Kang Nanang ,
panginten eta rangda teh namina bi acah tukang hayam, anu carogena maot katabrak gandengan tea :)


Nia

-----Original Message-----
From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Behalf Of ndoell
Sent: Wednesday, April 26, 2006 4:42 PM
To: [email protected]
Subject: [Urang Sunda] Carpon : Si Jay Maot


-Si Jay Maot-



Isuk-isuk, Jay geus hudang, jandela kamerna dibuka, hawa tiis meni
karasa nyiwit kana kulit, ngarembes kana jero tulang jeung sumsum.
Réngsé solat subuh jeung nginum ci hérang haneut, rap maké baju
training, kaos singlet jeung sepatu jogging. Di lieuk, indungna keur
dzikir keneh luhureun sajadahna.

Mun keur kitu biasana mah sok nepi ka ragragna cahaya panon poe.
"Ema..., Jay kaluar heula nya...!", Jay ngahauk bari indit.

Jalan pilemburan geus rada ramé. Loba nu geus arindit najan poé
peré oge. Jay leumpang mapay-mapay jalan nu baheula kungsi katapakan
unggal poé. Hiji dua papasan jeung urang salemburna, Jay ngan unggeuk
hormat, kitu deui nu diajak unggeuk, bari teu tinggaleun méré roman
nu tugenah.

Nepi ka tungtung jalan gedé, Jay balik deui. Késangna meni ngoprot.
Di tanjakan cibacang, reg Jay eureun. Kabenaran panggih jeung si
Diman, batur sakolana baheula nu ayeuna jadi sopir angkot.
"Man !", bari liwat Jay nepuk taktak si Diman nu keur luak-lieuk
neangan penumpang, si Diman ngorejat.
"Eh..Jay!, aya di lembur geuning ? iraha datang ?", ceuk si Diman
semu ku bungah.
"Ti kamari....", Jay ngajawab, tuluy nyarandé kana mobil angkotna
si Diman. Ditoong téh, kosong kénéh, can aya panumpang hiji-hiji
acan.

"Eh..Jay, kabeneran  panggih yeuh"
"Aya naon, Man ?"
"Lain euy....keur peuting téh, uing pan mawa penumpang, budak awéwé,
geulis deuih, nanyakeun imah manéh..."
"Heh ? iraha ? ", Jay curinghak." Trus ?"
"ku uing téh dituduhkeun imah manéh, ngan ceuk uing téh,  si Jay-na
mah teu aya didieu, di Jakarta. Dikitukeun téh jiga nu bingungeun eta
budak téh. Teu nyaho mun manéh keur aya didieu...., mun nyaho mah....
dibéjaan meureunan", si Diman rumasa salah.

"Hmm....tuluy... éta budak awéwé téh kamana ...?", si Jay nanya deui.
"Meuting di imahna ceu Juju....", jawab si Diman deui.
"Ceu Juju ? nu rangda téa di kampung Lurah ? naha geuning bet meuting
didinya ?"
"Enya, ceu Juju pan samobil peuting téh, balik ti Bekasi cenah. Naék
téh bareng ti terminal jeung budak awéwé téa. Karunyaeun nempo éta
budak geus lungsé capéeun tuluy wé nawaran meuting di imahna.
Hanjakal, ka uing mah teu nawaran meuting ceu Juju téh....", ceuk
si Diman deui bari seuri.
"Ah....manéh mah..." témbal jay.

Jay mikir sakeudeungan. "Saha nya, nu néangan téh ?
Nya atuh, Man....cik rék disampeur ka imahna ceu Juju atuh nya,
meungpeung isuk sugan aya kénéh", ceuk Jay bari nepak taktak si
Diman.
"Nuhun nya !"
"Enya Jay, sori yeuh teu bisa nganteur", bari nyéréngéh seuri.


Jay ngan seuri leutik, tuluy gura-giru satengah lumpat leumpang
nanjak, mapay-mapay jalan rada katonggoh, da imah ceu Juju mah rada
pajauh jeung imah tatanggana. Eta gé rada poho-poho deui, da geus
mangtaun-taun teu ngulampreng ka dinya. geus loba nu rarobah.
Padahal mah baheula si Jay tukang ngaprak ulin. Teu beurang, teu
peuting. Ti saprak gawe di Jakarta aya tujuh tauna, ari balik ka
lemburna téh ngan saukur mun lebaran wungkul. Bari teu lila, da
kudu asup digawé deui. Maklum da digawé di swasta mah kudu
nalipak manéh, teu bisa sangeunahna.

Geus tilu poe si Jay aya di lemburna. Ngahaja cuti, rék niiskeun
pikir.

Teu lila, Jay anjog ka buruan imahna ceu Juju. Sepi, ngan pantona wé
molongo. Keur luak-lieuk téh, torojol wé ceu Juju ti gigireun imahna,
bari mawa baskom plastik jeung émbér kosong. Jigana mah tos moékeun
seuseuhan.

"Eh....geuning aya cép Jay.., tos lami ? mangga atuh kalebet...",
ceu Juju buru-buru mukakeun panto pager imahna bari memeres tiungna
jeung kancing dasterna nu rada ngablak. Awakna nu bahenol nérkom,
kacida ngeplak dibungkus ku baju daster warna beureum, béngras pisan
jeung kulit awakna nu bodas. Mun ceuk lagu mah, awakna ceu Juju téh
jiga piul, buntutna ngaguruntul, mun leumpang ngagéboy jiga buruy.
Emh....ck..ck...teu sadar Jay ngalamun.

Jay luak-lieuk heula sakeudeungan, tuluy asup ka buruan imahna. Aya
rasa hariwang na jero dadana. Kumaha mun kapanggih kubatur ? bisi
pajarkeun kumaha isuk-isuk rebun geus nyampeurkeun ka imah rangda.
Ceu Juju téh hirup sorangan. Salakina nu supir treuk maot kacilakaan
kurang leuwih sataun kamari. Rangda téa pan kumaha. Komo rangda
bahénol mah.

"Tos wios ceu, diluar waé", ceuk Jay
"Eh...naha atuh, teu nanaon, ngopi-ngopi atuh dilebet mah, ceuceu
nembe ngagoréng boléd meunang ti kebon kamari, haneut kénéh geura",
ceuk ceu Juju bari rada maksa. Jay beuki murengked.

"Wios ceu, Kaleresan ngalangkung wé ieu mah, ceu. Badé naros, pendak
sareng si Diman bieu di péngkolan Cibacang, cenah wengi téh aya
panumpangna nu milarian abdi, mung ngawengi dirompok ceuceu,
leres éta téh ?"

"Ké..ké...éta nu istri téh, leres rencangna cép Jay ?, Muhun cép,
leres aya, ngawengi didieu da karunya capéeun. Tadina mah bade
dijajapkeun ka bumina Cép Jay, mung tos tabuh satu wengi atuda"

Ceu Juju eureun nyaritana heula sakeudeungan bari merong ka
pameunteuna Jay. "Cik, urang sauran nya..", ceuk Ceu Juju bari
moro ka jero imahna.

Keur kitu, ujug-ujug torojol we di jero imahna ceu Juju aya nu
kaluar. Barang dilieuk, gebeg...si Jay ngagebeg. Haténa dumadakan
tagiwur. Asa bungah jeung reuwas. Asa teu percaya kana tetempoana.

Jay melong ka wanoja nu keur melong ogé ka manéhna. Panonna katingali
celong, jiga nu kurang saré nu lila-lila eta panon téh ngeyembeng ku
cipanon. Gabrug, éta wanoja ngagabrug Jay, tuluy hing ceurik
balilihan.

Jay bingung, teu puguh nu dipikir. si wanoja beuki tarik nangkeup.
Jay, bakat ku sono, reuwas jeung bungah, katambah bingung, ngan
bisa ngusapan tonggong si wanoja. Wanoja nu geus ngeusi hatena mang
taun-taun lilana.

Ceu Juju bati olohok kembang kadu ningali kajadian kitu téh, teu
ngarti.

"Kang...teu kunanaon geuning ?",  wanoja nanya ka Jay bari angger
nanangkeup.

Jay ngan bisa neuteup pamenteu éta wanoja, bari ramona ngusapan
pipina nu cirambai ku cipanon.

"Nyai...kunaon ieu téh....aya naon ? Naha aya didieu ? Akang teu
ngartos...", Jay nanya lalaunan.

Bari dumareuda Nyai nyarita lalaunan. Sorana pegat-pegat.
"Kamari, Nyai kenging béja cenah akang téh maot, matakna Nyai
langsung ka dieu. Dugi kadieu turas taros téh, teu aya béja-béjana
acan soal akang téh. Nyai jadi bingung, untung wé aya ceu Juju nu
nawisan keur kulem, ngan sawewengi Nyai teu tiasa kulem mikiran bisi
enya béja éta", ceuki Nyai bari hing deui ceurik,
beuki tarik nanangkeup.

Jay beuki teu ngarti. Pikiranana ujug-ujug kumalayang.
Leng.......awakna asa ngoleang.....
Gubrag !
si Jay tuluy kapiuhan, teu inget dibumi alam.

..................................

Teu lila, bray panonna Jay beunta,
"Naha bet aya dikamer kost-an ?", ceuk pikirna.
tuluy si jay hudang.....rurat-rérét,
Mana Nyai ? mana ceu Juju ?

Sirah jeung tonggongna karasa nyeri. 
Jigana urut labuh tina ranjang.
sihoréng téh ngimpi euy....
heu heu.......
Jadol !




Depok, 25 April 2006




-Ndoell-
nuju diajar ngorong..eh ngarang







Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id

Yahoo! Groups Links








Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke