Baraya,
 
Masih emut ka paguron "the cosmic-link"-na Kang Aas? Jejer ieu kantos dipostingkeun sababaraha bulan ka tukang. Kanu hilap atanapi hoyong terang deui eta seratan, mangga geura pariosan wae alamat ieu: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/message/12560  .
 
"The Cosmic-Link" teh konsep atawa eusi pelatihan jeung kagiatan sanesna ti paguron anu dipimpin ku Kang Aas Rukasah. Anjeunna salah saurang ahli "tenaga dalam" anu ngamanfaatkeun kaahlianan pikeun nuwuhkeun sumanget, motivasi, ajen diri, jeung sabangsana, ka murid-muridna atawa saha bae anu ngiring pelatihan-pelatihan anu dilaksanakeun di padepokanana di Pasir Impun, Bandung. Tiasa disebatkeun sakelas sareng eusi pelatihan-pelatihan anu ayeuna keur mahabu samodel :"spiritual quality", "inner beauty", jst.
 
Murid Kang Aas tos sumebar sanes wae di Indonesia, tapi nepi ka luar negri oge, diantarana: Suriah, Libanon sareng sababaraha nagara di Eropa. Kasangtukang murid-muridna oge rupi-rupi, aya tentara, karyawan perusahaan oge umum. Hasil pelatihan anjeunna-numutkeun laporan Kang Dadang (salah saurang ahli perkebunan urang Cibatu, Garut anu cukup dipikawanoh di Jawa Timur, Sulsel, Kalbar sareng sababaraha provinsi di Indonesia beulah wetan) kalintang nyugemakeunana. Pikeun conto, kang Dadang kungsi ngayakeun pelatihan tatanen sayur-mayur, dina eta pelatihan Kang Dadang ngayakeun eksperimen: peserta pelatihan melak sayur. Kalawan bimbingan "pemotivasian" ti Kang Aas, hasil tatanen sayur mayur peserta pelatihan dina sjero 3 bulan teh mucekil: ngungkulan waragad (kontrak) pelatihanna sorangan (jadi wae si Kang Dadang untuk manglipet-lipet: nya tina kontrak ngayakeun pelatihan + hasil karya peserta pelatihan salila acara lumangsung).
 
Sajabi ti ahli "pemotivasian", Kang Aas-anu anjeunna lulusan teknik mesin salah sahiji paguron luhur di Bandung - oge ahli lukis otodidak. Lukisanana mibanda wanda mandiri jeung aya onjoyna dibanding lukisan pelukis sanesna. Dina satiap lukisanana Kang Aas teu weleh ngotretkeun kasangtukang, eusi simbol-simbol jeung maksud eta lukisan dina basa anu singget tapi ngeusi. Nya tangtu wae naon anu ditepikeun ku lukisanana teh ngadugikeun konsep-konsep anjeunna dina enggoning ngalatih karakter diri. Salah saurang anu ngoleksi lukisan anjeunna nyaeta tokoh perfilem-an almarhum Bapa Asrul Sani.
 
Tah, pakait sareng lukisan ieu, Kang Aas sareng mitrana Kang Dadang bade ngarencanakeun pameran di Bandung.  Ancer-ancer waktuna: bulan Juni 2006. Aya hal anu matak pikareueuseun jalaran ieu acara kenging pangrojong sareng pangdeudeul aktif ti Kang Ajip Rodisi + Yayasan Rancage-na. Kang Ajip kalintang ngaapresiasina kana lukisan-lukisan Kang Aas sareng kagiatan anjeunna dina wadah "the cosmic-link" (harita, waktu Kang Dadang nepungan Kang Ajip di bumina di Magelang, Mj oge keur sami nepungan Kang Ajip. Harita si kuring anu keur di kabuyutan Panjalu sms-an + teteleponan sareng Mj oge Kang Dadang). Ku alatan ieu, Alhamdulillah, Kang Dadang anu gaduh kaahlian anu geus bukti di lapangan dina widang perkebunan, parantos tepung sareng Kang Ajip (si kuring neundeun harepan gede, kaahlian Kang Dadang dina widang perkebunan tiasa manfaat kanggo masyarakat Jawa Barat). Malah nembe Kang Dadang ngawartosan anjeunna bade hadir oge dina acara pangleler hadiah Rancage Taun 2006, Saptu, 29 April 2006 di UPI, Bandung.
 
Kapayun, aya rencana Kang Aas hoyong go international, pameran lukisan di mancanagara. Anu rada kairong teh dimimitian di Perancis. Ongkoh deui, katompernakeun ayeuna ieu teh dadak dumadakan si kuring ditepangkeun jeung urang Perancis, wanoja, anu carogena urang Garut, salah saurang juragan dodol Garut (dodol nyaan ieu mah). Kayungyun ku anjeunna anu nya tos lancar basa Indonesia teh nya dijilbab deuih. Anu sanesna, si kuring oge alhamdulillah ditepangkeun sareng salah saurang ti lingkungan Unpad anu kantos diajar di Perancis (tangtu wae maher basa Perancis) tur seueur balad-baladna di KBRI Perancis. Aeh......ongkoh deui....apan aya Kang Ganjar sareng Kang Asep Juarna nya, asa kudu leuwih sumanget ngabajoangkeun cita-cita Kang Aas, pameran go international dimimitian di Perancis, nagara/bangsa anu kamashur ku senina.
 
Rupina sakitu wae heula ieu laporan teh. Pamugi aya manfaatna sareng hapunten bilih seratanana panjang teuing.
 
baktos,
manAR 
 
 
 
 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Reply via email to