Tah....geuning...! teu aya niat rek ngagogoreng agama sim kuring mah..!
Tapi aya oge haji anu..........?? Haji juga manusiaaaa....!
 
Emod
 
On 4/26/06, waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kang Emod anu Lucu sareng Kang Edi, saleresna ieu "heureyy Haji" teh
(ngaheureuykeun Haji) geus ilahar diurang. Malah salah sahiji lagu
Sunda nu populer oge, dijudulan "Sorban Palid", sanajan lirikna mah teu
ngaheureuykeun Haji, tapi tetep jadi patarosan, naon maksudna kecap-
kecap: "Kang Haji sorban palid", naha henteu Kang Lurah wae?

"Heureuy Haji" saleresna teu aya niat ngagogoreng Islam tapi
mangrupakeun kritik sosial.  Gelar Haji, diurang dianggap gelar "suci",
jadi jalma nu geus haji, sakuduna gaduh sikep nu "suci", tara
ngalakukeun hal-hal nu dianggap goreng. Lamun nu boga gelar Haji tetep
ngalakukeun hal-hal nu dianggap patulang tonggong jeung niley-niley nu
dianut ku masyarakat, masyarakat TEU NARIMA, akibatna mucunghul
heureuy. Naon sababna jadi heureuy, henteu protes? Nu boga gelar Haji
jaman baheula, umumna jalmi nu gaduh pangaruh, inohong lah. Jadina ukur
jadi bahan heureuy, lir ibarat si Cepot jeung si Dawala ngageuhgeuykeun
dununganana, Arjuna, nu resep kawin .........

Baktos,
WALUYA

--- In urangsunda@yahoogroups.com, Emod Morales <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:
>
> Leres ari kitu onaman kang Emod.... tapi ari dibaca ku nu saliwat tea
mah matak awon kasebatna, cenah haji tapi ....
>
>   Sugan we eta jalma nusaliwat teh macana salapan puluh salapan
balikan, ceuk Ary Ginanjar Agustian mah..!
>







Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
   http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
   [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
   http://docs.yahoo.com/info/terms/






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Reply via email to