
 
----- Original Message -----
To: u s
Sent: Saturday, April 22, 2006 9:14 AM
Subject: [Urang Sunda] Gunung Puntang

 
salam ka parawargi sadaya.....
wilujeng malem minggon....
 
bilih aya parawargi anu kampungna caket ka gunung puntang di banjaran yeuh!...
atanapi anu uninga Gunung Puntang, dupi silsilahna beut di sebat Gunung Puntang teh naon?
di antos pisan infona
salam...
rgds,
 
ratna


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke