Leres pisan pasar kaget atawa pasar dadakan teh sok disebat oge pasar
kojengkang ( sakojengkang/sakeudeung). Kiwari loba ngaran pasar anu teu
sesuai deui jeung kaayaanana, contona di batawi aya ngaran pasar ular tapi
kanyataana euweuh hiji hiji acan anu ngajual oray, nu jelas pasar nu ayana
diwewengkon tg.priok ieu kaasup pasar loakan ex impor. Kitu deui di
jatinegara aya pasar jangkrik tapi mun meuli jangkrik kadinya moal aya, atuh
aya deui pasar anu tinggal ngarana wungkul  pasar ikan ( jadi palabuhan)
kiwari pasar pelelangan ikan teh pindah ka muara karang. Nu disebut pasar
pagi oge mukana teu isuk isuk tetep jam sapuluh kaluhur. Sabagean ngaran
pasar dibatawi  sok dingaranan sesuai jeung poe pasarna waktu baheula,
contona pasar minggu, pasar senen, pasar rebo, pasar kemis(nyingcet ka
tangerang) , pasar jum'at. Ngan aneh naha euweuh pasar salasa jeung saptu?
Cing naon sababna? Ceuk nu rahul, baheula pasar teh bruk brak disisi jalan
kawas lapak, jadi sok aya penertiban ku patugas trantib, tah kusabab
penertibana maranti saban poe salasa jeung saptu, jadi poe eta mah tara
jarualan, nya antukna nepika ayeuna can aya nu ngaran pasar salasa jeung
saptu, duka mun diwewengkon sejen mah. Di wewengkon indramayu cenah aya
pasar jodo? Beu mun tea mah enya aya, kawas nu jualan sorabi we meureun mun
teu laku teh daripada haseum, antukna di obral. Cag ah bisi loba salahna.
sr
----- Original Message -----
From: <[EMAIL PROTECTED]>
To: <[email protected]>
Sent: Monday, April 24, 2006 3:59 PM
Subject: RE: [Urang Sunda] poe kartini (?)


> Ari dilembur simkuring mah sok disebutna teh  " pasar kojengkang ",
> ti bada subuh nepi ka jam 8an biasana mah. leres kitu. . ?
>
> Salam.



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke