Waalaikumsalam wr. wb.
Abdi seja ngahaturkeun nuhu ka Kang Ikmal sakulawargi nu parantos kersa janten tempat ngariung baraya sadayana. Mugi kasaean Kang Ikmal sakulawargi dicatet janten pahala ku  Allah Swt.
Hapunten bilih abdi sareng wadyabalad (tiluan) kirang sae dina basa sareng tingkah paripolah. Maklum abdi mah teu daek cicing, upami cicing wae jadi ngahuleng teras lieur, hehehe........bruk weh labuh.
 
Baktos,
ika

ikmals <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
 
Assalamu'aklaikum Wr. Wb.
 
Kahatur ka kadang baraya anu dimana wae ayana hususna anu tiasa ngaluuhan acara kopdar kamari di Subang, abdi salaku anu kaeunteupan pancen bade ngahaturkeun nuhun ka sadayana -moal di wiji-wiji sareng di wilah-wilah iyeu mah KUM wae ka sadayana- kana sagala perhatosan sareng kadongkapan nana, mani reueus ka baraya, ti suklak ti sikluk dongkap hoyong manjangkeun tali silaturahmi sareng babarayaan papada urang sunda.
 
bilih dina panampian teu sapagodos sareng implengan anu ngadeudeul, tawakup wae nyuhunkeun dihapunten, dalah bade di kumahakeun da mung sakitu buktosna. Bilih aya basa anu nyogok, kecap anu nyugak myuhunkeun kajembaran nana, mugya di lubarkeun wae!!
 
hatur nuhun,
 
baktos
ikmal sakulawargi
 
PS: anu dongkap jumlah-jamleh aya 86 urang!!
 


Blab-away for as little as 1ยข/min. Make PC-to-Phone Calls using Yahoo! Messenger with Voice.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke